Tunangan téh salasahiji ciri seriusna beungkeutan tali asih. Biasana, jadi salasahiji tahap dina nikah. Maksudna mah ngiket calon panganten sangkan teu bébas deui narima nu séjén. Teu lunca-linci deui. Manéhna gé sering ningali dina medsos. Babaturanana selfy ngaréndéng jeung papacanganana, seuri gumbira bari némbongkeun ramo nu make cingcin. Aya ogé ketang, ari babaturanana nu rada éraan mah ukur moto ramona wungkul, atawa adegan ngasupkeun cingcin kana jarijina. Sakapeung milu bagja, nya sok nga-like atawa komen ngawilujengkeun bari ngadu’akeun sing lancar nepi ka nikah.
Kamari di medsos manéhna gé ningali deui poto ramo nu ningalikeun cingcin. Babaturana ogé. Henteu ngaréndéng. Poto di gunung ieu mah. Ningalikeun cingcin dina latar pamandangan gunung.
“TUNANGAN!” gerentesna. Tuluy semu ngarahuh bari nutupan beungeutna make bantal. “Ah, ulah dipikiran teuing atuh lah, kudu buru-buru peureum isukan bisi kabeurangan ka sakola.” Gerentesna deui ngomong ka dirina sorangan.
***
“Héy! Amira, kumaha damang?” pokna bari imut. Imut nu jadi ciri has manéhna. Imut nu sok jadi kareueus manéhna tur dipikagandrung ku babaturan jeung adi-adi tingkat wanoja di jurusanana baheula.
“Eh, A Aji. Alhamdulillah!” walonna bari malik imut. Rasa atoh sakaligus geumpeur nu campuh dina dadana, mampuh disamunikeun dina dedeg pangadegna nu salawasna katémbong kalem.
Saméméh mutuskeun ngajar di ieu sakola, manéhna geus apal yén peluang pikeun panggih jeung babaturanana nu hiji ieu gedé pisan. Wajar, da sakolana deukeut pisan jeung imahna. Ngan nu teu disangka, manéhna bet bisa amprok dina poéan kahiji pisan.
Balik sakola A Aji ngajak panggih di kafe tempat baheula biasana ngobrol. Siga nu eweuh kajadian nanaon. Padahal sataun katukang, manéhna mutuskeun moal hayang deui panggih, malah mun bisa mah sakalian anggap teu wawuh.
Jauh ti panyangka, kajadian-kajadian nu sataun katukang ukur natrat dina panineunganana, robah jadi kanyataan deui dina kahirupanana. Ngarasa balik deui ka jaman baheula. Diuk dina korsi nu baheula. Persis jiga baheula, pahareup-hareup jeung A Aji nu sakapeung maling-maling neuteup anteub ka manéhna. Tuluy A Aji mesen kopi mokacino, manéhna kopi hideung make gula saeutik.
“Masih kopi hideung, sabab ngarasa leuwih natural?”
Manéhna ukur unggek pikeun mere jawaban. Sabenerna, kadieukeun manéhna gé sering ngaganti kopi hideung ku kopi mokacino. Isuk mokacino, balik ngajar pasosoré mokacino ogé. Lain pédah resep. Ukur hayang ningali rupa kopi mokacino nu sering diinum ku babaturanana nu hiji ieu. Nyeuseup panineungan nu giung campur peuheur. Taya niatan pikeun ngahapusna, sina siga cai, tuluy ngamalir. Kitu kaputusanana.
Paguneman satuluyna, ngalér-ngidul siga sataun katukang. Seuseurian deui. Dicampur sempal guyon. Aya ogé nu seriusna. Cenah salila teu panggih téh teu boga batur wanoja deui. Éta kalimah jadi puseur paniténna. Numuwuhkeun sirung-sirung harepan dina tatuna.
“Jigana baheula téh ukur pédah teu siap lamun kudu mihukum sacara sah meureun San!” pokna ka sobatna Santi.
“Anéh ah, pan baheula basa ditanya rék daria atawa heunteu ku Bapa Téh Amira téh, lainna nyebut henteu lain?”
“ ‘Henteu’ didinya kontéksna bisa wé teu siap kudu mihukum, lain eweuh rasa tur niat sama sakali meureun. Bisa wé manéhna téh, aya niatan mah ngan nyaéta, teu siap. Jadi pikir manéhna, mending ngaleupaskeun dari pada ngaganggayong taya tungtung.”
“Teu siap finansial kitu Téh?”
“Nya bisa jadi éta gé kaasup, da ‘standar siap nikah’ manéhna mah lumayan luhur ogé.”
“Terus ayeuna rék dituluykeun deui kitu?”
“Jalani wé ayeuna mah, jigana moal ari jadian bari aya status kabogoh mah. Tapi indikator ngeunaan niatan hirup babarengan dina sahna nikah mah, jigana aya lah. Nya baheula gé da kitu, henteu jadian tapi paripolah siga nu jadian, ngan nya kitu lah!”
Saperti sasarina, babaturanana mah ukur ngadu’akeun unggal kaputusan nu dijieun ku manéhna. Ngadu’akeun sangkan geura ngambah rumah tangga pangpangna mah. Kapan éta nu dipiharep dina umurna nu geus teu ngora deui. Teu gampang cenah keur manéhna mah nikah téh. Nikah keur manéhna, lain ngan saukur perkara ngahijina manéhna jeung hiji lalaki. Leuwih ti éta, aya udagan nu kudu dituju utamana dina ngahasilkeun budak nu miboga kapribadian nu hade. Manéhna yakin, budak nu kualitasna hade téh, bakal lahir ti Indung Bapa nu kualitasna hade ogé. Sumawonna, manéhna guru. Tangtu ngarti pisan kumaha ari budak jeung sagala rupa pernak-pernik masalahna.
Lalaki anu bisa asup kana kritéria téh ceuk manéhna mah ukur A Aji. Nu ku manéhna mah sok dilandi ku mahluk logika. Sabab sagala urusan téh sok make logika, jigana kaasup soal rasa. Dina perkara pamadegan ogé, jeung A Aji mah éstuning sajalan. Jigana, pédah manéhna ogé sabenerna kaasup mahluk logika tur sok panceg nyekel idealismena, najan sakapeung sipat wanojana nu sok ngaheulakeun sual rasa, nyampak ogé di dirina.
Masalah Karesep ogé sarua jeung A Aji téh, naék gunung jeung kairut ku sabangsaning sajarah. Sering manéhna uplek duduaan di kafé téh, ngobrolkeun sajarah. Magunemkeun toponimi. Magunemkeun karajaan-karajaan baheula. Magunemkeun mahluk-mahluk mitos sabangsaning yeti nu cenah aya di gunung Himalaya, pégasus, naga anu dipatalikeun jeung élmu fisika sarta kalogisan séjénna. Lamun jeung Santi mah ngomongkeun nu kitu téh, jadi siga ceramah. Manéhna nu sibuk nerangkeun, Santi nu olohok ngadéngékeun, asa didongéngan. Tapi lamun jeung A Aji mah, paguneman kitu téh sok jadi bahan padungdengan nu ramé.
Dina perkara ngadidik budak gé, manéhna jeung A Aji mah sapamadegan. Siga perkara imunisasi. Manéhna mah sapamadegan jeung A Aji yén imunisasi téh teu kudu. Manéhna yakin, Gusti Allah nyiptakeun jalema téh lengkep jeung imunna, jadi teu asup akal lamun kudu make imun jieunan jalema anu uteukna teu sabaraha.
“Jiga jeung tunanganana waé geuning Téh Mir, nepi ka ngomongkeun kumaha ngadidik budak jaga.” Ceuk Santi, basa manéhna ngomongkeun paguneman malem minggu kamari jeung A Aji ngeunaan élmu parenting.
“Nya éta San, maksud indikator nu ngajelaskeun manéhna aya niatan bakal ngajak hirup babarengan téh. Malah geura San, geus nyiapkeun sesebutan budak ka urang duaan, lamun engké boga budak gé.”
“Ciyééé, wah éta mah neumbrak pisan atuh nya Téh. Nya mudah-mudahan lah Téh Mir, sing geura nyusul abi.”
“Ah teu miharep ayeuna-ayeuna ari éta mah San. Iwal, manéhna kaasupan jurig ti mana kitu, terus ujug-ujug pas ngobrol téh ngomong rék ka imah nepungan Indung Bapa. Hahaha!”
***
Peuting beuki ngolotan. Matana nu dipaksa dipeureum-peureum téh teu daék reup. Nu peurih dina dadana, beuki karasa ngararajét batin jeung ragana. DP A Aji sarta obrolanana dina BBM asa ngajeblag kagambar dina uteukna. Unggal kecapna maéhan sirung harepan nu geus ngarandakah dina implenganana.
“A, éta téh cingcin naon? Tunangan?” pokna dina DP BBM A Aji nu ramona némbongkeun jariji nu make cingcin.
“Lamun enya ku naon? Lamun henteu ku naon?”
Aya nu karasa ngarameus jajantungna. Manéhna narik ambekanana panjang. “Euh dasar mahluk logika telenges!” Laju jempolna ngetik deui dina HP-na.
“Nya teu ku nanaon, hoyong terang wé matak naros.”
“ Aya nu salah?”
“Asa pabeulit A jawaban téh, ulah kitu atuh. Aa téh nya, lamun teu ngajawab nganyerikeun hate abi, ogé nganyerikeun wanoja tunangan Aa, lamun enya Aa tunangan!”
“Nyeri jeung henteuna mah kumaha pikiran.”
HP dialungkeun kana kasur. Aya nu karasa nyelek dina tikorona. “Mahluk logika telenges!” gerentesna.
***
“Telenges pisan San, maenya cenah nyeri jeung henteuna mah kumaha pikiran. Asa teu adil. Éta mah siga, diciwit terus ngajerit nyebut nyeri. Tapi nu nyiwit ujug-ujug nyebut ‘nyeri jeung henteuna mah kumaha pikiran.’ Pan geus puguh nyeri. Lamun téa mah éta heureuy, asa kaleuleuwihi ogé.”
Santi ukur ngahuleng ngadéngé carita sobatna téh. Mangkeuheulkeun tur mangnyerihatékeun. Sumawonna, Santi mah wanoja nu babarian nyurucud cimata.
“Terus salila ieu ngajak panggih, ngajak ulin, ngomong itu ieu naon atuh Téh?” pokna rada émosi.
Ukur dijawab gideug bari imut kalem.
“Nya geus lah, lain jodona. Éh isukan aya pilem alus, urang lalajo yu! Ké ditraktir lah. Bawa wé budak mah, pilemna keur semua umur da!” Suruput, manéhna nginum kopi nu dipesenna. Kopi mokacino.
Ku Santi ukur diwalon ku unggek dibarung ku ambekan nu panjang.
Arcamanik, Januari 2016

No comments:
Post a Comment