Hoyong tobat abdi mah Kang, bet asa taya tungtungna!” pok manéhna. Dina mangsa tilu taun babarengan, teuing geus nu ka sabaraha kalina ngomong kituna téh.
Saperti sasarina: Kang Rudi ngabigeug sajongjongan. Teuteupna nu liuh lir jamparing tan wujud nu niruk kana mamarasna. Kadituna, lalaki nu geus lila marengan manéhna téh, sok mere putusan anu teu bisa dilakonan ku manéhna. Cenah, lamun hayang eunggeusan, manéhna hayang ménta mungkas sagala rupana. Hayang api-api teu wawuh waé. Sabab cenah, bakal karasa diganggayong kapeurihna saupama robah status jadi babaturan biasa. Kaharti kituna mah.
Lamun geus dikitukeun, teu kudu nungguan saminggu dua minggu paséa téh. Paséa peuting, subuh gé sok geus teteleponan deui. Silih hampura, bari jeung teuing naon nu kudu dihampurana. Da nu salah mah lain manéhna, lain Kang Rudi. Nu salah mah kaayaan. Kaayaan nu nepungkeun asih lain dina tempat jeung mangsana. Kang Rudi geus rimbitan. Budakna geus kaitung gararedé. Awéwé nu aya di imah Kang Rudi, masih kénéh jadi pamajikan sahna.
Pamajikanana teu nyugemakeun. Pamajikanana goréng adat. Mitohana goréng budi. Jeung ngajabrug kénéh kakurangan pamajikanana, nu ngajadikeun kasang tukang milih manéhna. Da cenah manéhna mah bageur. Boga hate anu wening bersih. Clik hérang, clik putih mikadeudeuh. Tingtrim cenah babarengan jeung manéhna téh. Parasaan anu sarua aya di manéhna.
Sakapeung ketang, Kang Rudi gé sok ngarumasakeun manéh. Sok ngarumasakeun teu pantes nyanding jeung manéhna. Malah, lain sakali dua kali Kang Rudi ngajujurung pikeun hirup jeung lalaki nu bener. Nu bener dina hartian léngoh tur bisa nyukupan kabutuh lahir batinna. Teu jiga manéhna nu geus rimbitan. Teu jiga manéhna nu ngan saukur pagawé biasa, nu gajihna ogé kacida biasa.
“Ulah ngaraos kahalangan ku Akang Nung! Pami tos aya nu leres mah, tong dilamikeun deui,” pokna, sorana semu-semu nu gumeter.
Sok ukur diwalon ku unggeuk nu kacida beuratna. Unggeuk nu teu singkron jeung kahayang tur harepanana. Sabab, nu dirasa nyumponan kana indikator ‘leres’ téh da ukur Kang Rudi. Kang Rudi nu teu weléh mikahéman, teu weléh mikasurti. Da lalaki-lalaki lianna mah ukur mere kapeurih. Nu enggeus-enggeus gé kapan kitu. Semu-semu nu mere harepan, padahal mah pupulasan. Alus mimitina, kadituna mah ngan ngararajét hate.
Lain sakali dua kali, salila babarengan jeung Kang Rudi, manéhna nyobaan nyimpen harepan deui ka lalaki nu lian. Nu ngajak ulin, nu panggih di dunia maya tuluy ngajak papanggih. Sok dijurungkeun ku Kang Rudi gé. Tapi, da dasar meureun lain jodona. Lalaki téh aya nu ngan ukur morotan duit manéhna. Aya nu salingkuh tukangeun manéhna. Aya nu siga-siga pédékaté, tapi ahirna hahadéan jeung babaturanana. Antukna mah, ngan ukur ngandelan kacindekan: yén lalaki anu dirasa bener téh ukur Kang Rudi. Nepi ka ahirna, manéhna geus haroréam tur ngarasa capé pikeun ngamimitian deui prosés bobogohan jeung lalaki. Haroréam wawanohan, pédékaté, ngobrolkeun hujan, tuluy isukna nanya lagi apa, tuluy ngajak dahar bareng. Prosés kikituan téh geus karasa enek keur manéhna mah.
Jalma-jalma nu disabudeureunana, pamadeganana sasatna ragem sararua. Kabéh gé nitah geura néangan ‘pameget nu leres’. Sumawonna, umur manéhna beuki nambahan. Babaturan sababad jeung babaturan nu sahandapeun geus loba nu ngais. Kaayaan beuki karasa hareudang tur bayeungyang keur manéhna.
Ngan Bapana meureun nu tara loba omong téh. Nalika jalema-jalema di sabudeureunana raraéng. Bapana bet siga nu ngabatu. Taya kecap nu kebat pikeun ngoméntaran jejer obrolan ‘Enung putri ajengan Hasrul ngaruksak rumah tangga batur’.
Unggal balik ka lemburna, nu dilakonan ku bapana katingalina kitu jeung kitu. Hudang saméméh balébat hibar ti belah kulon. Saméméh adan subuh ngalanglaeung. Sabada solat sababaraha rokaat, sok tuluy anteng ngucel-ngucel tasbéh jeung mulak-malik mushapna nepi ka adan subuh. Isuk-isuk kira-kira pukul tujuh, sok geus indit ka yayasan pasantrén nu diadegeunana. Balik ka imah deui magrib. Rajeun ngobrol keur dahar bareng gé, tara nyangkut-nyangkut kana perkara nu kararitu. Moal mungkin ari bapana teu apal mah. Omongan tatangga anu rarungseb, moal henteu nepi kana pangreungeuna. Moal henteu nerus kana parasaanana.
“Kumaha pami Enung disahkeun janten nu kadua waé!” Ceuk lanceukna. “Masalahna bakal sesah Nung, pami ayeuna pisah gé Enung nu bakal kasiksa. Atuh tos sakitu caketna Enung sareng Kang Rudi téh. Tilu taun sasarengan, sanés waktos nu sakedap Nung! Bade dugi ka iraha hayoh Enung bakal kitu waé?”
“Tétéh mah ngababarikeun!” walonna teugeug. Lanceukna ngabetem. Mangkarunyakeun ka nu jadi adi tapi teu bisa kukumaha.
Sirahna ditungkulkeun, nyumputkeun budahna rasa nu kedal dina ngeuyeumbeuna cimata. Omongan lanceukna karasa meupeuh mamarasna. Mémang teu salah omongan lanceukna téh. Da enya manéhna gé rumasa, geus lila pisan tur taya tungtungna. Salila ieu, ukur ngabener-bener ceuk sorangan. Padahal dina batin nu pangjerona mah, manéhna gé sadar geus guyang dina leutak kasalahan. Salah ceuk ajén moral, agama jeung ajén-ajén bebeneran lianna.
Papatah Santi, babaturan deukeutna geus béda deui. Pokna téh “Lamun teu bisa pisah sakaligus, cobaan saeutik-saeutik atuh Nung. Misal, cobaan salila saminggu tong ménta dijemput ari balik gawé. Terus sms jeung telepon rada dikurangan. Moal pati leungiteun teuing meureun lamun engké pisah gé, ari geus biasa hirup teu jeung Kang Rudi mah.”
Omongan babaturan deukeutna, rada dipikiran ku manéhna. Isukna, manéhna mimiti ngalaksanakeun éta papatah. Lamun balik ti kantor, sok langsung muru angkot. Datang ka kosan, HP tuluy dipareuman. Dina teu dipareuman ogé BBM atawa WA-na tara remen dibales. Teleponna ogé tara diangkat.
Mangpirang-pirang alesan dijieun sangkan bisa ngajauh ti Kang Rudi. “Punten Kang, tadi uih téh Bu Lina ngajakan balanja heula, teu raos badé ditolak téh!” pokna, basa Kang Rudi nanyakeun naha teu ménta dijemput.
“Punten Kang BBM sareng telepon teu kawaler, tadi Enung téh kaboboan!” pokna dina BBM, sabada tilu panggilan tak terjawab jeung BBM ti Kang Rudi ngaburudul dina hp-na.
Kana tilu nepi ka opat poé mah, lancar sagala usahana téh. Manéhna geus teu pati gumantung teuing ka Kang Rudi. Tapi dina saterusna mah angger wé hésé. Kakangen nu disidem-sidem beuki karasa ngagalura dina dadana. Pikiranana manteng ka Kang Rudi. Pareng balik ti kantor sok tuluy rurat-rérét ka sabudeureun buruan kantor. Kabayang, motor métikna geus ngabagug handapeun tangkal buah hereupeun kantorna. Imutna ngabagéakeun. Niiskeun kapusing ku urusan-urusan pagawéan. “Ah da moal aya!” pokna ngagerentes. Meupeuh harepan-harepan pupulasanana.
Kitu deui lamun ngaliwat ka tempat-tempat anu sering disaba ku manéhna jeung Kang Rudi. Bet jorojoy sok inget ka Kang Rudi. Satuluyna, sok karasa aya nu ngajeletit peureus dina dadana. Langit nu béngras karasa kulawu keur manéhna. Liwung. Ngalanglayung.
“Geuning taya cara pisah anu teu matak nyeri haté Kang!” gerentesna. Kerewek kana HP-na. “Kang, énjing papageun nya uih damel!” pokna dina BBM. Ditungtungan ku emot titik dua bintang jeung emot love warna beureum. Satuluyna, awakna dibeubeutkeun kana kasur. Sirahna disusrukeun kana bantal. Mangpirang-pirang rasa campuh dina dadana.
Isukna balik gawé, motor nu banget dipikawanoh ku manéhna téh, geus ngabagug percis di handapeun tangkal buah hareupeun kantorna. Imut nu teu weléh diarep-arep, ngabagéakeun manéhna deui. Manéhna malik imut. Tuluy naék kana motorna. Leungeunna dibeulitkeun kana cangkéngna.
“Hoyong ngebut nya nyandak motorna, hoyong énggal dugi ka kosan!” pokna.
Motor Kang Rudi nyemprung dina jalan nu kabeneran kosong. Lalaunan, manéhna neueulkeun pipina kana tonggongna. Aya nu haneut mapay pipina. Nyurucud kana jékét kulit Kang Rudi. Leungeunna beuki pageuh meulit kana cangkéng Kang Rudi. “Alim, dikantunkeun Kang!” batinna ngahelas.
***
Libur kantor téh rada lila. Nu matak ngahaja manéhna balik heula ka lembur. Kitu wé di lembur gé, ukur lalajo film koréa pagawéanana téh.
“Nung atos heula nongtonna, suguhan tuh tamu di payun!” ceuk Indungna. Teu kanyahoan datangna indungna téh. Ujug-ujug geus aya hareupeunana wé.
“Naha teu ku Mamah waé?” walonna datar, panonna teu leupas tina film.
“Tamuna badé ka Enung, réréncanganana Apa.”
Manéhna ukur ngabigeug.
“Cobian heula Nung!” Lanceukna mairan.
Bari jeung haroréam gé, antukna mah manéhna cengkat. Saenggeus saeutik dungdak-déngdék hareupeun kaca, soloyong wé manéhna ka rohangan tamu. Sor cikopi jeung kukuéhan di kana méjakeun.
“Calik heula wéh Nung didieu!” pok Bapana. Manéhna nurut. “Tah ieu téh Jang Agus Nung, putra réréncangan Apa!” pok Bapana.
Nu diwanohkeun imut seuri bari semu nyureng. Semu-semu keur mikir.
“Eu… punten Téh, abdi bet asa kantos ningal Tétéh. Asa pamiliar kitu rarayna.” Pok lalaki nu disebut Agus téh.
“Muhun kitu? Raraosan mah teu acan pendak da sateuacanna mah!” walonna.
Kadituna beungeutna karasa ngahéab panas. Piceurikeun geus karasa nyarurungkuy dina juru panonna. éra, keuheul, nyeri hate mutuh pagalo. Lalaki nu disebut Agus téh ngajéntrékeun yén manéhna téh babaturan SMA-na Kang Rudi. Asa pernah ningali manéhna dijadikeun poto DP dina BBM cenah. Bapana ngabigeug sajongjongan. Ngan siga nu ngarti Bapana téh tuluy mapalérkeun jejer obrolan, tuluy nitah manéhna sangkan ka dapur ngabantuan indungna.
“Apa!” haténa gumerentes. Bari nahan-nahan léngkah sangkan teu katingali jumarigjeg manéhna ninggalkeun rohangan tamu. Henteu ka dapur, tapi ka kamarna. Bruh-bréh ingetanana manteng ka Kang Rudi. Inget kénéh Kang Rudi téh sakapeung sok resep make DP manéhna, malah lain sakali dua kali manéhna nu pirajeuneun ngaganti téh. Da ditanya kumaha lamun kapanggih ku pamajikanana téh, jawaban Kang Rudi énténg pisan.
“Moal kapendak Nung, da teu gaduheun HP android. Nya da keur naon HP android gé, di lembur mah teu aya sinyal!”
Enya da bener, can pernah kapanggih ku pamajikanana mah. Kapanggihna téh ku babaturanana. Babaturan nu teu disangka bet dipanggihkeun jeung manéhna dina kaayaan nu teu dipiharep.
“Geuning heureut dunya téh Kang!” pok batinna.
Manéhna ngasup-ngasupkeun barang-barangna kana kantong. Tuluy pamitan ka Indungna, bébéja mah aya kaperluan ngadadak ti atasanana. Kakara bieu aya BBM ti babaturana. Pikirna, keun wé da engké gé dijéntrékeun ku Bapana.
Diuk dina beus téh dina deukeut kaca. Lalauasa neuteup pamandangan sisi jalan, ketang lain keur neutep pamandangan. Pernahna mah manéhna téh keur ngalamun. Pikirna kumacacang, hayang geura panggih jeung Kang Rudi. Hayang geura ngamudalkeun mangpirang parasaan nu karasa ayeuna. Ukur ka Kang rudi tempat paneumbleuhan sagala rasa. Enya ka Kang Rudi. Da taya deui.
Ujungberung, Mei 2015
Wednesday, January 9, 2019
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment