Fitria Puji Lestari
Ngadadak
sagalana jadi pararenting. Déhémna,
jegroh batukna, sora iteuk batur lengkahna nu neueul kana taneuh; badéna téh
ngaléngkahna lalaunan, mapay tétécéan pipir pangkéng kuring, laju ngoléséd mudun muru masigit leutik landeuheun imah
kuring. Beuki dipikiran bet karasa beuki penting. Hémeng.
Sagala rupa nu patali jeung manéhna ngadadak jadi teu basajan. Kuring
ngarasa leungiteun. Anéh, teu kapikir sacongo buuk gé tadina mah kudu boga rasa jiga kieu. Manéhna téh lain sasaha kuring, teu
dulur teu baraya. Ukur tatangga biasa. Sarua jeung tatangga-tatangga nu
séjénna, manéhna téh ngan ukur salasahiji tina mangréwu perkara nu sok miluan
susulutuk kana sababaraha perkara penting dina hirup kuring.
Kuring ngalangeu dina biwir jandéla.
Ririh angin nu ngahiliwir karasa jadi seukeut, nyisiran kulit. Lila panon
kuring neteup pucuk masigit anu atra katingali ti imah kuring. Teuteupna bet
ngolébat deui dina sawangan. Teuteup nu liuh. Ah, naha kakara sadar ayeuna yén
matana téh liuh. Kawas langit kasorénakeun nu lumayung. Sakapeung mah ketang teuteup liuhna téh sok kawas linduk peuting. Samar, pinuh ku misteri;
Hieum, sieum. Éndah nu pikasieuneun. Teuteup linduk peuting téh sok karasa ngagalaksak
awak kuring, lamun pareng tuturubun solat subuh ka masigit dina waktu manéhna
maké sendal. Rék balik.
Sabenerna
mah, sok ngarasa ditaranjangan sabeuleugeunjeur awak ari teuteup nu kitu geus
mimiti eunteup ka kuring téh. Tapi tara ieuh dipikiran tadina mah, ceuk kuring
gé manéhna téh lain perkara nu penting dina kahirupan kuring. Jadi teu asup
kana daptar perkara pikiraneun kuring.
Sok sanajan remen panggih, kuring jarang
ngobrol deukeut jeung manéhna téh. Ukur kitu wé ngobrol gé, paling nanyakeun ‘rék
kamana’ atawa ‘tos timana’. Basa-basi anu ngan ukur pikeun nyumponan sarat jadi
jalema nu hadé gogog hadé tagog.
Patalékan anu sabenerna mah kuring gé
geus apal pisan kana jawabanana; lamun maké baju koko bodas anu pulasna beuki
dieu beuki coklat, tangtuna manéhna téh rék indit ka masigit landeuheun imah
kuring. Atuh lamun manéhna maké baju rebig tuluy dina cangkéngna nyoyorén
carangka bedog, geus moal salah deui manéhna téh rék indit ka leuweung.
Sababaraha
kali kuring ngusap beungeut. Dina biwir teu eureun kunyam-kunyem ngucap
istighfar. Haté bet ngadadak jadi teu tingtrim. Marudah. Tadi hudang
kabeurangan. Pamajikan gé saruana deuih. Kakaraeun solat subuh nepi ka
beurang kitu. Subrang tadi mah, alias subuh beurang. Poé ieu teu cara sasarina. Subuh asa leungit. Kuring teu ngadéngé sora
léngkahna nu ngawirahma.
Sasarina mah dina wanci janari leutik, manéhna
téh sok geus tanginas indit ka masigit. Teu
lila ti harita, nalika pulas beureum hurung ngempur hibar ti belah wétan sora peuyeuhna sok laju ngalanglaeung
meupeuskeun kasimpé. Sora kolotna nu peura sok bangun nu ngageuri.
Biasana, saenggeus manehna adan, kuring sok laju
ngagugusur suku ka masigit bari ngagigisik panon nu rapet kénéh. Beungeutna nu
karényod teu weléh mapag kuring ku imutna
nu béar marahmay. Remen kuring gé datang ka masigit téh dina waktu manéhna geus
rék balik. Ngantepkeun manehna cangkeul haté ngadadago nu rék berjamaah, bari
tungtungna mah sok kalahka solat munfarid manéhna téh.
Poé ieu, teuing pédah naon atuh, da kuring téh
ujug-ujug teu garenah haté.
Estuning ku tagiwur. Ngarasa salah. Sabada solat Subuh nu dilakonan bareng
jeung srangéngé nu mencrong galak, kuring ngahuleng sajongjongan mikiran
sagalana; mikiran solat nu kabeurangan, mikiran subuh nu karasa leungit. Najan kuring
kasebutna lain ahli ibadah gé, tapi da asa tara tinggaleun ari solat
mah. Teuing, pédah geus tuman tileuleutik meureun.
Paneuteup masih anteng dialungkeun ka pucuk
masigit nu atra katingali ti jandéla pangkéng. Bet jorojoy, ngarasa hayang maluruh kajadian nu béda ti sasarina. Antukna, kuring ngoléséd muru masigit landeuheun imah kuring. Masigit suwung. Heneg.
Aya rasa samodel sieun nu mimiti sumeleket kana sela-sela haté.
Leumpang rada digancangan muru ka imahna. Imah
leutikna kosong molongpong. Satengah lumpat, kuring maluruh jalan nu biasa
kaliwatan ku manéhna. Bep, kuring ngarandeg sajongjongan. Dina haté campuh
patutunggulan. Di palebah jalan satapak, pernahna dina tétécéan pipir imah
kuring: kasampak, lalaki nu maké baju koko bodas semu coklat téh ngajoprak. Tiis jeung pias.
***
Rupa-rupa kembang nu masih kénéh salalaleger,
patawuran dina luhureun gundukan taneuh
nu beureum. Pamakaman téh geus pada ninggalkeun tatadi gé, tapi kuring mah
masih can hayang ingkah. Kuring bener-bener ngarasa leungiteun.
Lalaki
nu sok disebut Abah ku urang lembur téh baheula kungsi deukeut sabenerna mah
jeung kuring, ogé jeung babaturan kuring. Basa keur leutik, kira-kira keur
sakola SD ungal bada Asar kuring jeung babaturan sok dialajar alif ba ta tsa ka manéhna. Pelajaran anu
kiwari mah dipopohokeun. Sarua jeung babaturan kuring nu séjénna, tungtungna
mah kuring gé eureun diajar ngaji ka Abah téh, alesanna mah pédah waktuna béntrok
jeung waktu diajar cas-cis-ces basa Inggris. Percis pisan jeung alesan
babaturan kuring nu séjénna, anu ripuh ku lés nari, lés musik, lés komputer
jeung mangrupa-rupa lés lianna iwal ti lés ngaji.
Antukna mah nepi ka geletuk maotna, geus eweuh
pisan nu daék diajar ngaji ka Abah téh. Boh budak kuring boh barudak babaturan
kuring kabéh gé sarua, raripuh ku mangrupa-rupa lés –iwal ti lés ngaji. Geus
euweuh nu raresepeun diajar ka Abah. Bet anakna sorangan gé teu resepeun diajar
nu kitu mah tuda. Ahmad, anak lalaki Abah hiji-hijina, babaturan kuring baheula
anu pangbangorna, kabur ti pondok pasantrén tempat Abah mondok baheula. Mun teu
salah mah, Si Ahmad téh ukur kuat saminggu saré di tempat éta.
Tadi, basa ngalayad ka imah Abah, kuring gé
panggih jeung Ahmad téh. Kakara deui sabenerna mah panggih téh, kawantu geus
nganjrek di lembur pamajikanana tuda ayeuna mah. Kadieu téh paling ukur
lebaran, éta gé kadang-kadang meureun. Tadi mah Si Ahmad téh katingalina mah bangun
nu kanyenyerian pisan, paromanna alum, dina matana ngeyembeng cipanon. Jigana,
lamun lain lalaki mah manéhna téh geus ceurik ngahinghing.
Sajongjongan panon kuring neuteup kuburan Abah.
Satuluyna, sagala nu patali jeung Abah beuki kerep kokolébatan dina pipikiran. Tina
juru panon mimiti karasa aya nu merebey. Baku, kaduhung mah datangna téh sok
panderi.
***
Bareng jeung meletékna panon poé, sora adan
kuring ngalanglaeung. Teu kanyahoan datangna, Ahmad ujug-ujug geus ngabadega gigireun
kuring.
“Sora téh teu goréng-goréng teuing gening Wan!”
pokna saenggeus kuring bérés adan bari ngabelenyéh seuri.
Ku kuring diwalon ku seuri ogé.
Saenggeus lila pahereng-hereng. Tungtungna mah
kuring ngéléhan jadi imam solat. Ahmad jadi makmum hiji-hijina.
“Hayu Mad, nyimpang heula atuh ka imah!” pok
kuring saenggeus solat.
“Keun lah isuk deui, kalem wé da ayeuna mah
geus jadi urang dieu ieuh!”
“Baruk, moal ka Garut deui kitu?”
“Moal ah Wan, rék nuluykeun kahayang Abah
didieu!”
Kukuring diwalon ku unggeuk bari imut.
Tisaprak harita, unggal Subuh kuring jeung
Ahmad sok nurutan lalampahan Abah. Euweuh nu béda saeutik gé jeung kabiasaan
Abah, kaasup solat berjamaah duaan.
Di masigit hiji-hijina nu aya di lembur kuring,
Ahmad jeung kuring muka pangajian pikeun barudak nu rék dialajar ngaji. Tayohna
mah, naon anu karandapan ku Abah baheula téh teu jauh bédana jeung nu kaalaman
ku kuring jeung Ahmad ayeuna. Ukur barudak kuring jeung barudak Ahmad anu daék
dialajar ngaji téh. Barudak babaturan kuring nu séjénna mah keur saribuk lés
musik, lés bahasa Inggris, lés komputer jeung mangrupa-rupa lés lianna iwal ti
lés ngaji. Leuh Gusti! Sababaraha kali kuring ngucap Istighfar. Cenah mah istighfar
téh bisa ngalebur dosa. Kitu ceuk Abah basa jaman keur ngaji baheula,
kuring inget kénéh.
Wado, Agustus 2012
No comments:
Post a Comment