MURID ANYAR
Fitria Puji Lestari
Pindahan sakola ti Bandung cenah
Fitri téh. Pindah sakola ka SMP N 3 Wado téh, ku sabab Bapana
dipindahkeun tugas gawéna ka Wado. Barang asup ka kelas, babaturan téh geus langsung
sur-sor ngasorkeun leungeun ngajak wawanohan ka Fitri, komo barudak awéwéna
mah.
Sok sanajan kakara saminggu sakola di SMP N 3 Wado,
Fitri téh geus loba sobatna. Sok katingali ari istirahat téh sok ngabring ka
kantin jeung Lina, Déwi, Tiara terus jeung Santi. Budakna akraban Fitri téh,
matak pikaresepeun. Kuring gé resep tadina mah ka Fitri téh, tapi ti saprak
kajadian kamari… Ah, sebel! Mun inget kana kajadian éta téh bet sok aya nu
nyelek dina dada, nyebit matak peurih. Ti saprak kajadian éta, sagala rupa nu patali jeung Fitri ngadadak
jadi teu pikaresepeun. Matak pikakeuheuleun wungkul.
Basa
pelajaran Bahasa Indonesia mimitina mah. Basa kuring ditunjuk dititah ku Bu
Rita nyieun kalimah nu ngandung gaya basa personifikasi. Kuring ngadon
ngahuleng sajongjongan, lebeng poho pisan.
“Eu…
hilap Bu!” pok téh tungtungna mah bari ngeluk tungkul.
“Hmm,
muhun sok atuh, saha nu tiasa!” pok Bu Rita.
Barudak nu séjénna ngaharuleng, sarua teu barisaeun.
Na teu lila, Fitri ngacung torolang wéh nyieun kalimah nu make gaya basa
personifikasi.
“Yah
leres Fit, bagus! Tah kanggo nu sanésna, nu matak ari tos diajar téh bukuna
kedah dibaca deui!” pok Bu Rita.
Aya
nu karasa nyelek dina dada. Asa kakaraeun tuda kuring teu bisa ngajawab. Rét
panon ngalieuk ka Fitri, nu kakara dipuji ku Bu Rita. Katémbong, paroman Fitri
meni bear marahmay. Fitri imut bangun nu bungah tur reueus pisan bisa ngajawab
pananya Bu Rita.
“Ih
Fit meni apalan kitu, Rina mah lebeng da ku pelajaran kamari téh!” ceuk Rina
babaturan sabangkuna rada ngaharéwos. Kabeneran bangkuna gigireun kuring pisan
tuda, nu matak bisa kadéngé obrolan Rina jeung Fitri téh.
“Sateuacan
bobo Fit mah sok maos heula pelajaran anu tos diajarkeun, jadi wéh émut kénéh,”
walon Fitri, sarua rada diharéwoskeun.
Bet nyel wé jadi sebel. Asa ku so pinter lah Fitri téh,
pira gé ngajawab pananya sakitu. Ti harita kuring jadi geuleuh ka Fitri,
geuleuh ku so pinterna. Nu leuwih keuheul babaturan sakelas téh bet asa beuki loba nu ngadeukeutan Fitri.
Nu hayang ngerjakeun PR bareng bari rurujakan, nu hayang sakelompok lamun
dibagi tugas kelompok, nu hayang
dipapatahan Bahasa Inggris, IPS jeung sagala rupa. Kabéh ka Fitri. Kuring
keuheul, ambek ka Fitri.
***
Bél balik sakola geus disada. Barudak ngabirisit
kaluar. Aya nu bari lulumpatan, nu saleuseurian, ogé aya nu bari ngobrol duaan.
Di hareupeun kelas 8 A, katémbong sababaraha barudak kelas 8 A nu kakara kaluar
ti kelas.
“Oh enya, engké minggu urang liliwetan téa yu!” pok Déwi.
“Hayu-hayu, Abi nu ngabantun béas wé nya!” ceuk Lina.
“Abi bumbu-bumbuna, sabangsaning sayuran ogé keun lah
ti Tiara!” Tiara miluan.
“Sip lah ari kitu mah, berarti Santi mah badé
ngabantun patuangan kosong wé ah, bade ngiring emamna hehe!” pok Santi bari
seuseurian sarta nepakan beuteungna nu lilipetan.
“Huuuh..dasar
endut..endut” Barudak pada ngawayohan
Santi.
“Ehhh… nu endut mah lucu tauuuu!” walon Santi bari ti monyong-monyong
waé.
“Belah mana lucuna
enduuut!”Tiara teu éléh monyong ti
Santi.
“éh, gagabah nanyakeun
lucuna ti belah mana? Nya dalam segala halnyah atuh lucuna mah. Tuh Si Oky ogé
gendut, lucu mun jadi presenter Idola
Cilik, wéw!”
“Stop..
stop! ké heula ieu téh! ari tempat ngaliwetna badé di mana? Tatadi nu mawa itu,
nu mawa ieu ari tempatna teu puguh, sok araranéh!” ceuk Rina ngeureunkeun jejer
obrolan ngeunaan Santi endut. Barudak pada ngaharuleng, pada-pada mikiran
tempat nu cocok.
“Pami
di Fitri kumaha Fit, engké emamna di téras bumi Fitri anu seueur kekembangan,
tempatna énakeun!” Pok Lina .
Kabéh
panon langsung wé pada enteup ka Fitri nu tatadi anteng merecet-merecetkeun
coklat Choki-choki, nu dirérét angger
anteng bangun nu teu sadar yén babaturanana keur ménta pamadegan manéhna.
“Héh,
ngalamotan coklat atawa ngalamun éta téh!” ceuk Santi bari nepak Fitri.
“Eh,
eu.. eu.. enya naon tadi téh?” Fitri rampang-reumpeung
“Yéh
ah Fitri mah kalah ngalamun, okéh lah diulangi kanggo Fitri mah, wios teu Fit
ngaliwetna teun Fitri!” Pok Lina, nyebutkeun ‘wios teu Fit-na’ rada di tarikeun
jeung dipanjang-panjang.
“Oh,
enya hehe, nya hayu waé sih Fit mah, emm Lin, ajakan Wina nya!” pok Fitri semu
ngaharéwos. Teu ngadagoan kecap panuju ti babaturanana, Fitri téh tuluy wé
nyampeurkeun kuring nu keur nyarandé dina tihang.
Ti barang ngabrul golongan Fitri, kuring geus nyarandé
dina tihang téh, api-apina mah keur ngomé HP. HP dipencétan keypad-na méh jiga keur sms-an padahal
ceuli mah awas ngadéngékeun pamolah Fitri jeung babaturanana. Apal Fitri
nyampeurkeun, kuring beuki api-api anteng sms-an, api-api teu apal Fitri
nyampeurkeun.
“Win,
bade ngiring moal liliwetan teun Fitri!” ceuk Fitri daria naker.
“Hmm,
butuh nya ku Wina nu ngaranna Fitri téh! Pasti hayang dipapatahan nyieun PR IPA,
hmm mana nu pinter téh mana?” ceuk hate kuring, récok norowéco, ngan henteu ari
nepi ka pok mah. “Moal, bade ngabantosan Mamah Fit mah, teu tiasa seueur
ameng!” pok téh bari teu seuri-seuri acan, bororaah hayang seuri soméah tuda.
Ningali beungeutna gé meni haroréam naker puguh gé.
“Oh
nya atuh Win!” walonna, angger sumringah, teu riuk-riuk sedih pédah geus
dibaeudan ku kuring bieu.
Anéh
Fitri téh puguhan, sugan henteu beungeutna dijieun tina témbok mah kitu?
Dikitu-dikieu ku kuring téh paromanna angger sumringah. Teu weléh imut mun
patepung mata, mun panggih di jalan teu weléh nanya. Padahal, lain sakali dua
kali panon kuring ngadelékan ka manéhna, malik judes mun manéhna
imut, api-api teu ngadéngé lamun pareng manéhna nanya. Salian ti éta, di kelas, kuring ogé remen nyepétan manéhna. Ih, anéh na teu karasaeun kitu yén kuring ijid ka manéhna,
geuleuh ka so pinterna. Kakara murid anyar geus ngalunjak. Euh… super keuheul,
pisan pokona mah! Kajeun, ceuk batur Fitri bageur sotéh, da ceuk kuring mah So
iye, belagu. Ah, babaturan kuring wé deuih nu aranéh, ngadon daék ngahiji jeung
murid anyar nu ngalunjak.
***
Pabuburit
kuring dititah balanja ka pasar ku Mamah. Kuring leumpang bari hahariringan, léngkah
suku karasa hampang, perbawa hate kuring nu keur bungah tur
sugema tayohna.
Sakapeung, biwir kuring ngabelenyéh mun pareng
inget kana kajadian tadi di sakola. Kabayang kénéh beungeut Fitri nu pias basa
eungeuh buku PR-na euweuh dina kantongna. Satuluyna kuring nyaksian ogé beungeut
Fitri nu pasrah basa Pa Hernawan nitah Fitri nangtung salila pelajaran jeung
murid séjénna nu teu ngerjakeun PR. Dina hate, kuring surak.
Ngarasa meunang. Kuring yakin, murid-murid di dieu euweuh nu nyahoeun, yén tadi,
basa keur pelajaran olahraga, kuring
rerencepan asup ka kelas tuluy nyumputkeun buku tugas Fitri.
Ku
sabab jongjon teuing ngalamun, meuntas jalan poho teu luak-lieuk heula. Sadar téh
dihareupeun aya motor keur nyemprung, laju samar-samar aya beungeut Fitri.
Fitri nu ngajerit nyebut ngaran kuring. Satuluyna mah ukur poék. Poék.
***
Sadar deui, kuring geus nyampak di
rumah sakit. Di riung ku mamah jeung Apa. Ceuk Mamah, basa keur kacilakaan
kuring ditulungan ku Fitri. Harita téh, Fitri gé pareng rék ka pasar. Kuring
ukur ngaheruk ngadéngé Mamah nyaritakeun kabageuran Fitri nu geus nulungan
kuring. Dina dada bet karasa peurih. Isukna, Fitri jeung babaturan kelas
ngabring ngalongok kuring. Di rohangan rumah sakit jadi ramé. Kuring ngarasa
kabrangbrangkeun. Kanyeri bet jadi rada kapopohokeun.
Geus tilu poé kuring di rumah sakit. Salila
éta Fitri tara absén pikeun ngalongok.
“Win
sakedap deui urang UTS, éngal damang atuh nya! Teu ramé di kelas teu aya Wina
mah!” pokna dina hiji soré basa keur ngalongok.
“Nuhun
Fit, emh abdi kakantun pelajaran panginten nya Fit.”
“Tos
Win, tong seueur émutan, ayeuna mah damang heula wéh. Masalah éta mah, pan Wina
tiasa nambut buku catetan Fit. Urang diajar sasarengan wé engké geura!”
Karasa aya nu nyebitan kana hate.
Bet peureus karasana. Ah, Fitri na tina naon atuh dijieunna ari hate Fitri. Bet
aya ku bageur-bageur teuing. Satuluyna, kalakuan kuring ka Fitri tingkarolébat
deui. Kuring nu ngéwa tur ceuceub ka Fitri. Nu sok judes, nu sok ngadelékan, nu
jail nyumputkeun buku PR-na nepi ka dihukum. Leuh, na ku teungteuingeun teuing
atuh ari kuring. Padahal mah, pan Fitri téh sakieu bageurna ka kuring. Teu karasa,
aya nu merebey tina juru panon. Ngamalir haneut mapay pipi.
“Win, Win, kunaon? naha nangis?
Cariosan Fit aya nu teu raos?” pokna bangun nu rareuwas.
“Fit, hapunten Wina nya!” ukur
sakitu nu bisa kebat. Kahayang mah, nyuuh ka Fitri ménta dihampura. Rumasa,
salila ieu kuring sok sirik pédah Fitri pinter jeung loba nu ngabaturan.
Rumasa, rasa sirik kuring téh, ngabalukarkeun kuring jadi goréng budi tur sok
nganyerihatékeun Fitri.
“Sami-sami
Win, Fit gé nyuhunkeun dihapunten bilih Fit gaduh kalepatan mah. Kapan saur Bu
Nisa guru PAI ogé, jalmi mah tempatna khilaf. Nu penting mah urang kedah silih
dihapunten pami ngadamel kalepatan.” Pokna wijaksana.
Kuring
imut, laju nyusutan cipanon ku dampal leungeun. “Fit, engké mah rék ngiringan
ah liliwetan téh. Engké nya pami Wina tos kaluar ti rumah sakit. Wios lah tong
ngabantun nanaon, wina nu nyandak sagala rupina. Étang-étang sukuran tos mulang
ti rumah sakit!” pok téh sumringah.
“Wah,
asik atuh. Réréncangan bungaheun geura da ngadangu kabar ieu. Komo Santi mah da
gembul hahaha”
Kuring
jeung Fitri patingceuleukeuteuk duaan.
Ujungberung, Juli 14
No comments:
Post a Comment