Dua Spasi - Fitria Puji Lestari

Home Top Ad

Responsive Ads Here

Wednesday, January 9, 2019

Dua Spasi



“Kumaha Embu waé, ari Embu hoyongna kitu mah!” Manéhna nyimpen kotak sangu dina méja makan, dibarengan ku kekecapan  nu masih karasa nongtoréng dina ceulina. Kang Gun ka kantor, teu maliré bekel sangu nu dijieun ku manéhna tadi subuh bari kukulutus.

Sukuna masih ngaroroncod nahan rasa kapeurih nu galo jeung kaambek. Ngolébat dina pikiranana. Teuteup Kang Gun nu tiis, sarta leungeun nu sibuk nalian sapatu bari némbongkeun pasemon batu. Taya kekecapan deui nu kaluar tina biwir Kang Gun. Motorna laju ngabiur meupeuskeun simpé diantara duanana.

Teu nyium tarang budak jeung manéhna saperti sasarina. Teu bawél “Kasép, sing bageur nya sareng Embu, Ayahna damel heula!” atawa “Embu, Ayah angkat heula nya! Ké badé ngawiat naon tos Ayah uih damel?” Kang Gun, lalaki nu salila ieu jadi batur Sagalang-sagulung. Batur pakumaha. Silih neumbleuhkeun kahéman tur kaasih. Bisa jadi asing keur manéhna dina saharita.


Kira-kira jam 10 peuting tadi. Kang Gun kakara balik ka imah. Budak keur ngelak ceurik.


“Ti kantor teras futsal Yah?”
“Muhun!” Pokna pondok.
“Na atuh Yah, asa kacida. Si Adé téh nuju rungsing. Tatadi réwél waé. Tuh Embu dugi ka teu kabujeng nanaon. Seuseuheun nalambru, géroheun numpuk. Teu aya nu ngagenténan. Heug atuh HP téh aktipkeun.WA téh baca!” Pok manéhna gugulunu.
“Anduk Ayah mana? Ayah teu can Isa!”
Gidig manéhna mawa anduk. Kang Gun tuluy mandi. Manéhna teu eureun kukulutus, nyebutan pagawéan imah, tuluy ngangluh carapé jeung pararusing. Sakapeung manéhna ngajep-jep budak nu masih ngahinghing dina aisanana.
Sabada solat. Kang Gun mawa budak nu keur diais ku manéhna. Tuluy diayun ambing bari dibébénjokeun.
“Genah nya jadi Ayah!” Pok manéhna bari ngaléos ka kamar. “Yah bilih badé tuang, sangu sareng réncangna dina méja!” Pokna ngagorowok ti kamar. Ku Kang Gun teu diwaro.
Sabada solat subuh uteuk multitasking-na tempur di dapur.  Dua leungeunna gesit nuturkeun paréntah dina uteukna. Club adonan bala-bala kana katél, trék lengeunna maéhan cai nu sahéng bari ngagorowok “Yah cai haneut kanggo ibak tos panas!”. Ngadagoan goréngan karonéng, leungeunna pak-pik-pek nyiksikan bawang, ngaréndos bungbu, nyiksikan sayureun, bari teu eureun sirahna ngalieukan gogoréngan dina katél.
Bérés di dapur Kang Gun masih ngabigeu. Manéhna kakara sadar. Kang Gun salakina, keur ngambek pisan. Pédah naon? Manéhna gé teu apal. Geus teu bireuk. Salakina  sok robah wujud jadi patung és. Beku. Tiis.
Klimaks teu akurna aya dina isuk tadi. Kira-kira jam dalapanan, Kang Gun tatahar indit gawé. Manéhna wakca, yén teu betah cicing di imah tur hayang balik ka lembur.
“Kumaha Embu waé, ari Embu hoyongna kitu mah!” pok Kang Gun bari angger jongjon nalian sapatu. Lir ngajirim péso nu meulah sasémplék haténa jadi dua. Teu... teu kapikir ku manéhanana saeutik ogé, Kang Gun bisa ngawalon kitu. Bayangan  manéhna, ku stratégi nyebut hayang balik téh,  bakal dientongkeun. Kang Gun bakal ngajak madungdengkeun masalah nu aya, tuluy nyuksrukeun sirah manéhna kana dadana. Siga baheula, lamun pareng geus pabéntar paham.
Baheula? Ah, asa geus lila pisan. Samalah, manéhna geus teu inget ti iraha hubungan manéhna jeung Kang Gun karasa ngaanggangan. Ti iraha Kang Gun ngarobah sikep:  Ngomong jadi saperluna. Isuk-isuk, indit gawé bari paroman nu lempeng, balik gawé, maén game sakeudeung, tuluy saré. Sering gawé ka luar kota bari jeung tara aya kabar.
Jika kau mengetuk satu spasi, haruskah aku melakukan hal yang sama? Agar menjadi dua spasi, dan tentu saja jaraknya akan semakin menjauh.
“Nanaonan sih Embu nyieun status kitu?” Kang Gun langsung ngabahas status media sosial nu diséting keur manéhna duaan. “Embu mah beuki dieu asa beuki anéh, adat-adatan waé deuih!”
“Teu tibalik yah? Ayah nu tara aya kabar?” Walon manéhna, bari ngaléos mawa budak ka kamar laju diparéndé.
Ti kamar kadéngé  sora Kang Gun “Ya Allooohh Embu, seueur padamelan Ayah téh, meni teu surti nya!”
Surti. Salila ieu, manéhna téh asa geus kurang kumaha pikeun surti ka Kang Gun. Nepi kadieukeun mah, manéhna mikir. Sabenerna nu teu surti téh Kang Gun atawa manéhna?  Asa Kang Gun waé nu hayang dipisurti téh, ari Kang Gun ka manéhna henteu. Padamelan. Samarukna, cicing di imah ogé lain ‘padamelan’! Sakitu ukur dahar jeung mandi gé sok asa lulumpatan.
Dina ahir-ahirna, urang kalah kieu geuning Kang! Siga nu teu hayang mikir panjang deui pikeun pilampaheun. Sabada ngahuapan jeung ngamandian budak, rikat manéhna ngasupkeun baju jeung barang-barang budakna. Hawa panas mimiti ngahéab kana panonna. Sakuat tanaga ditahan. Ulah épés méér. Kudu teger. Kuat. Kitu gerentes haténa.
Ramo-ramona rada ngadarégdég basa muka aplikasi kandaraan online. Asa kakara kamari ramo-ramona mawa leungeun Kang Gun kana tarangna, sabada Kang Gun ngasupkeun cingcin kawin kana jarijina dina acara akad nikah. Pulas kayas nyiak kana pipina, basa Kang Gun munggaran nyeuseup emun-emunana, tuluy diadeuh-adeuh ku nu haladir. Éra tapi ogé bagja.
Baheula, can boga budak. Sesebutan téh Akang jeung tétéh, lain Ayah jeung Embu.
“Nu kumaha atuh Téh, nu romantis téh, masihan kembang nu diselapan kertas puisi cinta? Atawa universary tiup lilin?” Pok Kang Gun, basa manéhna ngasongkeun potrét babaturanana di sosméd bari nyarita “Kang tingali geura, Windi jeung Kang Imam meni romantis nya!” .
Sok kalah diwalon ku seuseurian ku manéhna. Tuluy wéh Kang Gun gé sok miluan seuseurian bari ngaheureuyan manéhna.
Kang Gun lalaki nu tara loba ngucap kalimah cinta. Tara nyieun surprise dina ulang taun atawa dina tanggal panganténan. Inget, basa manéhna nyabit-nyabit kado ulang taun. Ngadon pokna téh “Nya sok atuh Téh, hoyong kado naon? Hoyong acuk, hayu ku Akang dianteur ka tokona, kantun milih hoyong nu mana, ké lamun Akang nu mésérna mah bilih teu kaanggo geura!”
Ukur dijebéngan. Geus haroréameun madungdengkeunana. Geus kajudi ku manéhna,  kang Gun bakal méré argumén-argumén nu moal tepung jeung kahayangna.
Tapi kadieukeun, manéhna bisa nyurahan romantis ku cara nu béda ti diri Kang Gun. Romantisna Kang Gun: Dina cara Kang Gun  nyimbutan manéhna nu kasaréan lalajo TV. Dina pangreungeuna, nu sok leukeun ngadéngékeun biwir manéhna nu nyorocos ngomongkeun fashion, make up, drama koréa, craita babaturanana, kulinér-kulinér nu ceuk manéhna kekinian, nepi ka carita tatanggana. Dina biwir Kang Gun, nu tara komplén kana rasa masakanana. “Bekelna énak, énjing mah sanguna rada diseueuran ah!” kitu kalimahna dina WA,  anu ditungtungngan ku emoticon nu keur nyium tanda love. Ku manéhna sok dibaca sababaraha kali bari umat-imut sorangan.
Manéhna ngégél biwirna sorangan. Naha Kang Gun bakal inget kitu, kana kajadian-kajadian éta? Ah, sigana mah moal. Manéhna apal pisan. Salakina mah da lalaki nu pohoan. Pernahna mah, sok tara nginget-nginget perkara nu geus kaliwat. Keur Kang Gun, perkara nu geus karandapan nya enggeus, teu kudu diaya-aya deui. Béda jeung manéhna, nu sok nginget-nginget perkara nu leutik, detail, teu pira, nu pajarkeun asa teu kudu tur teu penting ceuk kang Gun mah.
Manéhna sering ngira-ngira ogé,  kana perkara nu ngajadikeun hubunganana anggang. Ka béh dieukeun, sabada budakna lahir, manéhna sering ngadu perkara mitohana nu sering béda paham dina ngurus budak.
“Ih naha asa ngaalitan si Adé téh, pasihan susu geura Téh!”  Kalimah saran nu sabenerna mah biasa, éta ungkara mitohana téh, tapi da asa jadi ngajirim kalimah “Meni teu becus ngurus budak-ngurus budak acan!”. Nyugak kana mamarasna, asa teu bisa jadi indung nu bener.  Nu kadituna, sok dicurhatkeun ka Kang Gun dina kalimah: “Piraku budak can genep bulan dipasihan emam atuh Yah, jeung nitahna téh ku MPASI instan deuih, terus kudu maké susu formula, samahal-mahalna gé susu formula moal bisa nandingan ASI mah!”
Perkiraan kadua, nu leuwih dipikasieun ku manéhna ngeunaan haté. Unggal Kang Gun indit ka luar kota. Nu dipikamelang ku manéhna sakapeung lain salametna awak Kang Gun, tapi haté Kang Gun. Naha haté Kang Gun ogé bakal ngajauhan marengan ragana ? Naha haté Kang Gun sarua tiisna jeung paromanna. Naha haté Kang Gun masih keur manéhna?
Manéhna ngarahuh, narik ambekanana panjang. Budak keur anteng  nyoo cocoanana. Barang bawaeun numpuk di gigireunana. Dina layar HP, kandaraan online téh masih mencari driver. Kumaha kira-kira piomongeun keur ka kolotna engké. Terus, koméntar-koméntar tatangga, babaturan, dulur-dulurna. Sakali deui manéhna ngarahuh. Kakara sadar, urusan ieu téh kadituna bakal manjang.
Kulutrak, panto hareup dibuka. “Embu!”
Sajongjonan mah asa ngalenyap. Tikorona karasa peureus. Hawa panas ngarérab panonna.
“Embu, hapunten Ayah nya!” Pok Kang Gun, neuteup jero matana nu ngembeng.
Jangan pernah ada spasi di antara kita. Tos puitis teu acan kekecapanna sakieu Embu?  Hehe.
 Komen Kang Gun dina status baheula, ku manéhna dibaca bari seuri.

Sumedang, Februari 2018

No comments:

Post a Comment