LOBA TEUING KAHAYANG - Fitria Puji Lestari

Home Top Ad

Responsive Ads Here

Sunday, October 27, 2013

LOBA TEUING KAHAYANG



Fitria Puji Lestari

            Geus beunghar hayang leuwih beunghar. Geus geulis hayang leuwih geulis. Pondokna, manusa mah sok ngarasa teu cukup. Tangtuna, urang mindeng ngadéngé aya nu korupsi padahal lamun dititénan gajihna téh geus kawilang gedé. Atawa urang sering ningali wanoja, anu ngaluarkeun waragad gedé demi meuli kosmétik atawa indit ka salon, padahal lamun ditilik-tilik sabenerna wanoja éta téh teu goréng-goréng teuing, malah kaitung geulis.
            Salila manusa kumelendeng, hirup di alam dunya, jigana kahayangna gé moal pernah suda. Nu matak dina hirupna, manusa moal weléh usaha jeung ihtiar.  Malah mandar, teu saeutik jalma anu ngahalalkeun sagala cara, tunggul dilarung, catang dirumpak demi ngahontal sagala harepan jeung kahayangna.
            Ku sabab pokus teuing kana kahayang, obsesi ogé ambisi urang mah sakapeung sok kalah mopohokeun ka nu geus aya. Urang mah sok riweuh jeung galau ku ni’mat anu eweuh, sedeng ni’mat nu geus aya dipopohokeun, tara di syukuran. Conto leutikna wéh, lamun urang ku Allah téh keur dicoba boga jerawat hiji dina pipi, kapan urang mah sok stress jeung riweuh ku jerawat nu hiji; ditutupan, disalepan, paké kosmétik itu, kosmétik ieu padahal mah lamun dipikiran make perhitungan, coba bandingkeun jerawat jeung beungeut urang, gedéan mana? Kapan gedéan bengeut lain? tapi naha geura, nu dipikiran téh jerawat  nu leutik lain mikiran syukuran geus dipaparin ni’mat beungeut nu sampurna; aya kulitan, aya mataan nu bisa ningali, aya irung anu bisa ngangseu rupa-rupa babauan, jrrd.
Sakapeung deuih urang mah sok ngarasula jeung ngarasa Allah teu adil nalika du’a jeung harepan urang patojai’ah jeung kanyataan. Ceuk logika: kapan urang téh geus ngadu’a, geus beak déngkak  usaha jeung ihtiar, sasatna tisusuruk tidungdung, dug hulu pet nyawa, tapi buktina kalah gagal. Lamun geus kitu urang pasti mikir, Allah téh teu ngahargaan kana usaha urang, atawa Allah téh teu nyaah ka mahlukna. Naha enya kitu?
Saenyana Allah téh nyaah jeung cinta ka mahlukna. Cinta Allah ka mahlukna béda jeung cinta urang. Teu jiga cinta urang ka papada mahluk anu miharep cinta nu sarua nalika mikacinta, miharep balesan jeung harepan-harepan lianna nalika barang béré. Allah mah mikacinta jeung barang béré sagala nu dibutuhkeun ku mahluk-Na teu make harepan nanaon, teu make émbél-émbél hayang dibales nanaon. Kaagungan Allah SWT mah moal ngurangan najan mahlukna teu nganuhunkeun gé. Terus, naha atuh Allah téh teu ngaijabah sakabéh du’a jeung harepan mahlukna lamun Allah cinta ka mahlukna? Anu kudu  dipikaharti jeung dilenyepan ku urang, sabenerna Allah mah maparinan anu dibutuhkeun ku urang lain anu dipikahayang ku urang. Kabutuhan jeung kahayang téh béda hayoh! Can tangtu anu dipikahayang ku urang téh kabutuhan urang. Allah Maha uninga, naon nu hadé keur urang jeung naon anu goréng keur urang. Allah leuwih apal kana kabutuhan urang dibanding urangna sorangan. Teu percaya? Coba pikirkeun ku urang, aya sabaraha léter getih nu kudu ngamalir dina awak urang dina sapopoena, sabaraha kali urang kudu ngiceup dina semenitna, kudu sakumaha oksigen anu kudu urang seuseup dina saban detikna, kapan urang mah teu apal. Urang tara ménta lain, tapi Allah mah apal kana kabutuhan urang, teu weléh nyukupan we kana kabutuhan urang teh. Allah tara ngaleuwihan, ogé tara ngurangan jatah ngiceup urang, jatah oksigén, jeung jatah getih urang. Subhanalloh, walhamdulillah, walailahailalloh wallohu Akbar walahaula walaquwata illa bilahil A’liyul adzim. Allah suci sedeng urang téh kotor. Allah Agung sedeng urang téh hina, Allah kuat sedeng urang téh lemah.    
Salila ieu hirup urang téh ngaco, mindengan maksiatna tibatan tobatna, loba dosana tibatan ibadahna. Tapi Allah mah tetep nyukupan kana kabutuhan urang. “Nya ni’mat Pangéran maranéh nu mana anu ku maranéh dibohongkeun téh?” (QS. Ar-Rahman:21).
Geus sapantesna urang syukuran kana ni’mat nu geus dipaparin ku Anjeunna. Teu kudu salempang jeung ni’mat-ni’mat anu can datang ka urang. Teu kudu hariwang bisi teu meunangkeun ni’mat-ni’mat saperti ni’mat nu geus dipiboga ku batur. Tapi urang kudu ngarasa salempang jeung hariwang lamun teu syukuran kana ni’mat-ni’mat anu geus Allah paparin ka urang. Jangji Allah dina Al-Qur’an pikeun jalma-jalma anu syukuran “Jeung (sing inget) nalika pangéran maranéh cumeluk: “saéstuna saupama maranéh muji sukur, tanwandé kami baris nambahan (kurnia) ka maranéh, jeung upama maranéh kupur, nya saenyana siksaan kami kacida peurihna.”(QS. Ibrohim:7).

No comments:

Post a Comment