Fitria Puji Lestari
Pikeun mahasiswa anu ngumbara, jauh
ti lembur, jauh jeung kulawarga. Tangtuna kecap ‘mudik’ téh mangrupa kecap ajaib nu paling dipikaresep.
Pangpangna mah anu lemburna teu kasebut dina peta alias jauh melang -melung,
jigana kecap ‘mudik’ téh jadi hiji kecap anu sakral. Pisaminggueun gé geus
beberengkes, mungkusan babawaaeun. Nu dikérésékan, nu dikardusan, nu
dikantongan jrrd. Panulis boga babaturan anu lemburna téh kacida jauhna, cenah
ceuk babaturan panulis, lamun mah geus
teu kuat hayang ka lembur, éta mudik téh sok nepi kaimpi-impikeun unggal
peuting.
Jigana
mudik téh perkara nu dipikaresep ku unggal jalma anu jauh jeung lembur atawa jalma nu dipikacintana. Di
Indonesia malah mandar aya hari mudik nasional (teu acan diresmikeun) nya éta
dina poé lebaran. Teu mahasiswa, pagawé kantor, atawa tukang dagang asongan,
kabéh mararudik. Geus lain carita nu anéh deui lamun ngadéngé pangorbanan
jalma-jalma anu ngabélaan mudik dina poé lebaran; Jalan macét, ongkos jadi
leuwih mahal nepi ka dua kali lipet, pasesedek dina elep atawa nangtung dina
beus ékonomi moal ngahalangan tékad jalma nu mudik. Malahan, demi bisa mayar
ongkos mudik lebaran cenah mah sok aya nu ngumpul-ngumpulna téh ti sataun
saméméhna, daék ngurangan jatah dahar sapopoéna asal bisa mudik dina poéan
lebaran.
Tétéla,
najan kudu riweuh, najan kudu sangsara, resep nya mudik téh. Bisa ngariung tur
namplokeun rasa sono ka jalma-jalma nu dipikangen. Ngomongkeun mudik, kuring
jadi inget kana mudik nu bakal disorang
ku saban makhluk anu sumender kana ramo-ramo kakawasaan Allah SWT. Mudik tina
sagala rajana mudik. Mudik anu sabenerna, taya lian mudik ka Nu nyiptakeun
jeung ngabogaan sagala anu aya dina diri urang. Kumaha atuh urang nyanghareupan
mudik anu ieu? Yu urang lenyepan, geus sakumaha tatahar urang pikeun
nyanghareupan mudik nu ieu, naha urang geus nataharkeunana sariweuh jeung
sasumanget jiga dina mudik lebaran
kamari? Naha urang geus nabung amal kahadéan urang sarua jeung nabungna jalma
nu ngumbara, nu sok ngeureuyeuh nabung ti jauhna ngabelaan mudik ka lemburna?
Iraha
urang kudu mudik ka kalanggengan mémang can puguh tanggal, taun jeung poéna.
Ngan nu pasti mah sakabéh makhluk anu hirup, pastina ngalaman mudik nu ieu.
Sabab Gusti Allah anu ngabogaan sagala nu aya dina diri urang miboga hak pikeun
mawa urang sangkan mudik ka anjeun-Na. isukan, pagéto, atawa dina detik ayeuna
pisan.
Eweuh
deui nu kudu ditataharkeun pikeun mudik nu ieu iwal ti amal kahadéan urang “Sing saha anu ngalampahkeun amal kahadéan sanajan ngan sabobot kebul, pasti
manéhna bakal nénjo amal hadena, jeung sing saha anu ngalampahkeun kajahatan
sanajan ngan sabobot kebul, pasti manéhna bakal nénjo amal jahatna” (QS.
Az-Zalzalah) mudah-mudahan urang mudik ka
anjeun-Na dina kaayaan khusnul khotimah. Amin..
No comments:
Post a Comment