Cihuy…sakeudeung
deui valentine!
Saperti
taun-taun sasarina, dimana-mana pasti pulas kayas. Di unggal mal dipamérkeun nu sarwa kayas, baju
kayas, aksésoris kayas, coklat anu wangunna jiga écéng anu dipapaés ku pita
kayas, rupa-rupa bungkus kado anu ogé pulas kayas. Ah pokona mah kabéh
kararayas, ngan bujur katél meureun nu teu miluan kayas téh, anger hideung
hehehe.
Valentine
téh hari kasih sayang cenah, poé anu
ninggang dina tanggal 14 Februari téh ilahar dijadikeun momen ngébréhkeun kanyaah jeung cinta, boh ka kulawarga boh ka
kabogoh. Ilaharna disimbolkeun ku pulas kayas, cenah mah kayas téh warna kasih sayang. Sakapeung mah sok
mikir, naha kudu kayas nya? henteu pulas bungur atawa kulawu, atawa beureum wé
atuh! Eh pan beureum mah partey PDI nya hihihi, ah jadi kamana-meni atuh ieu
téh.
Ngawangkong
ngeunaan kanyaah jeung cinta, mémang resep. sok jadi topik favorit, geuning
loba film atawa sinetron nu konflikna masalah cinta, lagu-lagu pop kabéh
ngaromongkeun cinta, asa teu bosen jalema téh ngagugulung cinta. Éta téh
cingcirining yén cinta téh mémang dibutuhkeun pisan ku manusa. Boga rasa cinta
mémang wajar justru nu teu boga rasa cinta nu teu normal mah. Ngan sakapeung
urang sok salah nyikepan rasa kieu téh, dina hiji hadist, Rosululoh SAW kantos
ngadawuh “ Cinta anjeun kana hiji perkara
ngajadikeun anjeun lolong jeung torék” (HR Abu Dawud jeung Ahmad). Tuh kadé
ah bisi tibatan jadi anugrah cinta téh kalah jadi musibah. Duh…amit-amit atuh
nya!
Cinta
anu bener nu pasti cinta nu halal, cinta nu mémang dipikarido ku Allah SWT.
Tapi kadé kudu sawajarna. Biasana lamun manusa geus mikacinta hiji perkara sok
kaleuleuwihi, sok ngarasa ngabogaan kalawan mutlak. Antukna hirupna jadi teu
normal. Endah tapi loba galau, loba
kasieun jeung kasusah. Susah lamun nu dipikacinta kumaha onam. Cinta nu kieu
yeuh nu ngajadikeun peurih nalika hiji mangsa kudu leungit, dipundut ku Nu Mutlak
miboga sagala rupa nu aya di dunya ieu, kaasup perkara nu ku urang dipikacinta.
Imam Syafi’i dina syairna nétélakeun “ Lamun
anjeun pernah ngarasakeun amisna cinta mangka anjeun bakal ngarasakeun paitna
pipisahan”
Balik
deui ka valentine nu sabenerna éta téh hajatanana kaum kafir, anu miboga
prinsip cinta nu béda jeung islam, agama urang nu sampurna, miboga aturan nu
éndah kaasup aturan dina cinta. Islam mangrupa agama cinta, islam maréntah ka
umatna pikeun silih asih, unggal poé, lain ngan saukur sapoé. Lain ukur tanggal
14 Februari wungkul. Jadi kumaha atuh lamun urang tuturuti riweuh ngarayakeun
valentine, Dina hiji hadist Rosul ngadawuh “ Sing saha jalma anu nurutan hiji kaum éta kaasup kaumna”() Hmmm
jadi kumaha? rék jadi méré coklat tanggal 14 Februari?
No comments:
Post a Comment