Fitria Puji Lestari
Teu
karasa, lebaran téh geus tinggal ngitung ramo. Hartina, geus hampir sabulan
urang ngajalankeun puasa téh meureun nya?
Saperti Romadon-romadon nu sasarina, ari geus pertengahan puasa atawa ahir-ahir
puasa mah sok rada béda karasana jeung awal-awal puasa. Masigit beuki karosong,
nu tarawéhan beuki lalowong, tadarusan gé teu sasumanget basa mimiti puasa;
lamun awal puasa mah sapoé bisa sa-juz rada belah dieu mah salambar gé sok seuseut.
Kabiasaan
urang nyanghareupan bulan Romadon tétéla
teu jauh jeung bulan Romadon nu sasarina. Bulan puasa téh ku urang mah sok
diidéntikkeun jeung bulan pangedulan. Inget baheula keur jaman sakola maké seragam-ayeuna mah sakolana tos teu
ngangggé seragam-kapan gening waktu diajarna téh sok dikurangan gara-gara keur
ngajalankeun ibadah puasa. Lamun dibéré PR ti sakola urang gé sok ngarenghik ka
guru sangkan PR-na tong loba teuing, éta
gé alesanana pédah keur bulan puasa.
Di Sunda, ari bulan
puasa téh sok aya istilah ngabeubeurang
atawa ngabuburit. Ari nu dimaksud acara ngabeubeurang atawa ngabuburit téh
biasana mah moal jauh ti jalan-jalan, maén ular tangga, ngadaweung bari
ngalobrol ngalér-ngidul. Éta téh lamun
aya babaturan. Lamun eweuh babaturan urang gé moal éléh géléng nyieun acara
sorangan. Acara pangpaporitna lamun keur sorangan mah, moal aya deui da iwal ti
ngagugulung bantal jeung kasur alias peureum. Pondokna, bulan puasa mah ulah
loba teuing cacapéan sabab bisi téréh leuleus jeung lapar cenah.
Naha
enya bulan puasa téh bulan pangedulan? Naha
enya bulan puasa mah ulah loba cacapéan sabab bisi téréh lapar? Asana mah
kurang merenah da, upama ngaidentikkeun bulan puasa jeung bulan pangedulan. Dina
sajarah malah loba kajadian pinuh ku prestasi justru kajadianana téh nincak
dina bulan Romadon.
Inget
teu kana kajadian fathu Mekah? Nalika Nabi Muhamad jeung 10.000 pasukanana ti
Madinah datang ka Mekkah, tuluy bisa ngawasa Mekkah kalawan teu make pajogregan,
sakaligus bisa ngancurkeun talékong-talékong anu aya di sabudeureun Kabah.
Kapan éta téh kajadiaanana dina bulan Romadon pernahna dina taun 8 Hijriah.
Tuluy perang
badar dina taun 2 Hijriah, bayangkeun! Harita pasukan muslimin anu ngan saukur 313 urang dihurup ku kapir Quraisy ti Mekkah
anu jumlahna aya kana sarébuna. Dina
kakuatan anu teu sabanding jeung musuh, paperangan téh dimeunangkeun mutlak ku
kaum Muslimin. Éta kajadian téh, ogé nincak di bulan Romadon.
Aya deui perang anu kajadianana di Andalusia
(Spanyol ayeuna) dina taun 92 Hijriah. Perang éta dipingpin ku Tariq bin Ziyad.
Kajadian nu matak ahéng, harita Tariq bin Ziyad kalah maréntahkeun pasukanana
pikeun ngaduruk parahu-parahu pasukanana, hartina éta pasukan téh moal bisa
balik pikeun mundur sabab parahuna diduruk. Ditengah-tengah pasukanana nu hélok saenggeus ngalaksanakeun paréntah
pingpinanana, Tariq bin Ziyad pidato dihareupeun pasukanana. Pokna “Ayeuna
urang ngan ukur boga dua pilihan: ngéléhkeun nagara ieu tuluy cicing didieu
atawa kasambut pati kabéhanana! Eweuh
jalan deui pikeun lumpat, nyalametkeun manéh! Ditukangeun maranéh aya laut,
dihareupeun aya musuh. Demi Allah, eweuh nu bisa dipilampah ku maranéh iwal ti
daria bari ihlas sarta sabar!” Saeunggeus ngadéngé pidato Tariq bin Ziyad,
pasukan muslimin ngagedur sumangetna. Pasukan muslimin anu ngan ukur 12000
ngalawan pasukan Roderik anu jumlahna 100000. Paperangan anu lumangsung 8 poé
téh dimeunangkeun ku pasukan Muslimin. Deui-deui éta kajadian téh nincak dina
bulan Romadon.
Ngomongkeun kajadian-kajadian di bulan Romadon.
Urang gé ulah poho ka nagara urang sorangan, Indonésia. Jigana lain perkara anu
kabeneran ogé, lamun proklamasi urang ogé kajadiaanana téh aya dina bulan
Romadon.
Lamun urang nyawang kana sajarah, tangtuna ieu
téh mangrupa bukti yén bulan Romadon téh lain bulan pikeun males, tapi
sabalikna bulan Romadon téh justru kudu dijadikeun kasempetan pikeun urang
sangkan ngalobakeun prestasi. Prestasi di dieu maksudna lain ngan saukur dina
kontek préstasi akademik atawa préstasi meunang dina pasanggiri wungkul.
Prestasi didieu miboga harti jembar; maca Al-qur’an anu tadina saayat terus
dina bulan Romadon nambahan jadi dua ayat éta ogé bisa disebut prestasi,
ningkatna kaimanan jeung katakwaan gé bisa disebut prestasi.
Sumawonna ayeuna téh geus nyanghareupan
panungtungan bulan Romadon. Kuduna mah amal kahadéan téh kudu leuwih ningkat
deui. Dina hiji katerangan disebutkeun “Rosululoh
SAW saupama nyanghareupan 10 poé panungtung di bulan Romadon, anjeunna
mageuhkeun tali sarungna (nyatana, ningkatkeun amalan ibadahna), ngahirupkeun peuting-peutingna,
jeung ngahudangkeun para garwana” (H.R Muttafaqun’alaih)”
Hayu ah, urang
sumanget, ningkatkeun amal kahadéan di
bulan Romadon. Pokona bulan Romadon ieu kudu reunceum ku prestasi. Satuju!
No comments:
Post a Comment