Assalamu’alaikum wr. wb
Puji sinareng sukur hayu urang sanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni acara Paturay Tineung, wireh lanceuk kelas urang sadayana bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami genep taun.
Teteh miwah Aa anu kusimkuring dipikareueus!
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh simkuring sasarengan sareng Teteh miwah aa, nyuprih elmu di ieu tempat. Estuning karaos pisan kanyaah sareng pangaping ti teteh sareng aa teh, tapi takdir teu bisa dipungkir, kadar teu beunang disinglar, aya mangsana tepang, aya mangsana mulang, sapertos anu dicarioskeun ku Imam Syafi’I laufantum halawatal wuslah la’aroftum marodatal qotiah, lamun anjeun pernah ngarasakeun amisna cinta mangka anjeun bakal ngarasakeun paitna pipisahan.
Teteh sareng Aa anu ku simkuring dipikareueus!
Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola teh, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring sareng Teteh miwah Aa diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas, boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan . Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu namper dina ati sareng sanubari.
Mugia elmu pangaweruh anu katampi ku Aa miwah Teteh tiasa nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun, sing janten mangpaat di dunya rawuh aheratna.
Saterasna pirang-pirang kasaean Teteh miwah Aa ka simkuring saparakanca, anu janten rai kelasna estuning katampi pisan. Teu tiasa ari males eta kasaean mah, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining kasaean anu parantos dipaparinkeun ka simkuring saparakanca sing dibales ku ganjaran anu langkung sae ti Allah Ala Wa Zalla. Amin
Teteh miwah Aa anu sarasa, sajiwa tur sawirahma
Bawiaraos, salami sasarengan di ieu sakola teh tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu teu saluyu sareng manah. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.
Thursday, March 7, 2019
Pidato Perpisahan Bahasa Sunda
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment