Meunangkeun Jodo Idaman - Fitria Puji Lestari

Home Top Ad

Responsive Ads Here

Sunday, October 27, 2013

Meunangkeun Jodo Idaman



Geus jadi pasoalan anu umum pikeun sakumna awéwé jeung lalaki anu kiwari diuk dibangku kuliah seméster ahir lian ti mikiran sual skripsi jeung sidang téh nya éta mikiran ogé perkara jodo. Hal ieu lain perkara leutik pikeun maranehna anu masih keneh lengoh, lantaran jadi panangtu pikeun kahirupan kahareupna. Rek jalma anu kumaha baé kaasup anu baragajul, tetep pasti hayang meunangkeun jodo anu soléh tur soléhah, ner teu?
Umumna sakumna jalma pasti hayang meunangkeun salaki atawa pamajikan anu saluyu jeung nu dipikahayangna, tangtuna kritéria éta téh geus jadi kritéria umum,  kayaning bageur, soléh/soléhah, beunghar, kasep tur geulis. Sagala rupa cara dilakukeun sangkan bisa meunangkeun jodo tipeu jiga kieu téh. Urang gambarkeun geura lalampahan nu ilaharna dipilampah demi meunangkeun haté Si Manéhna, cara-carana biasana mah moal jauh ti kieu da: ngahadé-hadé sikep mun dihareupeun Si Manéhna, caper alias cari perhatian, ngomong nu tadina sok celetak-celetuk ngadadak jadi sopan lamun hareupeun Si Manéhna, lalampahan dialus-alus, lamun wanoja biasana sok bébéakan dangdan sangkan katingali geulis; meulian mangpirang-pirang kosmétik, mangpirang-pirang model baju, aksésoris jsb. Wah riweuh pokona mah nya! Hmm, enya kitu carana kudu saripuh kieu?
            Mémang wajar lamun urang hayang ngajodo jeung jalma nu alus nu bakal dijadikeun tempat  panyarandéan haté.  Tapi samemehna urang gé kudu nilik heula kana kaayaan diri urang sorangan. Anapon ari jodo kapan éta téh sabenerna mah eunteung tina diri urang. Dina Al-Qur’an  dijéntrékeun awéwé-awéwé anu goréng akhlak katut kalakuanana pikeun lalaki anu goréng akhlak jeung kalakuanna, sedengkeun awéwé-awéwé anu soléhah pikeun lalaki anu soléh”(QS. An-Nur:26). Tah ku kituna, lamun urang hayang meunangkeun jodo anu soléh atawa soléhah, kuduna mah nanya heula ka diri sorangan: naha diri urangna geus soléh atawa acan, geus soléhah atawa acan? Lantaran anu jadi patokan urang meunangkeun jodo anu kumaha-kumahana téh gumantung kana kaayaan diri urang sorangan.
Hmm, sakitu jéntréna pan Allah méré pituduh  ngeunaan pijodoeun urang. Nu ngajadikeun pituduh jadi teu jéntré téh, sabenerna mah urang, da urang mah jarang maca jeung ngalenyepan ayat-ayat Al-qur’an, jadi wéh teu meunang pituduh. Jadi, geus ah ayeuna mah teu kudu riweuh-riweuh nyieunan stratégi pikeun caper  pikeun ngala haté Si Manéhna. Mending urang mah pokus ka diri urang sorangan; kumaha carana sangkan bisa soléh/soléhah, kumaha carana sangkan bisa leuwih deukeut ka Nu Ngatur jodo urang.





No comments:

Post a Comment