Fitria Puji Lestari
Teu
téga. Budak téh kakara umur opat puluh poé. Budak keur meujeuhna keukeupaneun
indung sagedé kitu mah. Ampun paralun! Heueuh da ari ngagugu rasa dina haté mah,
teu wasa. Tapi kaputusan téh ayeuna mah geus buleud. Moal teuing ngagugulung
rasa dina kaayaan kieu mah. Da lamun seug teu kitu mah budak téh moal bisa
nyusu.
Jeung
cai susu gé deuih, maké tuhur keur kaayaan kieu téh. Geus sagala didaharan mah
éta ogé; daun katuk, daun gedang, sayur daun kélor, sayur gedang, nu amis-amis
jeung sagala rupa nu disodorkeun ku Ema kabéh gé eweuh nu teu diteleg. Teu
ngenah gé, sasatna diwewel-wewelkeun sangkan kateureuy ku tikoro da karunya ka
budak. Ngan teuing kumaha atuh, da anger teu ngaruh. Mun beurang budak
rungsing, gawéna ua’k-aé’k waé. Maju ka peuting teu daék tibra, hantem wé
ceurik oar-oaran.
Kuring
tisuksruk tidungdung ngaya-ngayakeun duit nu euweuh. Gagalapakan unjam-injeum
kaditu-kadieu. Néangan duit keur meuli susu formula nu hargana karasa pisan nyekék beuheung keur jalma
pantar kuring mah. Tampolanana mah, hutang beuki ngadungkuk, susu béak deui, béak
deui. Béak susu budak teu anteng; budak kalaparan. Meuli susu nambahan
dungkukan hutang. Meuli susu éra ngahutang. Éra sasadu ka unggal hulu. Loba
jangji nu disulayaan. Kecap rék mayar ukur natrat na lalambé, da prakna mah
pamohalan. Geus jangar kuring téh, geus jangar. Hulu jangar ku susu. Jangar ku
hutang nu hamo bisa kabayar.
Ahhh, bapana nu kituna mah tuda. Teu boga
cedo. Atah adol. Teu boga uteuk. Na dijieun tina naon atuh haté bapa Si Asép
téh? bet ku teuas-teuas teuing. Teu boga rasrasan, ninggalkeun kuring nu keur
bubureuyeungan. Dibéjaan beuteung eusian téh bet kalah ambek-ambekan. Pajarkeun
teu ngarti kana kaayaan salaki nu keur pusing ku duit, kalah der reuneuh lain
milu KB. Ku kuring dijawab teu cocok KB-na téh, teu didéngé. Kurang tarik kitu
kuring ngagorowokeun kana ceulina yén kuring téh teu cocok KB? Budak dina
beuteung téh lain salah kuring. Kuring ngagorowok téh kapan manéhna beuki tarik
ngahaok. Sumawonna basa ditanyakeun beubeunangan buburuh moé ongok di pabrik
aci Mang Tatang mah. Ambekna beuki ngaguludag. Jiga nu kasurupan manéhna
ngakaya kuring, mamaksa nitah ngagugurkeun kakandungan. Jelema teu waras. Atah
adol. Teu boga uteuk.
Beuteung beuki bureuyeung, irungna geus tara katempo
mucunghul. Rajeun balik gé ukur ngadon
ngumbar aral subaha. Tujang-tajong kana barang, jelebat-jelebét ngabanting
panto, tina cungurna wéh bararau pahang. Ari kuring, heueuh da ukur pangawak
awéwé, kabisana ngan ukur léwéh jeung léwéh nyanghareupan adat salaki nu geus
nyurup ka iblis téh. Basa lahiran, Si Jurig mah kalah ribut nguruskeun surat
cerai. Kadieukeun béja nu katampa téh geus kawin deui.
“Ma teu nanaon nitip si Asep?” ceuk
kuring dina hiji peuting.
“Heueuh jig rék solat isa heula mah,
keun Si Asep mah ku Ema ditungguan!” walon Ema bari anger jongjon kekecos,
nambal sampingna nu soék.
“Lain ayeuna wungkul Ma, tapi isukan jeung saterusna,”
walon kuring asa-asa ngedalkeun pamaksudan.
Ema ngadadak eureun kékécosna,
panonna laju muncereng “Rék kamana manéh téh Nyi? leutik kénéh budak téh!” Ema nyangangang.
“Rék
nyaba waé ah Ma,” luk tungkul, bari ngucel-ngucel tungtung baju.
Ema
ngabigeug. Satuluyna teuteup seukeutna karasa ngagalaksak nyasaak mangpirang
rasa nu aya dina dada. Sajongjongan ukur sora anjing inguan Mang Wiharya nu
babaung belah kidul. Kuring ngeukeupan budak pageuh, sora anjing nu babaung asa nambah keueungna peuting. Inget ceuk jenatna
Nini, lamun aya anjing babaung téh totondén rék meunang kasusah. Teuing bener
henteuna mah, tapi nu pasti kuring mah sok sieun ari ngadéngé anjing babaung
téh.
“Babacaan
anggur mah Nyi!” pokna meupeuskeun kasimpé bari tuluy ngaléos ka dapur. Kadéngé
getrak-getruk, teu lila datang deui bari mawa dot.
Bodo
kuring téh. Ah lain ketang, cinta nu bodo mah. Kuring digugusur rasa cinta nu
bodo. Kabungbulengan. Cinta; éndah nu ngandung peurah. Geus puguh tibaheula gé
pan Kang Kardi téh jelema baragajul, tukang ngocok kartu jeung nginum. Na bet
kalah percaya kana runtuyan kekecapanana nu saamis madu. Percaya teuing kana
gogog jeung tagogna basa keur nganjang ka imah. Heueuh ari kakara sabulan dua
bulan pangantenan mah, kekecapan nu amis téh karasa pisan kareueutna; Kang
Kardi teu bauan kana gawé, bageur ka mitoha, nyaah ka pamajikan. Ngan gening
amis téh beuki dieu beuki hambar, samalah robah jadi pait. Peuheur. Adat gélona téh maceuh deui.
Kasimpé ngaranggeum peuting nu beuki kolot.
Ema gé geus saré murungkut di gigireun Si Asép. Kitu ogé Si Asép, ngahéphép,
tibra naker saréna téh. Kuring ngahérang, salila-lila neuteup dua jalma nu keur
anteng dina impianana séwangan-séwangan,
maranéhanana nu méré alesan pikeun daék kénéh nandangan kahirupan nu sakieu
peuheurna téh.
***
Peuting
éta, keur jongjon wé ngayun ngambing Si Asép. Teu kanyahoan datangna, Kang
Kardi ujug-ujug geus dihareupeun. Saged naker maké calana katun hideung jeung
baju kameja bodas gurat-gurat hideung. Papakéan anu dipaké nganjang ka imah basa
keur hahadéan. Gelenyu Kang Kardi imut, teuteupna nu liuh lir jamparing tan
wujud nu nembus kana rasa.
“Kang,” teu laju nyarita téh. Kandeg,
da ramo-ramona laju nyuaykeun buuk nu
ririaban kana pipi.
“Nyai téh geulis!” ucapna satengah
ngaharéwos. Liris.
“Lucu
geuning Nyi budak urang téh, tingal geura tuh socana meni cureuleuk, jiga soca
Nyai, Cik geura ku akang urang pangku!” pokna
deui.
Kaceuceub ka Kang Kardi nyingray
peuray. Aya kembang nu mangkak dina jero dada. Ah, Kang Kardi, lalaki nu jadi
panyarandéan haté, paneumbleuhan
manglaksa rasa katresna. Kang, jerona leuwi kacinta téh urang teuleuman ku urang duaan. Ukur ku urang
duaan. Satuluyna mangpirang harepan ngajajap
sasemplék haté ka amparan rasa nu pangéndahna. Emh, Sampurna kabagja téh. Teu
asa-asa deui kuring ngudar aisan tuluy mikeun si Asép ka Bapana.
Nyéh Kang Kardi imut. Lila kuring
neuteup imutna. Leuh, imut éta. Baheula mah sok gulinggasahan teu daék reup
peureum ari imut éta geus ngaringkang dina ciptaan téh. Kang Kardi teu eureun
imut, kuring gé teu bosen neuteup imutna. Tapi anéh, beuki lila imutna beuki
anéh. Kuring gigisik panon nu teu peurih bisi salah téténjoan. Beuki lila imut
nu ngagelenyu téh robah jadi seuri nyéréngéh. Tina nyéréngéh robah deui jadi
seuri nyakakak, beuki anéh; huntuna jadi sihungan, biwirna jadi monyong, teu
lila beungeut Kang kardi geus pinuh ku bulu, salin rupa jadi sato nu
pikasieuneun.
Kuring
ngagebeg, tuluy jejeritan bari ngarebut Si Asép tina leungeunna, tapi kalah
dikorowot ku leungeun Kang Kardi nu jadi ranggoas. Kang Kardi babaung, sorana
béda ti sora babaung anjing nu Mang Wiharya. Leuwih pikasieuneun ieu mah. Ras inget
ka carita jenatna Nini baheula ngeunaan ajag. Cenah basa baheula mah Gunung
Cakrabuana téh sanget kénéh, masih loba sato liar sabangsaning bagong jeung
ajag. Ajag téh anjing leuweung nu sok ngerekeb jalema jeung sato ingon-ingon
urang lembur.
Geus teu bisa ngarampa kaayaan hate
deui. Kuring yakin, sato nu dihareupeun téh ajag. Si Asép ceurik awor-aworan,
sorana pikaketireun. Antukna, kuring ngarumpuyuk lir dipupul bayu. Leuleus. Nu
babaung beuki rosa, teu lila sora si Asep ngiles teu kadéngé deui. Tina sungut
ajag katingali geus pinuh ku getih, dihandap gé loba getih ngabayabah, kana
irung nyeleksek bau hanyir getih anyar. Hangru.
“Nyi, Nyi Entin, Istighfar Nyi!” Bi Yoyoh
ngagebig-gebig kuring.
Nyah beunta, bréh Bi Yoyoh babaturan
sapagawéan geus aya dihareupeun. Brug Bi
Yoyoh laju ditangkeup, pageuh pisan. Biwir teu eureun kunyam-kunyem ngucap
istighfar.
“ Ngimpi téh meni asa enya Bi!” pok
téh bari rénghap ranjug.
“Istighfar Nyi, nu matak rék saré
téh babacaan heula!” ceuk Bi Yoyoh bari ngusapan sirah bangun nu nyaah. Geus
asa ka kolot sorangan ka Bi Yoyoh téh najan karék wawuh sababaraha poé ogé.
“
Nyi aya nu ti lembur Nyai mapagkeun!” pokna, saenggeus kuring balik pangacian.
“Baruk, naha saha geus nyusulan
deui, pan kakara saminggu digawéna ogé, meni peuting-peuting deuih, kumaha si
Ibu moal bendu kitu Bi?”
“Hayu tepungan heula waé kaditu!”
témbal Bi Yoyoh teu ngajawab pananya kuring.
Enya waé di tengah imah dunungan
téh, geus aya Mang Karta keur ngawangkong jeung Bu Ratna, dunungan kuring. Mang
Karta ninitah balik ka lembur, pajarkeun téh si Asep keur gering. Bu Ratna gé
ngidinan deuih kuring balik téh, malah mah gajih nu kakara saminggu gé geus
dibikeun bari jeung ditambahan sagala. Bet ku atoh puguh gé, diparengkeun pisan
boga dunungan téh bageur jeung béréhan. Mang Karta meni rurusuhan, keur meuli
susu gé tangka diburu-buru. Bisi kapeutingan teuing dijalanna cenah. Enya tuda
kituna mah, jarak ti Bandung ka Wado téh lumayan jauh, kira-kira opat jam mun
ngebut maké motor mah.
Tepi ka buruan imah, bet asa
hélokeun. Kaayaan di jero imah ramé ku jelema. Bet jadi teu genah haté, tuluy
wé tatalété ka Mang Karta.
“Mang aya naon ieu téh? Na meni ramé
kieu?” ceuk kuring hariweusweus.
“Sing sabar Nyi!”pokna leuleuy bari ngeluk tungkul.
“Mamang sing bener aya naon ieu
téh?” cekéng téh semu nyentak.
Keur kitu, torojol téh Ema. Panonna meni carindul. Brug, nangkeup tipepereket bari ngahinghing. Di sela-sela inghakna teu weléh nyebut hampura, Si Asép téh geus euweuh dikieuna cenah. Satuluyna mah ukur poék. Poék mongkléng. Teuing, teu araringet.
Keur kitu, torojol téh Ema. Panonna meni carindul. Brug, nangkeup tipepereket bari ngahinghing. Di sela-sela inghakna teu weléh nyebut hampura, Si Asép téh geus euweuh dikieuna cenah. Satuluyna mah ukur poék. Poék mongkléng. Teuing, teu araringet.
Inget deui téh, sirah keur diusapan
ku Ema dina lahunanana. Dirariung ku tatangga. Ceu Otih ribut mawa cai hérang
ka dapur. Wa Mirah gurunyam-gerenyem nyebut Alhamdulilah kawasna mah. “ Emh
Gusti, sing sabar cu, sing ihlas!” cenah bari tuluy gegerenyeman. Teuing macaan
naon deui, teu jelas, jeung ku kuring gé
teu pati dipaliré deuih.
Rét ka béh kulon, loba lalaki nu keur ngariung
ogé. Keur ngaboéhan layon tayohna mah. Layon budak kuring. Karérét ogé ku juru
panon, hiji lalaki anu keur diuk sila deukeut Mang Karta. Geus moal kapalingan
deui ku baju kaméjana. Warna bodas, gurat-gurat hideung. Baju kaméja nu ukur
dipaké taun kali. Ukur dipaké poéan lebaran wungkul. Kalakuan Kang Kardi laju
kokolébatan deui dina pipikiran. Kang Kardi nu sok ngakaya kuring, Kang Kardi
nu teu ngabayuan budakna, nepi ka gering tuluy maot lantaran geus saminggu
nyusuna ukur dibéré cai tajén. Kaambek ka Kang Kardi ukur bisa budal dina
keclak cimata.
Rét deui ka nu dikaméja bodas gurat-gurat
hideung. Bet salin rupa kawas dina impian, Kang Kardi jadi ajag. Kuring
ngarénjag, tuluy nangkeup Ema pageuh,
bakat ku sieun. Keur kitu, panon téh bet eunteup kana arit nu nyelap dina
bilik. Arit paranti Ema ngarit. Nyéh cengeh. Teu diengkékeun deui, tuluy wé
ngajleng sakocepat, muru arit nu nyelap dina bilik. Rék ngabacok hulu ajag.
Moal burung modar ngajurahroh, da seukeut aritna, kawantu sok diasah ku Ema unggal
poé.
Holis, Februari 2013
No comments:
Post a Comment