LAIN JODO (TRIBUN JABAR) - Fitria Puji Lestari

Home Top Ad

Responsive Ads Here

Sunday, October 27, 2013

LAIN JODO (TRIBUN JABAR)


Fitria Puji Lestari
Sakapeung mah sok sirik, ngadéngé Lia nu basa valentine dibéré coklat jeung kembang eros kayas ku kabogohna, atawa lamun ningali Santi nu meusmeus di sms ku A Ijalna, badéna téh ungal usik dismsna téh, ti mimiti bray beunta nepi ka reup peureum, teu pira eusi smsna mah ukur ngabahas dahar jeung mandi , ‘udah makan belum yang? Makannya sama apa? Met tidur, nice dream’ kitu anu pernah kabaca smsna mah. Dipikir-pikir mah asa teu penting sms kikituan, asa teu kudu, teuing lamun kitu ilaharna meureun bobogohan mah, nu teu penting ge sok jadi penting.  
Komo lamun malem minggu mah meni sok asa nunggelis, cuang-cieung sorangan jadi kuncén kosan, da batur mah arindit jeung kabogohna séwang-séwangan. Ti jam lima soré kénéh gé geus rariweuh darangdan. Rupa-rupa acarana mah, lalajo di bioskop, dahar di restoran, jalan-jalan ka mol, atawa ngan saukur kukurilingan di jalan, menikmati malam bersama kitu istilahna ceuk Ria téa mah.
Ukur kuring meureun nu teu boga kabogoh téh, hirup téh ukur nyorangan tibaheula gé, tara aya nu ngasms nanyakeun dahar jeung mandi, euweuh nu paduli rék dahar atawa henteu ogé. Malem minggu euweuh bédana, sarua wé jeung peuting sasarina, gulinggasahan dibaturan ku kasimpé, dibaturan harepan-harepan nu pamohalan. Harepan dina hiji poé bisa nyanding jeung manéhna. Nyanding jeung Kang Haris. Lalaki anu teu weléh ngalangkang dina kahirupan kuring. Lalaki nu sok ngaringkang dina ciptaan jeung nembongan dina impian-impian kuring unggal peuting. Dina hate, dina pikiran ukur aya Kang Haris, eweuh nu lian jeung jigana téh moal pernah aya nu lian.
Rét panon kuring ka jam nu ngadaplok dina témbok, tétéla jarumna geus nunjuk kana pukul sapuluh kurang saparapat. Geus peuting, tapi nu malem mingguan téh can baralik kénéh. Kuring muka jandéla kosan. Hawa tiis nyebrot nojosan kulit. Bulan masih satia mapaés langit nu hideung. Sarua jeung hate kuring nu masih kénéh satia, satuhu nungguan Kang Haris. Asih téh masih kénéh keur manéhna sok sanajan kuring teu yakin cinta Kang Haris keur kuring. Ambon sorangan kuring téh, da biheung boga rasa nu sarua Kang Haris mah. Sakapeung mah sok hayang pok waé neumbrakeun eusi haté nu sabenerna yén kuring masih geugeut ka manéhna, jigana moal salah da geus lumrah awéwé balaka cinta jaman kiwari mah. Tapi teu bisa, anger najan hirup di jaman modern gé, asa teu pantes, asa kurang merenah, jeung deuih asa éra wé, asa agresif teuing.
“Diyah..!” Sora Ria  ngagareuwahkeun lamunan kuring.
Kuring mukakeun panto kosan, “Meni peuting-peuting teuing atuh balik téh Ri,” Tanya kuring.
“Ah wajar waé sakieu mah, matak gé boga kabogoh geura Yah méh teu sorangan waé ari malem minggu téh, kumaha Kang Ipan téh, ditarima? Ceuk Ria bari ucul-ucul ganti baju ku paranti saré.
Henteu.” Walon kuring pondok.
“Euh néangan nu kumaha deui atuh, tong sok pipilih teuing ari ka lalaki téh  Yah!” pokna bari ngabersihan make upna ku susu pembersih.
Kuring api-api heuay “Tunduh ah Ri, isukan rék balik ka lembur, bisi kabeurangan, ari saré peuting teuing téh, rék peureum tiheula nya,” ceuk kuring bari ngaharudum sorangan ku simbut, teu ngalayanan gunemanana. Sok teu purun ari Ria geus ngabahas nu kitu téh. Da moal ngarti Ria mah. Alesan kuring teu narima Kang Ipan, sabenerna mah lain pédah pipilih ka lalaki, lain kuring téga ka Kang Ipan, ngan kumaha atuh, da ieu hate teu méréan kudu nyaah ka Kang Ipan.
Enya lamun make logika mah, kurang naon atuh Kang Ipan, bageur, rupa kasép, geus gawé deuih, tapi da cinta mah geuning teu bisa maké logika, haté kuring keukeuh peuteukeuh nyimpen kadeudeuh ka Kang Haris, sanajan manéhna téh apan puguh nu nganyenyeri hate jeung nyiksa hirup kuring. Nepi ka teu sirikna gering nangtung ngalanglayung, tunggara teu manggih tungtung sasatna saat cimata gé bakat ku remen teuing dikocorkeun mikiran cintana. Tengteuingeun Kang Haris téh, téga megatkeun tali asih nu kakara sababaraha minggu bari jeung teu puguh alesanana, teu maliré haté kuring nu harita keur meujeuhna kapidangdung. Sakuduna mah kuring ngéwa ka Kang Haris. Loba pisan alesan anu ngudukeun kuring ceuceub ka manéhna. Geus mindeng kuring gé mapalérkeun rasa nu teu pantes keur Kang Haris. Satékah polah narékahan sangkan bisa geuleuh, rujit jeung ceuceub ka manéhna. Tapi tetep we teu bisa, kuring teu bisa poho ka Kang Haris sumawonna bisa ceuceub mah. Kuring kagok nyaah ka manéhna.
 Cintana nu sajorélat geus nyieun kuring tibelat. Enya babari pisan pikeun Kang Haris mah nyarita ‘anggap waé eweuh nanaon’, atuda cinta Kang Haris mah meureun teu jiga cinta kuring ka manéhna, Kang Haris mah moal ngarasakeun peurihna haté nu raheut jiga kuring.
Kuring masih miharep Kang Haris léah. Najan nungguan nu kitu mah teu béda jeung nungguan godot. Kuring meureum-meureumkeun panon. Hayang mopohokeun kajadian opat taun katukang. Hayang poho ka Kang Haris najan sakeudeung. Hayang saeutik ngejatkeun hate nu katalikung ku rasa sono nu nyiksa. Tapi geugeut jeung teuteupna nu liuh, kalah beuki angot némbongan, kokolébatan dina pipikiran. Rasa deudeuh ka manéhna, kalah beuki maneuh pageuh,  napel dina rasa, jumantél, maskét dina haté.
Emh..kacipta,  tada teuing  bagjana meureun, lamun heug dipareng laksana. Bisa hirup babarengan nepi ka jaga, runtut raut, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak. Ah..Kang Haris naha bet kieu jadina? Naha kalah sulaya? Kuring nyusut cipanon ku tonggong leungeun, nu teu karasa geus ngalémbéréh mapay pipi.
***
Kuring anteng lalajo tipi di tengah imah. Gék indung kuring diuk di gigireun  bari ngais orok tatangga nu kakara umur tilu bulan.
“Yah tingali geura, si Dede téh meni lucu nya!” pokna bari ngédéngkeun si Dede ka hareupeun kuring.
ih enya Mah, meni lucu!” ceuk kuring bari nyium gereget  pipi si Dede.
“ Geura-geura atuh Yah, néang pibatureun hirup, meujeuhna keur nyusun skripsi mah kudu geus aya cecepengan, Mamah meni geus hayang mangku incu!” ceuk indung kuring bari memener aisan si Dede nu morosot.
Ku kuring ukur ditémbalan ku mesem, mesem anu beurat pisan metot biwirna ogé, sasatna tibeberegég, da kahayang mah hing wé ceurik. Ucapan anu teu pira sabenerna mah, malah kaitung wajar, tapi keur kuring mah asa nyiwit kana hate, ngajeletit peureus. Ngahudang ingetan ka Kang Haris, jungjunan hate nu biheung maliré ka rasa nu dipikaboga ku kuring.
Beuki dieu, kolot kuring beuki resep ngabahas kawin, lain sakali dua kali ngomong jiga kitu téh, sasat nepi ka torék ceuli kuring ngadéngéna, kuring jadi teu betah cicing di imah. Matak kakara dua poé di lembur gé, tuluy wé indit deui ka Bandung, alesan ka kolot mah aya acara di kampus, padahal ngan ukur hayang jauh ti omonganana nu ninitah waé boga kabogoh.
Kuring teu bisa nedunan kahayang kolot nu hiji ieu, lain pédah teu hayang  ngabagjakeun nu jadi kolot, lain teu hayang kuring gé boga batur hirup. Sarua jeung  wanoja séjénna, kuring gé hayang pisan panganténan téh. Kacipta, ngambah sagara rumah tangga, dipikanyaah ku nu jadi salaki, tuluy boga budak nu lalucu jeung saroléh. Ngan ari kudu laki rabi jeung lalaki anu teu dipikabogoh mah, kuring teu bisa. Kuring embung boga salaki, hirup saimah, pagiling gisik ungal poé, tapi haté kalah ngait ka lalaki séjén. Meureun boro-boro bagja, nu aya kalah katalangsara, kalah nganyenyeri jeung nyiksa haté salaki wéh.
Di Sumedang kuring ngahaja nyimpang ka imah babaturan basa SMA. Asa geus sono. Geus lila teu papanggih, jeung sugan wé atuh bisa ngabangbrangkeun karungsing da babaturan kuring mah sok raresep heureuy.
Enya waé kuring asa kabeberah ngobrol ngalér ngidul jeung si Rahmi mah, tangka nyeri kulit beuteung seuseurian nyaritakeun paripolah basa jaman SMA baheula.
“Eh Yah Si Nia ogé rék tunangan siah!” ceuk Rahmi basa geus reureuh seuri.
“Wah ka saha budak éta, téréh panganténan atuh, ari geus tunangan mah!” walon kuring bari nginum cai nu disuguhkeun ku Rahmi.
“ Eta Ka Kang Haris, apal teu? kaka kelas urang baheula gening, Rahmi gé apal kamari puguh, si Nia nelepon ngahaja hayang  curhat pajarkeun téh,”
Kuring ngarénjag, reuwas kabina-bina, keur nginum gé tangka kabésékan.
“Lalaunan atuh nginum téh Yah, yeuh elap ku tisu!” ceuk Rahmi bari nyodorkeun tisu ka kuring.
“Eh Kang Haris téh romantis cenah ceuk si Nia mah, kamari ogé basa ulang taunna, si Nia dibéré bonéka jeung sajak cinta nu puitis, meni romantis wéh pokona mah cenah, ceuk si Nia mah  tangka asa teu napak, asa ngapung bakat ku kagééran. Ih meni teu nyangka nya, Kang Haris téh kitu gening aslina mah, pédah wé tuda basa keur MOS mah Kang Haris téh senior nu galak jeung judes nya Yah, asa jauh ti sipat daréhdéh sumawonna  romantis mah, enyaan teu nyangka pisan Rahmi mah.” Ceuk Rahmi, sumanget naker nyarita.
Langit asa runtuh saharita, tuur ngadadak leuleus ngaroroncod, geus hayang sabrekbrekeun ngedeprek, teu wasa nyanghareupan kanyataan nu patukang tonggong jeung kahayang. Harepan nu sering diwawaas, dibabadé, direngi-rengi dina ciptaan ngejat sakocépat, ngapung ka langit nu suwung.Kuring geus teu bisa ngarampa kaayaan hate kuring ayeuna. Piceurikeun geus nyelek minuhan tikoro, nyereng kana pipi, patingsurungkuy tina jero panon, sakuat tanaga ditahan sangkan teu budal dihareupeun Rahmi nu teu apaleun nanaon.
“Duh Mi gening geus soré, Diyah kudu indit ayeuna yeuh, bisi kapeutingan ka Bandungna, sok sieun ari peuting-peuting dijalan téh,” kuring pamit indit mapalérkeun obrolan, geus teu kuat ngadéngé tuluyan caritana, mening kénéh teu nyaho sakalian.
“Oh nya atuh, tapi jangji nya,  kudu sering nyimpang kadieu!” pokna bari nyepengan ramo kuring pageuh.
“Enya lah, pasti sering, salam waé ka si Aana nya Mi!” ceuk kuring bari gura-giru indit.
Bus Sahabat jurusan Bandung-Buah Dua keur kosong ku panumpang, kuring diuk sorangan di korsi nu kaopat titukang. Sababaraha kali kuring ngusap beungeut nu karasa panas. Geus puguh lain jodona, sadar kuring gé jodo, pati jeung cilaka téh kersaning Gusti, salaku mahlukna kuring mah ngan ukur tumarima, ngan ukur ngajalanan, kudu ihlas. Ulah sedih sakuduna mah, da matak kitu gé puguh lain jodo kuring, lain nu hadé pikeun hirup kuring. Tapi naha ieu rasa téh teu daék waé ngarti. Dina dada masih karasa eungap, kapeurih asa kalah beuki nyanyautan, aya nu ngeclak haneut tina juru panon, merebey mapay pipi, lalaunan disusut ku tungtung tiung, tibatan ereun kalah beuki angot murubut.


























No comments:

Post a Comment