KEMBANG-KEMBANG NU MANGKAK (MANGLE) - Fitria Puji Lestari

Home Top Ad

Responsive Ads Here

Saturday, October 26, 2013

KEMBANG-KEMBANG NU MANGKAK (MANGLE)


Fitria Puji Lestari

            A, kayas téh nyiakna getih kana damis. Marengan imut nu giung basa teuteup urang ngalawung. A, isin téh dirérabna pameunteu ku hawa nu sok ngadak-ngadak ngahéab panas. Rampang-reumpeung. Samar polah. Geumpeur tapi ogé bingah. Bingung tapi ogé bagja. Sajongjongan mah ukur simpé nu ngajengléng diantara urang téh. Mangrébu kecap mung ukur gumeter dina tungtung ilat. Nyurung-nyurung lambey hoyong ngawakcakeun mangpirang-pirang rasa. Rasa nu mung ukur dipikahartos ku urang duaan. Tapi da teu kedah ketang nya A. Kapan saur Aa gé, aya sawatara hal anu teu kedah dikedalkeun dina runtuyan kekecapan, tapi urang kedah surti. Leres kitu teu kedah A?
            Peuting tadi dina telepon, paguneman kuring jeung manéhna téh bet jadi serius. Béda ti sasarina, nu sok ukur heureuy, ngobrol ngalér-ngidul, teu puguh jejer. Teuing timana mimitina deuih jejer paguneman téh bet ngait kana perkara nu kitu. Ngait kana jejer nu ku kuring mah  kacida pisan disingkahan. Sabab kuring ngarasa, yén naon nu nyangkaruk dina haté téh asa leuwih pantes dikemba waé. Malah sok lalaunan dileungitkeun saeutik-saeutik.
Enya sakapeung mah, teu ngabibisani kuring gé, sok hayang téh ngotéktak eusi haténa. Sugan jeung sugan bisa manggihan rasa anu sarua jeung rasa anu teu karasa tumuwuh, marengan galindeng kecap demi kecap nu ngamalir dina saban obrolan jeung manéhna. Tapi, ari geus nyadar deui mah, nu kapikir téh; gééran teuing, naon atuh anu bisa dipikaresep ku A Dadan ti diri kuring.  Perkara A Dadan sok bageur ka kuring. Kawasna éta mah teu bisa dijadikeun indikator yén A Dadan nendeun tresna ka kuring.  Kapan cenah, A Dadan mah  ka saréréa gé sok bageur. Tapi basa peuting tadi, kuring bisa saeutik ngararampa eusi haténa. Sok sanajan kuring masih bingung. Loba isarah nu teu bisa kasurahan ti manéhna. Teuing ketang lamun kuringna anu teu bisa surti mah; nganggap sagalana éstuning  samar tur saru.
            “Wi salami ieu téh ngantosan?” pokna harita, bangun nu palalaur nyaritana téh.
            “Ngantosan naon? Ngantosan KRL mah muhun, pami badé ameng ka Bibi di Padalarang sok cangkeul ngantosan KRL!” walon téh kamana karep.
            “Aa terang ti Yuyun réréncangan caket Déwi, saurna Déwi tos nyimpen rasa nu langkung.”
            Ratug jajantung karasa ngadadak eureun saharita. Kuring ngabetem sajongjongan. Keuheul, bingung, éra, sedih. Ah, teuing naon atuh lah ari rasa nu kieu kasebutna. Hayang ngambek téh ka Yuyun, bet ku biwir nyiru rombéngeun teuing atuh boga sobat téh.
“Wi!” pokna deui, liris.
            “Kah!” beurat naker ngawalon sakitu gé. Kuring geus pasrah kana kajadian nu bakal tumiba kana sasemplék haté kuring nu masih kénéh kakaeueum ku cimata mangsa lawas. Lamun mah kudu nambahan tatuna gé, meureun geus jadi guratan tidituna.
            “Wios Wi, da saleresna mah Aa gé meureun sami, tapi Déwi gé panginten ngartos Aa téh masih sieun, masih salempang jeung mangmang.”
            Satuluyna, dina telepon téh ukur paheneng-heneng. Pada-pada ngarasakeun campuhna eusi haté séwang-séwangan. Eweuh sakecap gé nu kebat, boh ti kuring boh ti manéhna. Saenggeus sawatara lila, pok manehna nyarita deui.
            “Aa gé pan sering curhat ka Déwi ngeunaan Téh Wina. Sesah pami kedah nyarios nu sami ka Déwi sareng cariosan ka Téh Wina téh, inggis kajantenan nyieun kapeurih deui. Ayeuna mah mending jalanan waé!”
            Kuring ngaheruk, angger teu lemék. Hayang ngambek tapi teu bisa. Asa ku teu nimbang kana haté kuring sikepna téh. Enya, kuring gé surti kana kaayaan manéhna, tapi teuing kumaha atuh, da haté angger marojéngja. Dina pikiran nyangkaruk samodél rasa sieun dinyeri hatékeun. Dihenteu-henteu ogé kuring cangcaya ka manéhna. Ieu téh naon atuh maksudna? Lamun enya nyaah naha teu jéntré nyarita yén manéhna nyaah terus ngajadikeun kuring kabogohna. Kapan biasana gé barudak ayeuna mah lamun sarua pada boga rasa cinta téh kudu jadian lain? Aya status kabogoh lamun ceuk budak ngora téa mah. Terus ieu kasebutna naon atuh? ‘jalanan’ maksudna naon atuh? Baheula gé jeung A Adit anu jéntré naker ngucap tresna ka kuring, tungtungna ukur ngaheureuykeun. Atuh komo ieu anu teu pararuguh.
Enya, kuring gé apal. Manéhna sering nyarita perkara pegatna tatali asih  antara manéhna jeung Téh Wina. Ngarti kuring gé, kumaha racana haté dipaksa kudu ngudarkeun simpay asih nu geus sakitu paheutna. Lain perkara nu babari, kudu narima kanyataan peheur nu geus dibabadé bakal laksana éndah jeung amisna téh.
Kawas dongéng klise, bengkeutan kahéman A Dadan jeung Téh Wina téh teu disapukan ku kolot Téh Wina. Enya da ari nu ngaran kolot mah meureun sok hayang ngabagjakeun nu jadi budak. Hayang méré nu panghadéna keur budak, najan kudu patojai’ah jeung kahayang budak gé.
Ceuk A Dadan mah, nepi ka ayeuna Téh Wina téh sok masih nga-sms. Eusi sms-na téh angger, kedaling ati Téh Wina nu masih kénéh geugeut ka A Dadan. Cenah,  A Dadan teu bisa digantikeun ku lalaki séjén. Cenah, teu yakin bisa micinta ka lalaki jiga micinta ka A Dadan.  Dikitukeun ku Téh Wina téh, cenah A Dadan mah sok kalah ngarasa digerihan. Nyeri haté tapi teu bisa kukumaha.
Mereunan A Dadan téh kaduhung teu bisa nedunan jangji cinta nu éndah keur Téh Wina. Ku sabab éta ogé meureun, A Dadan jadi embung ngumbar ranggeuyan kecap cinta deui téh. Reumpaneun mun jangji katresna ukur natrat dina lalambéna deui. Emh, aya ku wening teuing atuh nya, haté lalaki anu mimiti ngancik dina lolongkrang rasa téh. Rasa kuring nu ayeuna keur digaléntoran ku waswas tina citangis mangsa bihari. Waswas; antara harepan jeung hariwang. Keukeuh kuring mah, butuh kajéntréan ku runtuyan kekecapan. Égois meureun nya kuring téh, teu ngarti kana kaayaan A Dadan. Tapi da…ah duka teuing atuh.
Sabenerna mah sieun neundeun rasa nu kawas baheula diteundeun keur A Adit téh. Enya A Adit; tresna munggaran kuring nu teu lengkep.  Kapan sok karasa kénéh nyanyautan peurihna diteungteuingan ku manéhna téh. Lamun mah kongang, sok hayang sapokpokkeun nyarita ka A Dadan tibaheula kénéh gé, sangkan ngajauhan kuring. Ulah teuing mindeng panggih, ulah teuing remen nga-sms atawa nelepon. Da kuring sieun boga rasa jiga ka A Adit baheula. Inggis kudu ngalaman melak harepan jeung peungas harepan deui. Loba nendeun harepan téh sok loba kuciwana. Sok sanajan moal dipungpang ku kuring gé,  yén ku harepan kuring sok bisa wani neuteup kahirupan téh. Tapi ayeuna mah geus telat dina wanina rék ngomong kitu ogé. Ayeuna mah,  rasa téh geus buleud.  Sarua jiga rasa nu baheula ka A Adit.
Cahya panon poé wanci haneut moyan laluwasa asup kana jandéla imah kuring. Tina jandéla atra pisan langit nu cékas narawangan. Dipapaés ku méga bodas nu ngaleut jujumplukan. Matak waas. Poé ayeuna mah langit téh karasana béngras kabina-bina. Perbawa béngrasna langit na haté kuring kawasna. Rét  kuring ngawanikeun ngalungkeun paneuteup ka lalaki nu aya dihareupeun kuring. Tétéla manéhna gé keur neuteup kuring. Leleb nakeran. Leuh Gusti, enya kitu éta téh,  haté bet ngalenyap sajongjongan. Kuring nemonan sagurat cahya katresna nu medal tina sorot matana nu linduk. Luk wé kuring  tungkul. Nyumputkeun pipi nu dipulas ku rasaning tresna.
“Teu di telepon, teu nuju pendak, keukeuh wé pabetem-betem nya!” pokna.
Ku kuring ukur diwalon ku imut. Aya kembang nu mangkak dina jero dada. Seungitna ngadalingding ka satungkebing rasa. Rasa nu kuring jeung nu manéhna.
Pernahna mah, jeung nu Téh Wina ogé meureun nya. Enya, Téh Wina. Téh Wina nu nepi ka ayeuna teu weléh ngarengi-rengi harepan kareueutna katresna dina alam lamunana nu absurd. Ditalikung ku rasa kasono nu lawas disidem, bati nyiptakeun kapegung.  Ujug-ujug aya nu ngajeletit kana rasa. Bet nyebit matak peurih.  kakara sadar, kuring jeung Téh Wina téh boga panyarandéan haté nu sarua. A Dadan.
Kumaha lamun Téh Wina apal. Meureun ceuk Téh Wina, kuring téh wanoja nu teu bisa ngarasakeun kapeurihna. Kalah bungah bungangang dina saban keclak cimatana. Pantes wé lamun Téh Wina ijid ka kuring gé. Ka wanoja nu geus ngiwud susulutuk hayang ngangseu seungitna kembang katresna anu dicéboran ku citalaga asihnna A Dadan; Lalaki anu salila ieu teu weléh ngajirim dina saban ambekanana.
Emh, muhun leres Téh Win, abdi wanoja nu teu gaduh émutan téh. Bet daék digugusur ku giungna kagandrung bari jeung teu ngaragap haté nu Tétéh. Mun dina hiji waktos Tétéh uninga ka abdi, teras wé geura jejeléh, geura cacampah, geura carékan nepi ka laklak dasar wanoja nu ngaku-ngaku boga haté nu sarua wanoja téh! Pantes da dikitu-kitu gé, wanoja sapertos kieu mah. Duka atuh Téh Win, sagalana éstu jadi ngabingungkeun kawas kieu. Liwung, lanjung. Kedah dikumahakeun atuh ieu rasa nu kagok tumuwuh di satungkebing lolongkrang haté? Da moal cekap ku kecap hapunten pastina.
            Rét deui ka lalaki nu aya dihareupeun kuring. Lamun enya ayeuna manéhna nyaah ka kuring, naha enya sagemblengna kanyaah téh geus ditamplokeun ka kuring. Boa mah  ka kuring téh ngan saukur sésana, atawa meureun ukur sakadar panglumpatan?  Teuing, kuring gé teu apal. Ceuk tadi gé, sagalana éstuning ku samar tur saru. Nu kuring apal mah, ayeuna kuring geus mimiti geugeut ka manéhna. Asih téh geus keur manéhna, sanajan kuring teu yakin asihna dikocorkeun keur kuring gé. Keun waé ketang, da keur kuring mah cinta téh hakékatna méré, salawasna méré teu miharep dibéré. A Dadan rék biasa-biasa, rék teu maliré, rék bendu, da rasa kuring mah teu bisa robah. Kagok sirungan, hésé mun seug kudu dipaéhan.
            “Ngahuleung waé!” pok A Dadan ngagareuwahkeun pikiran kuring nu anteng ngalanglang.
            “Henteu ih!” walon téh, mungkir.
            “Tabuh sabaraha ka Jatinangor téh? Janten dijajap mendakkan Riyah téh?”
            “Ayeuna, tapi netepan lohor heula nya!” pok téh bari ngoléséd muru jamban. Ah, A Dadan, Téh Wina…!


Saung Pangharepan, November 2012

No comments:

Post a Comment