Fitria Puji Lestari
Beuki loba
ngarang, bakal loba galau. Ciyus ieu mah, nelan, ga oong. Nu matak hirup mah
ulah loba ngarang geura. Nya leuheung lamun ngarang carpon, ngarang sajak, nu
kitu mah alus. Mun dimuat kan honorna ogé lumayan. salahna, urang mah karesepna
téh loba ngarang-ngarang kahirupan ku hal-hal nu teu kudu. Ngarengi-rengi
ciptaan kahirupan ku hal-hal nu pisusaheun.
Keur kuliah
urang geus ngababadé kumaha lamun pas lulus hésé néangan pagawéan. Duit saeutik
deui sawangan urang geus jauh, sieun duit teu nyukupan kabutuhan. Teu boga kabogoh, pikiran urang rieut sieun
teu payu jeung teu nikah. Boga niat hayang nikah, sieun teu bisa nganapkahan.
Ah, pokona mah loba wéh karangan urang mah. Jigana lamun dijieun paragraph
narasi, eksposisi atawa deskripsi moal cukup ku salembar polio tah karangan
urang téh. Tapi hadéna teu resep nulis iwal ti nulis status nya, jadi wéh urang
teu cape nuliskeun karangan kahirupan dina polio.
Kanyataan hirup
mémang teu sakabéhna saluyu jeung harepan urang. Aya jalma anu keur boga duit
pas-pasan, tuluy duitna téh kacopétan. Aya lalaki jeung wanoja anu geus
pada-pada yakin bakal dipareng laksana ngambah sagara rumah tangga, ujug-ujug
teu jadi nikah. Pasti sedih da lamun
masalah jiga kieu tumiba ka urang. Logika urang: rék kumaha teu sedih atuh,
duit téh keur mah sakikituna ayeuna kalah leungit, rék kumaha nutupan biyaya
hirup satuluyna.
Sabenerna inti
ku naon urang bisa sedih téh, aya dina cara urang nyikepan masalah éta.
Kabiasaan urang, ari meunang masalah téh sok loba didramatisir. Urang mah sok
leuwih loba ngararasakeun kanalangsaan jeung kapeurih anu sabenerna
dibalukarkeun tina karangan ngeunaan kamelang jeung kasieun urang. Antukna,
urang ngarasa susah jeung kasiksa.
Padahal Allah mah moal mere ujian diluar kadar
kamampuh mahlukna. (QS. Al Baqarah:286) Unggal pasualan jeung masalah anu
tumiba ka urang geus diukur ku Allah saluyu jeung kamampuh urang. Allah Maha
Uninga kadar kamampuh urang tibatan diri urangna sorangan. Nu matak sabenerna
mah teu kudu hariwang kana kanyataan pait anu tumiba ka urang. Kanyataan pait
moal bahaya, anu bahaya mah lamun urang salah nyikepan kanyataan pait ku cara
frustasi, galau jeung peungas harepan. Sikep ngagedé-gedékeun masalah jiga kitu
sabenerna mah anu sok ngajadikeun masalah gedé téh.
Sanghareupan
kanyataan hirup, boh nu pait boh nu amis ku sikep anu tenang, nyantéy, pikiran
anu béngras, tur hate nu jembar. Pasrahkeun sagala masalah urang ka Nu Maha
Ngaréngsékeun masalah urang. Sarandékeun hate jeung mangpirang harepan urang
ukur ka Allah. Ku sabab ukur Allah anu bisa nulungan urang. Ukur Allah anu
nangtukeun sagala kajadian nu pait jadi amis jeung nu amis jadi pait. Allah
Maha Kawasa. Hasbunallah wani’mal wakil ni’mal maula wani’mannasir (QS.
Al-Imran: 173)
No comments:
Post a Comment