Naha aya kitu, pilihan sikep nu leuwih wijaksana? Sabada
mangpirang kekecapan nu kungsi kedal tétéla ukur jadi mamanisna lalambé. Sabada
giungna mangpirang harepan nu kungsi kedal, robah ngajirim hinis nu ngararajét
batin salira.
A, lamun téa mah ayeuna, salira rék nyacampah ieu diri. Abdi
ihlas, asal bisa nyingraykeun halimun nu ngarungrum raga salira. Asal salira,
bisa hirup siga kamari-kamari. Ruang-riung jeung babaturan Aa bari pinuh ku
sempal guyon. Neuteup panon poé ku rasa sumanget sarta pangharepan. Bagja deui.
Gairah deui. Gumbira deui.
Abdi téh bet ku bodo atuh A. wanoja nu teu nyaho
diuntung. Asih salira nu nyata geuning teu mampuh ngabuka rasa. Remen salira gé
nanya, “Naha enya micinta kalawan clik putih, clak hérang?” ku kuring tandes
diwalon “Muhun!” éstuning kecap nu pasalia jeung hate. Nu puguh mah masih
manteng ka nu lian.
“A Randi mah kitu A, semu-semu masihan harepan tapi da
henteu. Abina nu kagééran meureun nya A!” ceuk kuring hiji waktu basa curhat ka
salira.
“Atos, nu atos mah atos Na!”
“Aa moal kitu ka abi?”
Salira tandes pisan ngajawab, yén kahayang mah ulah nepi
ka aya cimata nu ngeclak deui tina panon kuring. Palias kudu nganyerikeun hate
cenah. Da salira mah nyaah, terus hayang salawasna mikanyaah.
Nepi ka hiji waktu, nu sok dicurhatkeun ka salira datang
deui. Ngetrok panto rasa nu tadina rék sina mangprung ka jauhna. Kuring nu
salah. Bet kalah poho kana kanyeri. Bener ceuk quote kliseu, cinta mah buta. Kuring katalimbeng deui ku
kekecapanana. Ngamomorékeun asih salira nu nyata. Ngudag-ngudag impian neuteup
sariak cinta dina kongkolak matana. Hémeng bisa hirup bagja jeung salira.
“Kumaha Na, acarana lancar?” WA téh ukur dibaca. Teuing
kudu kumaha ngabalesna.
Piring-piring nu kotor diéntépkeun tuluy dibawaan ka
dapur. Di dapur masih kénéh saribuk. Nu bébérés. Nu gégéroh. Urut susuguh tamu
tadi beurang.
“Na, A Randi uih heula nya. Alhamdulillah,
mudah-mudahanlah sing lancar nepi ka hari H!” Pok lalaki nu sababaraha menit
kaliwat, mapaés jariji kuring ku lelepénna. A Randi: Nu sok ngomong dangdanan
kuring teu mantes. Nu heureuyna kaleuleuwihi. Malah remen ngoét kana mamaras.
Nu nyebut masakan kuring kurang itu, kurang ieu. Padahal sapopoé kuring masak
nyayagikeun manéhna nu rék namu. Nu nyebut kopi meunang kuring teu ngalagu. Nu sok
nyieun kuring seuri genah. Ogé, nu sok nyieun kaayaan hate marojéngja.
“Asa teu percaya kénéh ieu téh da A!” Walon téh.
“Jodo mah urusan Nu Kawasa Na, teu bisa dipungpang.”
Manéhna asup kana mobil jeung rombongan kulawargana.
Ngabiur jauh ninggalkeun kuring nu nangtung nuturkeun leungitna. Ninggalkeun
kabingung, ogé kabagja.
A Randi calon salaki kuring, imutna manis. Matak
deungdeuleueun. Lamun keur datang bageurna matak kataji. Natrat dina implengan:
Nu sok nganteurkeun kuring kamamana ku motor vespana. Nu ngahuapan bubur mangsa kuring keur gering. Nu menerkeun tiung
kuring nu karijut katebak angin. Nungtun leungeun, basa bareng leumpang dina
jalan leueur. Nu nitah make jas sedeng manéhna buntius, basa momotoran
kahujanan sarta ukur mawa jas hiji. Naha salah lamun sikep nu kitu dihartikeun
ku kuring leuwih ti nyaah ka babaturan biasa?
Tepi ka hiji mangsa, kuring ngarasa salah nyurahan
sikepna. Buktina, A randi ngahempékkeun basa kuring ngomong rék narima lalaki
lian. Malah eusi kalimahna gé écés pisan. Cenah “Tongboroning Nina, Téh Wini
ogé kabogoh Aa baheula, lamun téa mah rék ka nu lian bakal diidinan!”
Tongboroning Nina! Tongboroning Nina! Éta kecap
tingjareblag dina uteuk. Enya, Téh Wini mah mémang puguh pernah jadi kabogohna,
ari kuring? Perbandingan nu karasa jauh bumi ka langit.
WA-na dibaca deui. Basa terakhir panggih, manéhna mawa
bonéka keur kuring. Pulas kayas, warna karesep kuring. Kafe tempat sasari ngobrol keur teu pati ramé. Ukur aya saurang
awéwé dina méja tungtung nu keur jongjon jeung laptopna.
“Apal teu Na, A Ijal mah nya paling teu resep ka kecap
‘lamun’.” Pokna di tengah-tengah obrolan.
“Nya pasti, da Aa mah pan jalmana logis. Jadi moal réa
lamunan. Teu cara Nina, sok sagala dilamunkeun, coba lamun Nina geulis siga
artis. Coba lamun Nina bisa shoping unggal waktu. Bisa jalan-jalan ka luar
negri siga jalan ka cai hahaha.”
Manéhna milu seuri ogé. Laju nyuruput kopina. “Tapi
ayeuna mah Aa gé resep Na ka kecap lamun. Sok ngalamun téh, coba lamun A ijal
bisa datang leuwih tiheula ti A Randi. Coba lamun A Ijal jadi lalaki nu
salawasna aya dina pikiran Nina. Coba lamun A Ijal bisa jadi kabagjaan Nina.”
Lemon tea nu keur disuruput karasa pisan haseumna kana létah. Kuring
ngabigeu.
“Na, ulah ngorbankeun parasaan keur A Ijal.”
“Ih, ngobrolkeun naon sih A, mending urang obrolkeun mah
nu jelas A. Misal, mending tunangan heula atawa langsung nikah,”
“Ieu gé nu jelas Na, raga Nina aya jeung A Ijal, tapi
hate Nina mah henteu.” Ucapna, kalawan nada nu masih kalem, ogé paroman nu
masih lemepeng.
Kuring ngabigeu deui. Laju buru-buru ngusap nu ngeclak
tina juru panon ku tonggong leungeun.
“A, urang uih yu!”
Motorna mangprung meulah peteng nu nyimbutan peuting.
Ngagerung marengan campuhna jajantung. Foném, morfém, kecap, nyalangkrung dina
tikoro. Teu wasaeun kebat ngawujud kalimah.
Turun tina motorna. Helm ditampa ku manéhna. Dibebener
disimpen dina bagasi.
“Na, ulah sedih deui nya! Urang atosan waé,” pokna, bari
memener tiung kuring nu karijut bati maké helm. Aya halimun dina matana. Atra
katingali ku rasa. Moal bisa dibohongan. Najan imutna masih mapaésan ragana.
“A, hapunten Nina!” tonggong leungeun pakeupis ngusapan
nu maseuhan pipi.
“Jig geura lebet, ku A Ijal ditingalikeun ti dieu!”
pokna, saperti sasarina.
Nangkeup bonéka leutik ti manéhna. Kuring ninggalkeun
manéhna nu nangtung deukeut motorna. Ninggalkeun manéhna jeung tatu nu gudawang
dina dadana. Ninggalkeun tingtrimna kanyaah
tina batinna. Ninggalkeun halimun dina panonna, nu sasari, sok neuteup
ku liuh kadeudeuhna.
“Alhamdulillah A, pidu’ana aya dina kalancaran.” Sabada
mangjam-jam dipikiran, ukur éta kalimah nu wasa pikeun diketik.
Béja ti babaturan A Ijal minggu kamari. A Ijal nguyung
waé. Jarang kaluar. Ngerem waé di kosan. Gawéna sering bolos. Kuliahna ogé
kitu. Babaturan A Ijal ogé mere kamandang. Cenah ulah ditelepon, sumawonna
dipanggihan. Moal ngubaran, anggur beuki ngageringan.
Isukna, A Ijal nga-WA deui.
“Na, punten nya, sadaya kontak Nina bade diblokiran ku A
ijal, teu raos ka calon carogé Nina, du’a a Ijal mah salawasna marengan Nina.”
Teu kaburu dibales da langsung laleungit kabéh kontakna.
***
Dina témbok kamar ngagantung hiji potrét. Potrét nu
baheula diimpi-impi, jadi lamunan, jadi pangharepan. A Randi nu gandang
perténtang dina baju panganténan. Dibebener ku juru potrét, maké poseu adegan
romantis jeung kuring. Potrét nu sampurna. Luyu jeung nu dipiharep.
Di juru kasur
kuring keur sumegruk. A Randi di tengah imah. Paromanna teu pikaresepeun. Diuk
nangtungna, usik malikna karasa teu genah kana rasa. A Randi batur pagulung, lamun
keur baeud sok asa jadi batur nu teuing saha.
Sumegruk. Sabada pabéntar paham. Rumah tangga mah moal salawasna
amis. Kitu ceuk papatah kolot. Urang teu apal kahareupna imah urang bakal
kumaha, tatangga urang bakal kumaha, dulur urang bakal kumaha, budak urang
bakal kumaha, ékonomi urang bakal kumaha. Sagalana teu bisa dikira-kira. Ujiana
bisa jol ti mana waé.
Miharep
A Randi nyampeurkeun, ngusap cimata kuring, ngusapan buuk kuring bari ngupahan.
Éta mah pamohalan. A Randi mah tara
kitu. Dina ceuli, ukur kadéngé halon haréwos nu baheula, lamun kuring keur
sedih. Cenah “Atos atuh Na, tong nangis deui, A Ijal nyaah ka Nina!” tingtrim,
tembus, parat kana jero batin. Lalaki, nu baheula nyimpen halimun dina matana.
Naha kiwari geus nyorang kabagja?
Ujungberung, Oktober 2017
No comments:
Post a Comment