Panonna anteng neuteup sajumlahing
angka dina kalender. Satuluyna mangsi beureum ngabuleudan hiji angka. 20
Fébruari 2014. “Emh, waktu téh aya ku nyérélék teuing atuh!” gerentesna. Angka
20 dina bulan Fébruari lila diteuteup. Lila mencrong angka 20, kayakinana beuki
karasa ngariut. Angka 20 minuhan uteukna, karasa mapas harepan nu teu weléh
dipiara dina jeroning dadana. “Duh, Alloooh!” haténa jumerit. Aya nu ngeclak
kana sajumlahing angka dina kalender. Nu ngeclak beuki juuh maseuhan sakabéh
angka nu karasa pisan téréh baganti keur manéhna.
Isukan téh poé ulang taun manéhna.
Sasarina mah sok bérag ari ulang taun téh; sok atoh loba nu ngawilujengkeun, narima kado ti kolot jeung babaturan
deukeut,
Ngan beuki dieu poé ulang taun téh
bet jadi manglaksa kamelang pikeun dirina. Kiwari, ulang taun nu sok
ngabubungah manéhna téh kalah ngarerejét waruga reujeung batinna. Saban ulang
taun nu diliwatan ku manéhna beuki nambahan kahariwang jeung karingrang pikeun
jalma-jalma di sabudeureunana. Indung bapana, adina, dulur-dulurna, tatanggana
kabéh pada nganaha-naha.
Unggal aya nu panganténan,
patalékanana ragem sararua. “Ari Nining bade iraha atuh? tong dilamikeun deui
atuh Ning ari tos aya mah!”
Sok
ukur diwaro ku imut. Na dadana wéh sok karasa aya mangratus-ratus jarum nu
nyorokcok nyarocogan. Peureus nataku. Omongan-omongan ti kénca-katuhu geus teu
kaitung. Kekecapan-kekecapanana ngajirim hinis nu nyebitan sasemplék haténa.
“Si
Nining mah atuda pipilih pisan ka lalaki téh, teu nyadar ka diri. Padahal, mun
ceuk urang mah kamari basa Si Wawan ngajak kawin téh tarima wé ulah sok loba
paningkah itu ieu keur nampikan deui. Keun wé meunangkeun duda gé, da meujeuhna
atuh keur awéwé umur Si Nining mah!” ceuk Wa Enong ka indungna basa manéhna
nampik lamaran Si Wawan.
“Ah,
ari nu jadi kolot mah ukur bisa ngadu’akeun Ceu, rék kitu rék kieu gé.
Kaputusan mah aya di Si Nining, nu rék ngajalanana!” walon indungna.
Lain
teu hayang manéhna kawin téh. Lain maksud pulah-pilih lalaki deuih, basa sok
sering nampikan lalaki nu boga niat ngaleuleuheungkeun téh. Sadar pisan manéhna
gé yén dirina téh geus eweuh pikaresepeunana keur lalaki, tapi ari keur batur
hirup mah manéhna ogé hayang jeung lalaki nu bener. Keun teu rupa, keun teu
harta nu penting mah soléh. Bisa tanggung jawab ka dunya ahératna. Keur
manéhna, teu masalah Si Wawan duda, atawa tina segi fisik henteu kasép jeung
geus umuran. Nu teu bisa katarima ku manéhna, Si Wawan téh lain lalaki bener.
Geus lain béja deui, Si Wawan téh tukang gunta-genti pamajikan. Lalaki cunihin.
Sok sanajan manéhna ayeuna geus dibebereg kudu kawin gé lain hartina manéhna
narima sangeunahna lalaki, kitu ceuk pamikirna. Pamikiran nu sakapeung teu
katarima ku jalma-jalma nu di sabudeureunana. Ngan indungna meureun nu tara
pati otél kana pamikirana téh, teu weléh ngahargaan rék kitu, rék kieu gé.
Kituna mah meureun, ngaragap hate budakna nu jadi indung mah.
Ceu
Mimin, tukang warung gigireun imah manéhna, geus béda deui béja kekecapan nu kadéngéna
téh. Pajarkeun téh: “Nya pantes wé Si Nining mah jadi parawan kolot ogé. Budak
so alim kitu, baju jeung tiung gagayabagan, pagawéanana ngaharam-haram lalaki.
Ulin jeung lalaki haram, sasalaman jeung lalaki sasatna jiga rék paantel jeung
najis!”
Tara
ieuh dilayananan omongan nu kukumaha ogé. Ukur nyuksrukeun sirah dina
pangsujudan kabisana téh bari ceurik ngabangingik. Masrahkeun sagala rupa
kapeurih ka Nu Maha Uninga. Masih nongtoréng dina ceulina, ucapan-ucapan murobina
di kelompok halaqoh nu nyecep tiis ningtrimkeun sukmana.
“Kanggo
jalmi iman mah, sagala rupi kajantenan ogé, boh kabungah boh kasusah bakal
janten kasaéan; dipaparin kasusah anjeunna sabar, atuh pami dipaparin kabungah
anjeunna sukuran. Tong salempang da urang téh gaduh Alloh tempat pamuntangan.
Lempengkeun niat, ihtiar sing sampurna laju pasrahkeun sadayana ka Nu Maha
Kawasa. Insya Allah dipaparin pituduh!”
“Duh
Allooh, kiatkeun Ya Alloooh!” ucapna dumareuda disela-sela inghakna. Cimata
nyakclakan maseuhan mukenana. Sakapeung, sabada ngalakonan qiyamullail manéhna sok nyuksruk bari nginghak di luhureun amparan
sajadahna. Tipepereket ngarameusan kaén sajadah. “Ah Gusti, bet asa tos cape!”
ucapna liris. Lamun geus kitu, sok buru-buru manéhna ngucap istighfar, pakeupis
nyusutan cimatana, laju muka mushaf leutikna. Sorana ngagalindeng, macakeun
saban ayat dina Al-qur’an nepi ka kadéngé sora adan subuh ngalanglaeung ti
masjid kuloneun imahna.
Kalender
masih anteng diteuteup. Isukan umur manéhna geus jejeg tilu puluh taun. “ Ah
Mamah, Nina, sanésna Tétéh teu hoyong. Sanés Tétéh hoyong ngahalang-halang Nina
ngambah sagara rumah tangga. Tapi geuning Tétéh téh kieu waé. Tétéh téh kedah
kumaha atuh Mah, Na? Kedah kumaha? Da ari ihtiar mah Insyaallah éta gé. Prosés
ta’aruf sering dilakonan, ngan ukur méré hasil nu teu nyugemakeun. Saurna kedah
sering silaturahmi, sing sering istihoroh. Doa itu, doa ieu. Sadayana gé teu
burung dibaca. Panginten Alloh téh can mercantenkeun Tétéh laki-rabi!” haténa
hantem norowéco.
Jung
manéhna nangtung hareupeun eunteung. Bréh awakna sabeuleugeunjeur. Dina palebah
juru panonna atra pisan kulitna geus rada karinyud. Beungeut nu tara ngambeu
kosmétik téh dibulen ku cindung panjang nu nutupan buuk nepi kana dadana. Gamis
panjang nutupan sakabéh awakna. Gap kana tiung jeung bajuna. “InsyaAllah, sanés
ieu nu janten hahalang téh, sanééés. Duh Alloh, panceugkeun!” pokna humaréwos,
nyarita ka dirina sorangan.
***
Pasosoré
balik halaqoh, haténa geus ngarasa tingtrim. Kekecapan murobina saeutik bisa ngusapan tatu dina haténa. Sababaraha
proses ta’aruf nu gagal tingkolébat deui dina sawanganana. Ngajirim
rékaman-rékaman kahanjelu nu diputer dina layar gedé na uteukna. Kungsi ta’aruf
jeung lalaki anu umurna béda sataun
géséh jeung manéhna. Dasar lain jodo, sabada data ngeunaan manéhna katarima ku
éta lalaki, murobina ngabéjaan yén éta lalaki geus mutuskeun moal nuluykeun
proses ta’aruf jeung manéhna. Alesanana mah pédah manéhna néangan jodo anu
umurna leuwih ngora ti manéhna.
Kungsi
ogé ta’aruf jeung lalaki anu cenah geus siap pikeun ngambah rumah tangga. Data
lalaki nu rék dita’arufkeun jeung manéhna geus dicepeng. Tamba kesel, hiji
waktu manéhna néangan facebook éta
lalaki maké alamat email anu aya dina data pribadina. Rasa kuciwa meupeuh harepanana.
Sakujur awakna gumeter basa ningali foto-foto lalaki nu keur dita’arufkeun
jeung manéhna. Foto keur nangkeup awéwé, foto léléndéan jeung awéwé, jeung
poseu-poseu lianna nu kabéhna jeung awéwé ngajabrug dina facebook-na. Matak murel. Teu mikir panjang deui, harita kénéh gé
manéhna nelepon murobina, ngabatalkeun proses ta’aruf jeung éta lalaki.
Sababaraha
hiji proses taa’ruf nu gagal sakapeung nyieun trauma dina dirina. Nyiptakeun
rasa kasieun lamun ditawaran deui pikeun ta’aruf. Tapi murobi jeung babaturana
teu weléh nyumangetan, teu weléh méré harepan.
Teu
karasa motorna geus nepi ka imahna. Basa rék muka panto imahna manéhna
ujug-ujug ngarengkog. Samar-samar kadéngé aya sora lalaki jeung sora awéwé keur
patingcirihil. “Nina…” pokna ngagerentes. Hawa panas nyongkab dina dadana.
Panto dibuka, hawa panas beuki ngahéab ngarérab sakujur awakna. Di rohangan
tamu, Nina, adina nu awéwé keur anteng léléndéan dina lahunan lalaki. Ngadéngé
panto aya nu muka, duanana patingrarénjag. Sumawonna eungeuh nu muka panto téh
lanceuk awéwéna nu sok mapagahan perkara ngeunaan hijab, khalwat, jrrd.
Beungeut Nina pias.
“Téh
Nining tos uih?" pokna, sorana rada ngageter.
Ku
manéhna teu diwaro. Ngan ngagidig waé muru pangkéngna, nyumputkeun panonna nu
geus kakeueum ku cimata. Salila-lila manéhna diuk ngabatu dina biwir ranjang,
lalaunan manéhna ngusap cimata nu kakara bijil tina juru panon ku tungtung
tiungna. Samar-samar ti pangkéngna kadéngé sora Nina jeung kabogohna
patinggerendeng. Laju kadéngé panto ngagebrug.
Panto
kamarna diketrok “Téh Ning… Téh Ning, Nina wios lebet?”
Teu
diwaro. Manéhna masih anger panceg dina posisina. Biwirna gumeter, aya mangrébu
kecap nu ngan saukur wasa nyangsang dina tikorona. Samodél rasa kapeurih nu
hayang dileunjeurkeun dina mangpirang kalimah anu pinuh ku émosi. Nyelek. Biwirna
laju kunyam-kunyem ngucap istighfar.
Satuluyna
rasa kapeurih galo jeung rasa salah nu pinuh ku karumasa. Karasa aya nu
mangpéngkeun sasemplek haténa ka alam peteng. Sagala rupana ukur poék. Poék.
Ngolébat, beungeut indung bapana nu mangkarunyakeun ka manéhna sabab nepi ka
kiwari can aya nu ngaleuleuheungkeun. Tuluy adina, nu geus boga calon tapi kahalangan
ku manéhna. Kacipta kénéh paguneman Indungna jeung Nina peuting harita, nu teu
kahaja kadéngé ku manéhna.
“Na,
nikah téh kudu si Tétéh heula. Pamali, ulah ngarunghal lanceuk. Komo lanceuk
awéwé!” ceuk Indungna.
“Moal
Mah, da Nina gé ngartos.” Walon Nina.
“Sing
bisa ngaragap hate Si Tétéh, ulah sok ngomong-ngomong Kang Arif ari hareupeun
Tétéh téh!”
Trok…trok,
panto kamarna kadéngé diketrok deui. “Téh, hapunten Nina!” pok Nina dumareuda.
Cimata
teu kaampeuh laluncatan tina juru panonna. Teu lila kadéngé sora léngkah Nina
nu ninggalkeun panto kamarna. “Deudeuh bageur, Tétéh nu kedah dihapunten mah
bet jadi hahalang pikeun kabagjaan Nina, meureun mun ayeuna Nina rerejeungan
sareng pameget nu can halal ogé, éta téh gara-gara Tétéh. Tétéh nu kedah dihapunten
mah Na, Tétéh…” pokna ngagerentes
Kalender nu geus dibuleudan angkana diteuteup
deui. Isukan téh ulang taun. Umurna jejeg tilu puluh taun. Isukan téh ulang
taun. Manéhna pasrah ka ulang taun nu beuki dieu sok ngandelan rasa hariwang dirina
jeung kamelang jalma-jalma sabudeureunana. Dina jero haténa manéhna geus
itikad, isukan manéhna rék ngomong ka adina Nina jeung ka kolotna. Rék
ngajujurung nitah Nina sangkan geura ngahalalkeun cintana. Rék ngayakinkeun
indung bapana yén manéhna ihlas dirunghal tur rék nyanghareupan omongan peureus
ti tatanggana ku kasabaran.
Manéhna
mungkas solat maghrib ku du’a nu panjang. Ngabalakakeun sagala rupana ka Nu
Maha Uninga; manglaksa lara jeung harepanana éstuning dibéjérbéaskeun. Robby
la tadzarny fardan
wa anta khoirul waritsiin “Pokna
nutup dua’na. Du’a nu salila ieu teu weléh gumeter dina tungtung biwirna,
marengan harepan, kapeurih turta rasa hariwangna.
Subang, Maret 2014
Katerangan:
Halaqoh= kelompok-kelompok anu
ngadiskusikeun masalah kaislaman.
Murobi= nu ngabimbing jalanna
halaqoh, bisa disebut guru ogé.
Qiyamullail= ngalakukeun ibadah di
waktu peuting, saperti wiridan, solat tahajud, jeung solat-solat sunah liana.
Ta’aruf= wawanohan pikeun néangan jodo ku cara anu
saluyu jeung aturan agama Islam.
Khalwat= paduduaan jeung lawan
jinis nu lain muhrim.
Robby la tadzarny fardan
wa anta khoirul waritsiin= du’a tina surat QS Al-anbiya ayat 89 nu hartina “Nun Gusti Pangeran abdi! Mugi Gusti henteu ngantepkeun
abdi hirup nunggelis, sareng nya Gusti
anu Pangsaé-saéna miwaris “.
Du’a ieu biasa diamalkeun, saupama hayang geura ditepungkeun jeung jodona
No comments:
Post a Comment