Fitria Puji Lestari
Ngahaja pisan ka dieu téh, rék
ngadon ngabudalkeun rasa kasono. Hayang ngaguar kawaas lawas nu hamo bisa laas.
Ngahaja deuih geus turun tina angkot di alun-alun Conggeang téh, teu ngagupayan
ojég. Pikir téh rék ngeureuyeuh leumpang ka Cipicung-na mah. Hayang mapay-mapay
unggal sénti jalan nu baheula remen diliwatan ku kuring jeung babaturan ari
indit ka pasar. Enya baheula mah, meni sok asa atoh téh ari ka pasar téh, duméh
idin ka pasar téh ukur poé Jumaah. Éta gé kudu sabar ngadagoan bagéan deuih, da
jatah indit ka pasar téh sakobong saurang.
Kampung anu pernahna aya di
Kecamatan Conggeang Kabupatén Sumedang téh ngaranna Cipicung. Di lembur nu
masih kénéh héjo ku tutuwuhan ieu téh, ngadeg hiji pondok pasantrén nu ngaranna
téh Pondok Pesantren Asyrofuddin. Lembur téh kabeneran deuih deukeut ka guha,
nu matak sakapeung mah ku para santrina sok disebut ‘Chicago’ , singgetan tina
Cipicung Caket Goa. Ceuk dongéng nu sok sumebar di santri jeung masarakat di
dinya, cenah guha éta téh aya nu ngageugeuhna. Ari nu ngageugeuhna téh oray
goib.
Pondok téh geus loba nu robah ayeuna
mah, loba bangunan anu alanyar. Kobong santri putri gé beuki nambahan. Cenah
ceuk Ibu Ai Inayah pengasuh pamondokanana mah, minat masarakat pikeun masantrénkeun
budakna di ieu pondok, beuki dieu téh beuki loba waé, nu matak kobongna kudu
ditambahan. Rada saeutik kuciwa sabenerna mah, da urut kobong kuring baheula
jadi béda, jadi ngalegaan. Padahal loba pisan nyimpen panineungan di kobong éta
téh. Kawantu tempat idek liher sapopoé jeung babaturan. Sumawonna lamun poé Jumaah
mangsana peré ngaji jeung sakola mah, sasatna sok tara ngejat ti kobong téh, éstu
jarempling nyarumpli di kobong, ngaradon pareureum bakating wareg teuing murak liwet.
Nu matak lamun ditanya meunang naon salila masantrén, ku kuring sok laju
dijawab wé, meunang saré wareg jeung bisa nyieun liwet tutung cekéng téh. Kitu
ogé lamun sakali mangsa aya nu nitah ngérab,
ah ku kuring mah sok diwaro wé “teu tiasa ngérab mah, da tiasana ogé ngurab!”
Hadéna balong pamandian paranti
kuring jeung babaturan mandi jeung nyareuseuh mah can robah. Caina masih kénéh
ngagenyas hérang kaluar tina cinyusu nu ngaburial tina palebah akar tangkal
caringin. Cenah baheula di cinyusu ieu téh aya oray anu kacida gedéna. Kawantu baheulana mah tuda ieu pasantrén nu munggaran
ngadeg di Sumedang téh, mangrupa leuweung anu kacida sangetna. Malah cenah
baheula mah tara aya jalma nu wani asup ka leuweung ieu téh, da balikna sok
ukur tinggal ngaran. Tan wandé kawilang jago pisan lamun aya jelema anu gedé
wawanén asup ka ieu leuweung. Tah, nu bisa asup ka leuweung ieu kalawan salamet
téh nya éta Radén Asyrofuddin, nu mimiti ngadegkeun ieu pasantrén.
Radén Asyrofuddin téh térah karajaan
Cirebon anu indit saparan-paran ninggalkeun karaton ku sabab kuciwa ka pihak
karaton nu geus kacangcang ku perjanjian politik jeung Walanda. Saenggeus lila
leumpang mapay-mapay leuweung jeung walungan, Radén Asyrofuddin téh ancog ka
hiji leuweung. Di palebah cinyusu Radén Asyrofuddin manggihan oray anu badag
pisan, cenah mah oray éta téh oray siluman. Ku Radén Asyrofuddin oray téh
diantep. Radén Asyrofuddin kalah tonggoy
waé abdas dina cinyusu, tuluy solat sunah dua rokaat. Saenggeus salam oray téh
diciduhan wéh tilu kali. Na éta mah, da oray téh tuluy ngadadak bangun nu
leuleus lir dipupul bayu. Oray anu rék salek-lekkeun neureuy Radén Asyrofuddin
téh antukna jadi ngabdi ka Radén Asyrofuddin.

Cinyusu caina
ngalir ka balong, tempat pamandian santri
Satuluyna
Radén Asyrofuddin ngababakan ieu leuweung pikeun nyieun pasantrén. Radén
Asyrofuddin tiharita sok disebut Kiyai Haji Radén Asyrofuddin. Baheula mah salian
ti paranti nyiar élmu agama, ieu pasantrén téh deuih sok dipaké panyumputan nu
bajoang ngalawan Walanda. Cenah basa jaman harita mah, salian neuleuman élmu
agama para santri ogé sok dialajar silat, pikeun perang ngalawan Walanda.
Perkara oray anu ngageugeuh di guha
deukeut pondok sarta carita oray siluman anu diciduhan tuluy ngabdi ka Radén
Asyrofuddin, kuring gé teu pati percaya. Da loba unsur pamohalanana. Meureun éta
mah ukur dongéng nu sumebar di masarakat, kaasup sastra lisan téa. Tapi nu
pastina mah, ieu pasantrén téh geus jadi saksi kumaha lalampahan Radén
Asyrofuddin bajoang ngabéla lemah caina.
Lila kuring ngalangeu hareupeun
pamandian téh. Bet asa ku waas, baheula mah di dieu téh sok nyareuseuhan bari
aréak-éakan. Lamun geus kaliwat gandéng kenténg pamandian téh sok ditinggangan
ku pengurus bagéan keamanan. Geus kitu mah kuring gé sok ngahéphép wé bari ngarérét
kana hadis nu dijeblagkeun dina témbok pamandian, shoutun nisa a’urotun, ari sorana awéwé téh orat cenah.
No comments:
Post a Comment