Ngadadak sagalana jadi pararenting. Déhémna, jegroh batukna,
sora iteuk batur lengkahna nu neueul kana taneuh; badéna téh ngaléngkahna
lalaunan, mapay tétécéan pipir pangkéng kuring, laju ngoléséd mudun muru masigit leutik
landeuheun imah kuring. Beuki dipikiran bet karasa beuki penting. Hémeng.
Sagala rupa nu
patali jeung manéhna
ngadadak jadi teu basajan. Kuring ngarasa leungiteun.
Anéh, teu kapikir sacongo buuk gé tadina mah kudu boga rasa jiga kieu. Manéhna téh lain sasaha kuring, teu dulur teu baraya. Ukur tatangga biasa. Sarua
jeung tatangga-tatangga nu séjénna, manéhna téh ngan ukur salasahiji tina
mangréwu perkara nu sok miluan susulutuk kana sababaraha perkara penting dina
hirup kuring.
Kuring ngalangeu
dina biwir jandéla. Ririh angin nu ngahiliwir karasa jadi seukeut, nyisiran
kulit. Lila panon kuring neteup pucuk masigit anu atra katingali ti imah kuring.
Teuteupna bet ngolébat deui dina sawangan. Teuteup nu liuh. Ah, naha kakara
sadar ayeuna yén matana téh liuh. Kawas langit kasorénakeun nu lumayung. Sakapeung
mah ketang teuteup liuhna téh sok kawas linduk peuting. Samar, pinuh ku misteri;
Hieum, sieum. Éndah nu pikasieuneun. Teuteup linduk peuting téh sok karasa ngagalaksak
awak kuring, lamun pareng tuturubun solat subuh ka masigit dina waktu manéhna
maké sendal. Rék balik.
Sabenerna mah, sok ngarasa ditaranjangan
sabeuleugeunjeur awak ari teuteup nu kitu geus mimiti eunteup ka kuring téh.
Tapi tara ieuh dipikiran tadina mah, ceuk kuring gé manéhna téh lain perkara nu
penting dina kahirupan kuring. Jadi teu asup kana daptar perkara pikiraneun
kuring.
Sok sanajan remen
panggih, kuring jarang ngobrol deukeut jeung manéhna téh. Ukur kitu wé ngobrol
gé, paling nanyakeun ‘rék kamana’ atawa ‘tos timana’. Basa-basi anu ngan ukur
pikeun nyumponan sarat jadi jalema nu hadé gogog hadé tagog.
Patalékan anu sabenerna
mah kuring gé geus apal pisan kana jawabanana; lamun maké baju koko bodas anu
pulasna beuki dieu beuki coklat, tangtuna manéhna téh rék indit ka masigit
landeuheun imah kuring. Atuh lamun manéhna maké baju rebig tuluy dina
cangkéngna nyoyorén carangka bedog, geus moal salah deui manéhna téh rék indit
ka leuweung.
Sababaraha
kali kuring ngusap beungeut. Dina biwir teu eureun kunyam-kunyem ngucap
istighfar. Haté bet ngadadak jadi teu tingtrim. Marudah. Tadi hudang
kabeurangan. Pamajikan gé saruana deuih. Kakaraeun solat
subuh nepi ka beurang kitu. Subrang tadi mah, alias subuh beurang. Poé ieu teu cara sasarina. Subuh asa
leungit. Kuring teu ngadéngé sora léngkahna nu ngawirahma.
Sasarina mah dina wanci
janari leutik, manéhna téh sok geus tanginas indit ka masigit. Teu lila ti harita, nalika pulas beureum
hurung ngempur hibar ti belah wétan sora
peuyeuhna sok laju ngalanglaeung meupeuskeun kasimpé. Sora kolotna nu peura sok
bangun nu ngageuri.
Biasana, saenggeus
manehna adan, kuring sok laju ngagugusur suku ka masigit bari ngagigisik panon
nu rapet kénéh. Beungeutna nu karényod
teu weléh mapag kuring ku imutna nu béar marahmay. Remen kuring gé datang
ka masigit téh dina waktu manéhna geus rék balik. Ngantepkeun manehna cangkeul
haté ngadadago nu rék berjamaah, bari tungtungna mah sok kalahka solat munfarid
manéhna téh.
Poé ieu, teuing pédah
naon atuh, da kuring téh ujug-ujug teu garenah haté. Estuning ku tagiwur. Ngarasa salah.
Sabada solat Subuh nu dilakonan bareng jeung srangéngé nu mencrong galak,
kuring ngahuleng sajongjongan mikiran sagalana; mikiran solat nu kabeurangan,
mikiran subuh nu karasa leungit. Najan kuring kasebutna lain ahli ibadah gé, tapi da asa tara tinggaleun ari solat mah. Teuing, pédah geus
tuman tileuleutik meureun.
Paneuteup masih anteng dialungkeun
ka pucuk masigit nu atra katingali ti jandéla pangkéng. Bet jorojoy, ngarasa hayang
maluruh kajadian nu béda ti sasarina. Antukna, kuring ngoléséd muru masigit
landeuheun imah kuring. Masigit suwung. Heneg. Aya rasa samodel sieun nu mimiti
sumeleket kana sela-sela haté.
Leumpang rada
digancangan muru ka imahna. Imah leutikna kosong molongpong. Satengah lumpat, kuring
maluruh jalan nu biasa kaliwatan ku manéhna. Bep, kuring ngarandeg
sajongjongan. Dina haté campuh patutunggulan. Di palebah jalan satapak, pernahna
dina tétécéan pipir imah kuring: kasampak, lalaki nu maké baju koko bodas semu
coklat téh ngajoprak. Tiis jeung pias.
***
Rupa-rupa kembang nu
masih kénéh salalaleger, patawuran dina luhureun gundukan taneuh nu beureum. Pamakaman téh
geus pada ninggalkeun tatadi gé, tapi kuring mah masih can hayang ingkah.
Kuring bener-bener ngarasa leungiteun.
Lalaki nu sok disebut Abah ku urang lembur téh
baheula kungsi deukeut sabenerna mah jeung kuring, ogé jeung babaturan kuring.
Basa keur leutik, kira-kira keur sakola SD ungal bada Asar kuring jeung
babaturan sok dialajar alif ba ta tsa
ka manéhna. Pelajaran anu kiwari mah dipopohokeun. Sarua jeung babaturan kuring
nu séjénna, tungtungna mah kuring gé eureun diajar ngaji ka Abah téh, alesanna
mah pédah waktuna béntrok jeung waktu diajar cas-cis-ces basa Inggris. Percis
pisan jeung alesan babaturan kuring nu séjénna, anu ripuh ku lés nari, lés
musik, lés komputer jeung mangrupa-rupa lés lianna iwal ti lés ngaji.
Antukna mah nepi ka
geletuk maotna, geus eweuh pisan nu daék diajar ngaji ka Abah téh. Boh budak
kuring boh barudak babaturan kuring kabéh gé sarua, raripuh ku mangrupa-rupa
lés –iwal ti lés ngaji. Geus euweuh nu raresepeun diajar ka Abah. Bet anakna
sorangan gé teu resepeun diajar nu kitu mah tuda. Ahmad, anak lalaki Abah
hiji-hijina, babaturan kuring baheula anu pangbangorna, kabur ti pondok
pasantrén tempat Abah mondok baheula. Mun teu salah mah, Si Ahmad téh ukur kuat
saminggu saré di tempat éta.
Tadi, basa ngalayad ka
imah Abah, kuring gé panggih jeung Ahmad téh. Kakara deui sabenerna mah panggih
téh, kawantu geus nganjrek di lembur pamajikanana tuda ayeuna mah. Kadieu téh
paling ukur lebaran, éta gé kadang-kadang meureun. Tadi mah Si Ahmad téh katingalina
mah bangun nu kanyenyerian pisan, paromanna alum, dina matana ngeyembeng
cipanon. Jigana, lamun lain lalaki mah manéhna téh geus ceurik ngahinghing.
Sajongjongan panon
kuring neuteup kuburan Abah. Satuluyna, sagala nu patali jeung Abah beuki kerep
kokolébatan dina pipikiran. Tina juru panon mimiti karasa aya nu merebey. Baku,
kaduhung mah datangna téh sok panderi.
***
Bareng jeung meletékna
panon poé, sora adan kuring ngalanglaeung. Teu kanyahoan datangna, Ahmad
ujug-ujug geus ngabadega gigireun kuring.
“Sora téh teu
goréng-goréng teuing gening Wan!” pokna saenggeus kuring bérés adan bari
ngabelenyéh seuri.
Ku kuring diwalon ku
seuri ogé.
Saenggeus lila pahereng-hereng.
Tungtungna mah kuring ngéléhan jadi imam solat. Ahmad jadi makmum hiji-hijina.
“Hayu Mad, nyimpang
heula atuh ka imah!” pok kuring saenggeus solat.
“Keun lah isuk deui,
kalem wé da ayeuna mah geus jadi urang dieu ieuh!”
“Baruk, moal ka Garut
deui kitu?”
“Moal ah Wan, rék
nuluykeun kahayang Abah didieu!”
Kukuring diwalon ku
unggeuk bari imut.
Tisaprak harita, unggal
Subuh kuring jeung Ahmad sok nurutan lalampahan Abah. Euweuh nu béda saeutik gé
jeung kabiasaan Abah, kaasup solat berjamaah duaan.
Di masigit hiji-hijina
nu aya di lembur kuring, Ahmad jeung kuring muka pangajian pikeun barudak nu
rék dialajar ngaji. Tayohna mah, naon anu karandapan ku Abah baheula téh teu
jauh bédana jeung nu kaalaman ku kuring jeung Ahmad ayeuna. Ukur barudak kuring
jeung barudak Ahmad anu daék dialajar ngaji téh. Barudak babaturan kuring nu
séjénna mah keur saribuk lés musik, lés bahasa Inggris, lés komputer jeung
mangrupa-rupa lés lianna iwal ti lés ngaji. Leuh Gusti! Sababaraha kali kuring
ngucap Istighfar. Cenah mah istighfar téh bisa ngalebur
dosa. Kitu ceuk Abah basa jaman keur ngaji baheula, kuring inget kénéh.
Wado,
Agustus 2012
No comments:
Post a Comment