JALAN NU TARINGGUL - Fitria Puji Lestari

Home Top Ad

Responsive Ads Here

Sunday, September 21, 2014

JALAN NU TARINGGUL






Sajeroning nikreuh, ngaléngkah di jalan nu taringgul, tangtuna urang bakal ngarasa bosen. Sakapeung urang bakal ngarasula; nganaha-naha. Naha jalan nu disorang téh aya ku taringgul? Naha jalan nu taringgul téh bet semu-semu euweuh tungtungna?
Atawa boa, urang bakal ngarasa mang-mang sabab geus milih jalan nu taringgul. Semu-semu hayang robah pamadegan. Teu percaya deui kana harepan, bakal nyangking kabagja di panungtung jalan. Sumawonnda reremenna mah, harepan téh sok patukang tonggong jeung kanyataan. Komo lamun luak-lieuk, nempo ka jalan nu mulus banglus. Meni sok hayang tuluy incah, ninggalkeun jalan nu taringgul. Hayang napak, ngaléngkah taya kasusah di jalan nu mulus banglus. Teu kudu mikiran sora haté nu gogorowokan nyoarakeun harepan nu jiga pupulasan. Nu kongkrit wé lah, jalan nu mulus banglus mah puguh taya kasusah.    
Ah Aa, enya kitu ieu téh? Urang bakal panceg milih ieu jalan nu kacida rumpilna. Rék satia ngukuntit harepan kabagja, nu sok digalindengkeun tina rasa asih nu teu weleh dipupusti. Rék tetep nikreuh ngeureuyeuh, najan léngkah beuki karasa peuyeuh. Meupeuh napsu kapegung ku kasabaran. Masrahkeun sagala rupana ka Nu Maha Kawasa, sagédéngeun ihtiar nu sampurna. Da cenah ceuk anjeun ogé: manusa mah teu dirarancang ku Gusti pikeun ngaréngsékeun masalah. Manusa mah dirarancang ku Gusti pikeun takwa, masrahkeun masalahna ka Nu Maha Kawasa. Nu engkéna, bakal ditungtun ku Gusti pikeun ngaréngsékeun masalahna.
Panon kuring anteng, neuteup gambar dirina nu ngajengléng dina potrét. Gambarna dipapay diusap lalaunan ku  tungtung ramo. Panonna nu liuh, nu sok karasa ningtrimkeun haté nu tagiwur mun pareng diteuteup ku sorotna. Laju turun ka lebah biwirna, biwir  nu sok  teu weléh imut. Imut nu manis. Imut anu ngandung kategeran tur kasoméahan pribadina. 
Keur kuring, A Dadan téh lir ibarat talaga nu caina ngagenclang hérang. Hiji tempat nu pikabetaheun pikeun niis. Sok sungkan ngejat mun geus diuk di sisina, ngulang-ngulang dampal suku kana caina nu nyecep tiis. Sedeng panon, anteng nyérangkeun caina nu ririakan kaoyag ku angin leutik nu ngahiliwir. Tingtrim nakeran.
Kuring ngarasa tingtrim dipikanyaah ku A Dadan. Kitu ogé sabalikna, cenah A Dadan gé ngarasa tumaninah babarengan jeung kuring téh. Sok sanajan cenah ceuk batur mah, A Dadan téh teu pantes nyanding jeung kuring. Lir cécéndét mandé kiara. A Dadan cécéndét,  kuring kiara. Jauh bumi ka langit. Da cenah A Dadan mah jalma teu boga, sedeng kuring lahir ti jalma nu kawilang aya.
 Ti béh ditu kénéh, ku kuring jeung A Dadan geus kasawang. Milih miara katresna diantara urang, hartina nyorang jalan nu kacida taringgulna. Pinuh ku rungkang. Haringrang tur lalewang.
“A, urang usaha, urang ngadu’a nya! Da urang mah mung saukur tiasa ngararancang, sedeng nu nakdirkeun mah kapan tetep Anjeunna nu Maha Kawasa. Aa, urang silih kiatkeun manah tur parasaan urang nya. Lilah..  urang niatkeun karna Allah. Urang gaduh niat saé, mugia dipaparin jalan  kanggo ngahontalna.” Gerentes hate kuring, cumarita ka potrétna.
Kuring ngagubragkeun awak kana kasur. Potrétna diteueulkeun kana dada. Rét panon  kana tumpukan balanjaan tadi beurang jeung manéhna. Bad cover, sababaraha setél baju jeung sapasang sapatu. Gelenyu kuring imut. Pokpokanana tadi beurang di pasar karasa nongtoréng deui dina ceuli. “Gajihan sasih ayeuna mah mésér sakieu heula, kapayunna mudah-mudahan tiasa ditambihan deui. Sabar nya!” ku kuring diwalon ku unggek sarta imut.
Satuluyna, rékaman kajadian basa lebaran kamari kaputer deui dina uteuk. Basa A Dadan pikeun nu munggaran silaturahmi ka imah. Nu jadi indung, ngabebereg A Dadan sangkan geura-geura mihukum. Hal anu teu bisa dilaksanakeun ku manéhna ayeuna-ayeuna, ku sabab lanceukna gé kakara rék bulan hareup nikahna téh. Bakal noron teuing. Sedeng saheunteuna ari nu ngaran nikah téh, kapan butuh waragad nu lumayan. Sok sanajan basana moal ririaan ogé, angger wé kudu aya keur susuguh kulawarga jeung duduluran mah meureun. Ceuk paribasana, sangu konéng-konéng waé mah kudu nyadiakeun. Sumawonna, A Dadan mah éstuning ngurus sorangan téh, sorangan. Ukur boga indung gé, sabeulah sasemplék.
Kungsi ogé boga pikiran, nu jadi indung nyarita kitu téh ukur méré tanjakan ka A Dadan. Sangkan A Dadan mundur enas-enasna mah. Tamba henteu poksang teuing ngungkarakeun kecap teu panuju. Ngolébat  rasa kamelang dina hate. Melang ka haténa A Dadan. Sok inggis rupaning tanjakan nu dijieun ku nu jadi indung téh, ngariutkeun tékadna.  
. Sukur ka Nu Agung. Kamelang kuring kana tékad A Dadan téh  rada nyingray. Ucapan indung nu ngadesek sangkan geura mihukum, diwalon ku imut nu marahmay ku A Dadan. Satuluyna kalawan saged bari jeung teu ngaleungitkeun kasopanan ka indung kuring, A Dadan nyarita, “Muhun Ibu, da kahoyong mah éngal-éngal nikah téh. Kirang saé kasebatna deuih ngalami-lamikeun téh. Nanging da panginten, pun raka téh sami bade nikah sasih payun. Saur babasanna mah, panginten abdi téh hoyong dipasihan waktos kanggo ngarénghap heula!”
 “Muhun atuh. Pesen ti Ibu mah, kahiji dugikeun salam silaturahmi ka sepuh Dadan. Kaduana, wartoskeun wé hoyong geura énggalkeun. Hawatos, da Déwi téh ningal tina yuswa tos nyekapan. Pami kedah disaurkeun mah, tos isin Ibu mah da réréncangan saentragana mah tos ngarais!” pok nu jadi indung, tegep nakeran.
“Insya Allah Bu, mangga! Neda pidua’na waé supados digampilkeun sagala rupina!
Emh, bet asa ku diaya-aya alesan sangkan geura mihukum téh. Rarasaan mah, tibaheula gé kapan Mamah téh tara masualkeun perkara pantesna umur dina nikah. Samalah, sok ngajujurung pikeun nuluykeun sakola saluhur-luhurna saméméh nikah. Leuh Mamah, enya kitu Mamah téh teu panuju?
Sabada kajadian éta kuring mutuskeun pikeun ninggalkeun imah. Kuring jadi guru honorér di Bandung. Pikir téh, hayang saheulaan jauh ti indung. Inggis nu jadi indung ngahihileudan sangkan ninggalkeun A Dadan. Kuring jeung A Dadan nyieun rarancang pikeun nataharkeun panganténan. “A, cariosan Mamah Déwi anu miwarang éngal-éngal mah, tong dicarioskeun ka Mamah Aa wéh. Hawatos bilih janten seueur émutan Mamah Aa-na. Urang émutan sareng usahakeun ku duaan wé perkawis waragad nikah mah!”
Dikitukeun téh, A Dadan ukur unggeuk. Dina paromanna kagambar ngarasa salah geus ngajak kuring ancrub kana kasusah manéhna. Satuluyna kuring ngadata barang-barang nu kudu dibeuli pikeun seserahan. Ogé sagala rupa nu dibutuhkeun dina lumrahna akad nikah. data barang-barang téh, ditapelkeun dina témbok kosan. Unggal bulan, lamun geus gajihan ku A Dadan hiji-hiji barang-barang téh sok dibeulian.  Lamun barangna geus kabeuli, data dina kertasna sok dicéklis. Sok pirajeuneun, unggal poé, hantem waé éta kertas téh dipariksa. Ngitung data barang nu can dicéklis.
Anapon kuring, unggal tos nampa gajih téh, sok buru-buru dipisahkeun pikeun tabungan nikah. Gajih sabulan nu teu sabaraha téh, dijejewét sangkan mahi keur kahirupan sapopoé jeung keur tabungan nikah. Kuring boga tékad, hayang maké tina hasil késang sorangan. Sok sanajan kulawarga kawilang jalma aya ogé.
“Nu tos dipésér téh, Al-qur’an kanggo mas kawin, bantal, anduk, sareng samping. Nu teu acan mah, seueur kénéh waé geuning A! Bad cover, acuk, sapatu, mukena sareng sejadah kanggo mas kawin, emas, ah meni seueur pokona mah!” pok téh dina hiji poé ka A Dadan.
“Keun atuh, sakedik-sakedik gé kapésér geura sadayana. Asal urangna tong bosen ihtiar, tong hilap ngadu’ana ogé. Yakin wé, da Alloh mah pasti nyekapan kana bubutuh mahlukna!” walonna.
“Muhun pa Ustad, hehehe!”
“Euh, ieu mah nya!” pokna bari nulak cangkéng. Api-api ngambek. Kuring nyeuleukeuteuk seuseurian.
Sup, potrét téh di kana handap bantalkeun. Nyéh kuring imut. Anteb naker. Tétéla, sagala perkara nu kungsi karandapan ku kuring jeung A Dadan, geus ngajirim jadi panineungan-panineungan nu mapaésan kahirupan. Bungahna, sedihna, bawirasa bakal jadi kawaas lawas nu moal pernah laas. Satuluyna, lalaunan panon téh dipeureumkeun. “Wilujeng wengi A!” pok hate kuring ngagerentes.
***
 Sasatna nyeri beuheung sosonggoteun kuring nganti-nganti A Dadan. Teuing geus sabaraha kali, bolak-balik noongan jandéla. Hate tagiwur, teu puguh rarasaan. Aya nu karasa nyelek kana tikoro. Kuring neureuy ciduh pait. Hawa panas ngahéab, nyiak mapay pipi. Aya nu nyurungkuy tina sela-sela panon. Sasabaraha kali, leungeun kuring pakeupis nyusutan nu nyarakclakan.
Datang A Dadan, cimata téh bet kalah budal teu kaampeuh. Puguh wé A Dadan reuwas. Di barengan ku inghak, kuring nyaritakeun Mamah nu nelepon tadi beurang. Mamah nu nitah ninggalkeun A Dadan. Cenah lila teuing ngaganggayong. Cenah lalaki nu geus siap nikah mah aya, kari kuringna. Asa ku teungteuingeun. Bet ku sangeunahna.
A Dadan ukur ngaheruk ngadéngé carita kitu téh. Teu lila, dampal leungeunna karasa ngusapan tiung. “Atos atuh Wi, ulah teuing jadi émutan nu kaleuleuwihi. Bilih kalah janten mamala. Ayeuna mah urang pasrahkeun wé sagala rupina ka Nu Kawasa. Ihtiar, ngadu’a, ku urang tos dilakonan. Tawekal wé urang mah.”
Sajongjongan, ukur simpé nu kumawasa. Ukur sasakali kadéngé sora sisiduen kuring. Teu lila A Dadan nyarita deui,” Éh Wi, pan kamari tos katambihan pépéséran téh, geura cék deui. Tos seueur can, barang nu kapésérna?  Mana candak kertasna kadieu! ” pokna marahmay, ah leuwih merenahna mah, ngamarahmay-marahmaykeun meureun. Ukur hayang ngabeberah kuring ti dituna mah.
Kabiasaan A Dadan mah, ari keur kitu téh sok nyaruakeun kuring jiga ka budak leutik. Anéh, kuring gé sok nurut deuih diparéntah kitu téh. Kertas dina témbok téh dicabut, tuluy dibacakeun, “Nu tos dipésér téh al-qur’an, bantal, anduk, bad co…ver…!” teu dituluykeun macana téh da nu merebey karasa beuki murubut. Aya nu ngajeletit kana rasa. Bet nyebit matak peurih.
Saenggeus sababaraha jam cumarita ngupah-ngapéh kuring. A Dadan pamitan. Tina jandéla, panon nu carindul téh, teu leupas ngawaskeun tonggongna nu beuki jauh beuki katingali leutik.
Balayarna cinta urang téh, balabuhna dina pulo kabagja. Pangjujugan cinta urang téh tujulna aya dina sahna nikah.  Kapan kitu harepan nu salami ieu teu weléh digalindengkeun téh A. Pasini nu kantos dicangreudkeun palias kedah diudar. Simpay asih paralun teuing kedah paturay. Hoyong nikah téh sareng Aa. Ngambah sagara rumah tangga téh hoyong sareng nu mikacinta tur dipikacinta. Tonggong A Dadan beuki leutik katingalina. Tuluy leungit sama sakali. Mugia Aa, mugia. Harepan urang diparengkeun laksana. Pok hate kuring ngagerentes.
                   Ujungberung, September 2014   

No comments:

Post a Comment