Fitria Puji Lestari
Pernah
ngalaman sedih? Lamun ceuk basa ayeuna mah, ‘Galau’? Nyeri hate, nepi ka sasatna gering nangtung ngalanglayung,
tunggara teu manggih tungtung? Hmm…pastina pernah atuh. Kuring yakin unggal jalma rék nu beunghar rék nu sangsara, rék nu
geulis rék nu goréng, jrrd, kabéhanana pasti pernah ngalaman rasa nu kitu.
Rupa-rupa kasang tukangna mah, ti mimiti gara-gara putus jeung kabogoh, ditolak
cinta, disalingkuhan, leungit duit, leungit HP, boga beungeut nu pas-pasan, dicarékan
dosen, meunang niléy C atawa BL, nepi ka ditinggal maot ku jalma nu
dipikacinta. Wah, pokona mah loba wéh nu ngalantarankeun urang bisa sedih mah.
Rupa-rupa karakter
jalma, tangtuna bakal béda ogé dina nyikepan jeung ngaekspresikeunana. Urang
gambarkeun geura kajadian nu ilaharna, runtuyanana biasana moal jauh ti kieu da:
kapikiran waé, haté asa diturihan ku hinis, kapeurih beuki peureus jejeletitan
tur nyanyautan, asup ka kamar ngerem sorangan, horéam dahar, teu bisa saré,
jamedud tur buad-baeud, mimiti teu bisa nahan émosi, nyalahkeun batur, stadium parahna nyalahkeun
Allah tuluy wéh nyieun kaputusan anu salah. Waduh, parah nya! Naha enya kitu sedih
kudu nyiksa sorangan? Penting teu sih ngagugulung rasa sedih?
Musibah, kasedih sabenerna éta téh mangrupa
ujian pikeun hirup urang. Nalika urang ngaku jadi jalma anu iman, mangka ujian
téh jadi perkara anu ‘wajib’ datang ka urang. Kadé tong salah sangka, ujian
tumiba ka urang téh lain nasib sial atawa ngan ‘saukur’ ngajadikeun urang
galau. Ujian nu datang, lain totondén yén Allah téh teu nyaah ka urang deuih,
malah justru sabalikna; ujian téh mangrupa kasempetan keur urang pikeun
ngabuktikeun jadi muslim nu sajati.
Tenang..tenang teu kudu salempang jeung sieun
nyanghareupan ujian. Ujian téh hal nu biasa jeung moal ngabahayakeun. anu kudu
dipikasieun mah lamun urang teu bisa nyikepan ujian ku cara nu wijaksana. Hayoh,
sok kumaha urang nyikepan ujian? Riweuh, galau, peungas harepan, nu leuwih
parah deui lamun geus teu percaya ka
Allah; néangan panyalindungan ka salian ti Allah, lumpat ka dukun, ka tukang
ramal, ménta tulung jeung ngagantungkeun harepan ka mahluk anu puguh-puguh teu
boga daya jeung upaya, poho ka Gusti Allah Nu Maha Maparin Pitulung. Naudzubillah himindalik.
Enya da sok tara sadar nyikepan masalah jeung kasedih ku
cara nu salah téh. Misalna nya, lamun
urang téh keur loba kabutuhan nu kudu dibeuli, loba bayareun, nu nagih hutang
jsb., sedeng kaayaan urang téh keur teu boga duit. Naon geura hal anu ilahar dilakukeun
ku urang lamun kaayaan saperti kieu? Pasti urang bingung, gagalapakan unjam-injeum kaditu-kadieu,
ngagantungkeun harepan ka mahluk; fokus miharep ka babaturan nu bakal nginjeumkeun
duit. Urang kalah poho ka Allah nu
sabenerna tempat pamuntangan urang nu taya tandingna. Coba pikir, padahal
mahluk téh aya dina ranggeuman kakawasaan Allah, bisa wé éta babaturan dalit nu
sok bageur jeung teu weléh mikanyaah téh dibalikeun haténa ku Allah jadi malik
sebel jeung enek ka urang. Kapan meureun boro-boro méré injeum duit, bet
papanggih gé haroréam. Sagalana bisa jadi kajadian ku kakawasaan Allah mah,
euweuh nu hésé jeung mustahil. Allah Maha Ngabolak-balik haté.
Geus ah, ti mimiti ayeuna mah mending urang robah cara
nyikepan kasedih téh. Tong ngagugulung kasedih sumawonna nyiksa sorangan mah, enyaanana
ogé teu penting jeung teu kudu pisan kikituan téh. Sanghareupan ujian ku
kasabaran, ihtiar, ngadua jeung tawakal. Pasrahkeun sagala masalah ka Allah
SWT. Stop! ti mimiti ayeuna ulah loba
ngagantungkeun harepan ka mahluk. Miharep ka mahluk, siap-siap wé pikeun kuciwa jeung nandangan kapeurih. Ah tuda ngaranna ogé mahluk, sahadé-hadéna
ogé moal aya nu sampurna. Urang kudu yakin, urang pasti bisa nyanghareupan
masalah-masalah dina kahirupan urang, sabab Allah mah moal maparinan ujian anu
teu saluyu jeung kadar kamampuh mahlukna.
Ngarasa sedih mémang wajar, sabab cipanon téh aya. Éta hartina, Allah téh
geus ngizinan ka urang pikeun boga rasa sedih. Ngaréspon ku cipanon nu nyurucud
kajeun lah, nu ulah téh katutuluyan ceurikna, komo bari jeung lolongséran
ngomong teu pararuguh mah. Ulah kaleuleuwihan alias lebay, éta téh jalan sétan.
Allah ngalarang urang nunutur buntut sétan,
sabab sétan mah ti baheulana gé teu pernah mikaresep kabagjaan urang. Sétan mah
bakal salawasna sirik ka urang, maranéhanana geus ngaluarkeun Nabi Adam jeung
Siti Hawa ti surga jeung moal pernah mikaresep urang nincak surga.
Keun wé nu geus
kajadian mah, da mémang kuduna kitu. HP leungit, geus kuduna leungit. Teu jadi nikah jeung nu
dipikacinta, éta téh lain jodona wé matak kitu téh. Katangtuan Allah teu bisa
digugat. Éta téh geus jadi takdir nu teu beunang dipungkir. “Henteu tumiba bahaya (musibah) di bumi jeung
kitu deui henteu ka diri maranéh, anging anu (geus titis tulis) dina kitab,
saméméh kami ngajadikeunana. Saéstuna anu kitu téh gampang keur Allah mah,
supaya maranéh henteu nalangsa alatan saniskara anu luput ti maranéh, jeung
sangkan maranéh henteu bungah liwat saking ku saniskara dipaparinkeun ku Allah
ka maranéh, jeung Allah henteu micinta sakur jalama anu arangkuh turta sombong”
(QS Al-Hadid: 22-23).
Mémang teu salah sih, lamun urang boga rencana, kahayang
jeung harepan. Boga kahayang mah manusiawi, salasahiji fitrah manusa éta téh.
Tapi, sakuduna mah kahayang téh mangrupa perkara nu dipikaresep ku Allah. Ari
masalahna, kapan urang mah seseringna maksa, nuegtreug jeung merekedeweng
pikeun ngahontal kahayang nu teu saluyu jeung nu dipikaresep ku Allah. Dina
ngadu’a gé, urang mah angger wé maksa ka Anjeunna, jiga nu teu yakin yén anu
teu dipikaresep ku Anjeunna téh lain nu panghadéna keur urang. Padahal Allah
mah uninga, kana sagala perkara nu hadé keur urang jeung perkara nu goréng keur
urang. Can tangtu hayoh, anu dipikahayang téh perkara nu hadé keur urang.
Kukituna, lamun harepan patukang tonggong jeung kanyataan, alusna mah sing
ihlas, yakin éta téh nu panghadéna keur urang.
Lamun urang lenyepan deui, sabenerna kahayang jeung
perkara nu dipikasedih ku urang téh leuwih deukeut kana napsuna da. Pék wé
geura nya, lamun dititah milih kahayang, mending dihina atawa dipuji. Tangtuna,
urang hayang milih dipuji pan? Urang mah sok resep pisan ari geus dipuji jeung
diajénan téh. Coba , lamun ku urang lenyepan deui, naha enya kitu urang pantes
meunang pujian jeung diajénan? Padahal urang téh kotor ku dosa, hina ku maksiat,
lamun Allah ngidinanan bisa waé kagoréngan urang téh dibukakeun kabéh, leuh
manaha teuing érana meureun nya! Hadéna Allah nutupan sagala kagoréngan urang
nya, jadi wéh urang téh dipuji jeung diajénana ku batur. Padahal, enyana gé teu pantes pisan da urang
narima pujian téh.
Terus ayeuna perkara nu dipikasedih ku urang, éta gé sarua
deuih lolobana mah deukeut-deukeut ka napsu. Coba pikiran deui geura, kasang
tukang nu ngabalukarkeun urang sedih. Rata-rata mah gara-gara masalah dunya da;
diputuskeun kabogoh, leungit HP, hésé néangan gawé, teu lulus ujian, teu boga
fasilitas hirup nu sarua jeung batur, jrrd. Tapi, nalika urang leungiteun anu
sipatna ahérat, asa jarang da urang nepi ka sedih atawa ceurik. Misalna, nalika
leungit kahayang pikeun ibadah, leungit katakwaan, leungit kaimanan, naha nya
urang sok haré-haré waé, teu sariweuh jeung teu sagalau lamun urang kaleungitan
HP atawa leungiteun dompét? Tuh ah, teu adil pan.
Sabenerna, tingkat kapeurih téh patali jeung kacintaan
urang kana dunya. Beuki gedé cinta urang kana hiji perkara, beuki peurih nalika
kaleungitanana. Nu gedé kacintaanana kana dunya mah hirupna teu normal, loba kahariwang,
loba galau; salempang lamun leungit, salempang lamun harepan teu jadi kanyataan,
jsb. Beuki fokus nyangahareupan nu sipatna kadunyaan, urang bakal beuki teu
maliré kana nu sipatana ahérat. Haduh, padahal ahérat téh kahirupan urang nu
saenyana hayoh. Jadi, leuwih hadéna mah kasedih nu keur karandapan téh
dilenyepan deui geura, naha éta téh kasedih anu penting atawa teu penting? ^_^ Cag
ah Wallohu alam bishowab (Fitria)
No comments:
Post a Comment