Aduh... jangar! Kudu kumaha atuh ieu
téh? Kuring nutupan beungeut ku dampal leungeun. Beungeut dua jalma nu
dipikacinta laju kokolébatan deui dina pikiran, ‘ménta ka bapa manéh ari teu
boga duit téh’ sora indung kuring jejelengengan kana ceuli. ‘Dagang téh keur
tiiseun’ sms ti bapa kuring asa ngajeblag dina kongkolak mata. Gap kana dompét,
dibukaan deui, dikotéktak ungal pésakna, eusina angger kénéh, Kartu Tanda Penduduk, Kartu Tanda Mahasiswa jeung
foto indung bapa kuring. Ah… bet kawas nu teu éling, geus puguh tatadi gé eweuh duitan.
Rét kana jam tangan. Tétéla jarumna geus nunjuk
kana pukul tilu leuwih saparapat, masih saparapat jam deui der ujian téh.
Kuring mukaan deui buku. Ngajejel-jejelkeun mangpirang-pirang téori kana sirah
nu geus sumpeg. Sasatna dibelél-belélkeun panon ogé sangkan kuat macana, tapi
nu katempo téh kalah sms ti bapa kuring jeung saldo di ATM nu korédas. Tuluy
wéh sagala narémbongan. Listrik nu can
dibayar. Tugas nu can di print. Buku
nu can dibeuli. Sagala rupa nu kudu diduitan pabaliut asup kana uteuk nu geus pajurawet. Gerewuk beuteung kuring disada. Beuteung téh
tara ngarti kana kaayaan deuih, tara hayang apal kana duit nu keur seuseut. Rék
boga, rék teu boga angger méménta dieusian.
“Héh
ngapalkeun atawa ngalamun! Hayu asup, dosénna geus aya,” ceuk Linda nepak
taktak kuring.
Kuring
ngarénjag, reuwas naker. Nyéh kuring imut ka Linda, tuluy nuturkeun manéhna
asup ka kelas.
Sapuluh
soal éséy jaba anakan deuih. Awak kuring ngaleleper, tuur nyorodcod, leungeun
ngageter asa teu kuat nulis gé. Lain alatan ku geumpeur ujian teuing jigana
mah, tapi bakat ku lapar, kawantu beuteung téh kakara manggih cai hérang wungkul
basa isuk. Sirah lenglengan. Kuring maksakeun maca soal, tapi aksara téh asa
teu caricing. Jiga nu keur acleng-aclengan bari cicirihilan, nyengseurikeun
kuring nu keur katalimbeng. Nu dibaca ku kuring sapeupeuting ngariles teuing
kamana. Kuring geus teu bisa mikir. Sirah kuring panas, asa ngagolak, jigana
lamun neundeun endog atah di luhureunana gé bakal asak da. Kuring pasrah basa
ngumpulkeun lembar jawaban téh, nu dieusian ukur sababaraha siki, éta gé asa
teu puguh, asa ngalantur kamana-meni.
Datang
ka kosan, kuring tuluy nyuksrukeun manéh kana kasur nu teu wawuh ka ranjang. Kabingung
asa meulit jajantung, mangpéngkeun sasemplék haté ka jurang guligah nu panglungkawingna.
Kuring baluweng, teu apal kudu kumaha pilampaheun. Kabisa téh ukur ceurik
cumalimba. Meni hayang sapokpokeun ngomong ka indung kuring yén kuring teu boga
duit, ngabéjakeun bapa nu teu bisa transfer.
Yakin bakal ngusahakeun indung kuring mah najan enya meunang tibeberegég ngaya-ngayakeun
duit nu eweuh. Nepi ka sok teu sirikna hulu dijieun suku, suku dijieun hulu. Gagalapakan
unjam-injeum kaditu kadieu. Ngan atuh kitu mah sarua wé jeung ngahihileudan. Nyiar-nyiar
pinapsueun indung kuring. Ngahurungkeun seuneu di imah. Kacipta harénghéng di
imah téh, ngadéngé indung bapa kuring hoghag.
Pahereng-hereng.
HP
kuring ngirilik, aya sms ti adi kuring nu sarua ogé keur sakola, ngumbara di
lembur batur.
“Téh mamah jeung Bapa can ngirim eung! Rék
ngasms éra, Tétéh aya kénéh bekel? Injeum heula lah, geus saminggu yeuh puasa
daud!”
Baku
adi kuring mah, nga-sms téh pasti keur teu boga duit. Tara ngahajakeun nga-sms
lamun aya kénéh bekelna mah da. Jempol kuring tuluy lincah luluncatan dina keypad HP nu layarna hitam putih, ngabalesan
sms-na .
“Alus lah, teu boga bekel téh, cingcirining
kudu ngajalankeun puasa sunah!”
HP
dialungkeun kana kasur. Teu dipaliré sorana nu ngirilik deui. Geus yakin éta
mah sms ti si Dadan adi kuring, nu pastina merenyéng hayang nginjeum duit.
Heuh… sidik kuring gé teu boga. Hampura Dan sing sabar wé heula. Percaya wé ka
Nu ngatur rejeki, bet cakcak nu hirupna ngadaplok dina témbok gé bisa meunang
dahareun anu ngapung. Kawasa Pangéran mah.
Kuring
muka dompét nu lépét, poto indung jeung bapa kuring anteng diteuteup. Poto basa
keur papada ngora. Indung kuring masih katingali geulis, jigana budakna gé kakara lanceuk
kuring wungkul, can reney dalapan jiga ayeuna. Mun ningali saliwatan dina poto
ieu mah jiga nu ayem tingtrim kulawarga téh, moal aya nu nyangka yén indung
bapa kuring téh rumah tanggana awét rajét.
“Lamun
teu karunya ka maranéh mah, Mamah mah geus hayang pipirakan jeung bapa manéh
téh Win!” Ceuk indung kuring dina hiji peuting bari anger jongjon ngajérékjék
ngaput baju pesenan.
Kuring
ukur ngaheruk teu lemék. Aya nu nyugak kana haté, nembus parat kana rasa. Dina
dada karasa peurih.
“Karunya
ka maranéh bisi ngarasa éra ku batur, pédah teu boga kulawarga nu sampurna!” Pokna
deui bari tetep teu ngeureunkeun mesin kaputna.
Satuluyna
indung kuring nyaritakeun lalakon hirupna jeung bapa kuring. Cenah lain alatan
bogoh kawin ka Bapa téh, ngan pédah dijujurung ku babaturanana da katingalina
bageur jeung béla pisan ka indung kuring. Jigana mah indung kuring téh ambek
pisan ka bapa téh pédah pedit dina urusan duit. Cenah bapa kuring téh tara
surti. Inget jaman basa keur ngontrak di Jakarta cenah, basa indung kuring keur
nyiram, meni ngelét hayang rambutan. Teu pira hayang meuli rambutan. Ari bébéja
ka bapa kuring kalah ambek-ambekan pajarkeun téh hambur duit. Kitu deui basa
keur ngurus lanceuk kuring nu harita keur leutik kénéh, tara ninggalan duit
keur jajan budak. Mun budak gering ukur méré duit keur sakalieun ka puskésmas,
tara dileuwihan. Teu mikirkeun yén balik ti puskésmas téh budak ningali tukang balon
di jalan. Meni éra pisan cenah, asa teu boga beungeut, basa panon jalma-jalma
nu di jalan neuteup indung kuring nu keur bingung ngupahan budak nu wera. Ceurik
lolongséran hayang balon.
Teuing
pédah kuring budak awéwé hiji-hijina meureun. Kuring téh da sok jadi batur
pakumaha indung kuring. Ti keur SMA ogé, kuring mah geus apal pisan kana
bubutuh kahirupan rumah tangga. Geus milu ilubiung dina ngajejewét duit anu
datangna teu matuh, tur kacida saeutikna. Kawantu ukur ngandelkeun dagangan
bapa kuring jeung panghasilan tina ngaput nu teu sabaraha. Komo bapa kuring mah
da adatna tibaheula gé kitu, sok cukup ku nyebut eweuh duit, tara narékahan
deui.
Barudak
beuki garedé, bubutuh gé beuki gedé teu bisa dipersabenan. Waragad sakola nu
tuluy ngapung ka langit, karasa pisan nyekék beuheung pikeun jalma nu leutik
burih jiga kulawarga kuring mah. Tapi indung kuring mah mentingkeun pisan kana
atikan téh. Bébélaan tisusruk tidungdung. Dug hulu pet nyawa demi ngabiayaan
sakola barudakna. Sawah warisan ti Aki gé ledis dijualan dipaké ngabiayan sakola
barudakna. Emh… nuhun Mamah!
Poto
téh dicium anteb naker, tuluy diteueulkeun kana dada. Ah… Mamah, Bapa kahayang
mah sing runtut-raut. Masih kénéh can kabayang ari kudu pipisahan mah. Masih
hayang boga kulawarga nu sampurna, keun waé hirup paspasan gé, asal tuluy
ngumpul babarengan nepi ka jaga.
Jandéla
kosan dibuka. Hiliwir angin kasorénakeun ngomékeun buuk kuring nu ririaban. Teu
ieuh karasa niiskeun haté nu keur liwung. Lila panon kuring neuteup layung nu
hibar di pucuk gunung. Sok ningtrimkeun rasa sasarina mah tapi ayeuna mah
beureum layung téh bet asa jiga beureum seuneu nu ngabebela. Ngahéab panas kana
dada. Nu gegerewukan dina jero beuteung can eureun. Peurih beuteung téh tatadi
gé, ku kuring teu dipaliré. Kalah anteng ngawaskeun méga nu jujumplukan, aya
beungeut indung jeung bapa kuring nu keur dibulen ku napsu amarah.
Cimata
patingsurungkuy deui tina sela-sela panon, tuluy merebey ngalémbéréh haneut
mapay pipi. Jandéla ditutup, awak disusrukeun deui kana kasur.
***
“Teu
boga rasrasan! na teu karunya ka anak?” ceuk Indung kuring tipoporongos.
“
Geus dibéré ku aing ogé, tanyakeun ka Si Wina kadinyah!” walon Bapa kuring teu
éléh nyereng.
“Sabaraha?
Lima puluh rébu? Saminggueun? Cik mikir atuh, mahi ka naon duit lima puluh
saminggueun jaman ayeuna!”
“Na
da Si Wina ogé tara protés dibéré sakitu téh, kalah manéh nu riweuh, teu ngarti
aing mah!” ceuk bapa kuring bari ngaléos kaluar, jelebet panto dibantingkeun
“Tos
cekap Mah Wina mah, bekel mah aya kénéh, sami Dadan gé aya kénéh!” ceuk kuring
semu dareuda milu cumarita.
“Gandéng
Wina, kabiasaan tah ngogo ka Bapa manéh bari jeung nyiksa sorangan, geus teu
kuat Mamah mah hayang diserahkeun ayeuna kénéh!” ceuk Indung kuring tandes bari rambisak, tuluy
ngaberebet asup ka pangkéng.
Kuring
ngudag Indung kuring ka pangkéng, Kacida reuwas pisan basa asup ka pangkéng téh
kasampak indung kuring keur ngasup-ngasupkeun baju-bajuna tina lomari kana
koper. Kituna téh bari nginghak jeung teu eureun kukulutus.
“Teu
guna boga salaki gé, matak jéngkél kana haté, cenah ngalawan ka salaki téh
doraka, da teu bisa tuda kudu leuleuy nyanghareupan salaki jiga kitu mah. Daripada
nambahan pidorakaeun mah, mending tong boga salaki sakalian! Keun waé da bisa
hirup teu jeung salaki ogé!”
Kuring ngarumpuyuk lir dipupul bayu, gep kana
sukuna. “ Mah badé kamana Mah? Ulah kitu atuh Mah!” satuluyna kuring ceurik
ngahinghing bari nyekel suku indung kuring pageuh. Indung kuring ngabigeug,
cimatana merebey mapay pipina nu karanyos.
“Win…Wina..!”
hawar-hawar kadéngé sora Yuli, satuluyna panto digegedor. Koréjat kuring
hudang, laju ngusap beungeut bari teu eureun kunyam-kunyem maca istighfar.
Alhamdulilah Gusti, ukur ngimpi geuning.
“Asup
Yul teu dikonci!” témbal kuring semu peura, kawantu lulungu kénéh.
Gék
Yuli nu geus saged maké setélan jalan-jalan diuk digigireun kuring, ”Wayah kieu
saré, pamali cenah ceuk kolot baheula mah ulah sok saré sareupna!” Pokna
tandes.
“Huaah…
jaman modern masih percaya manéh ka pamali?” témbal téh bari heuay laju kuliat.
“Manéh
mah dibéjaan téh, Win si Eva rék nraktir babaturan sakelas cenah peuting
ayeuna, sukuran ulang taunna. Buru ganti baju!”
“Wah!
Hayu Wina siap ditraktir hahaha!”
“Ditraktir
kabeuki téh, iraha manéh nraktir Win? Minggu kamari dimuat deui lain carpon
téh? Geus dicokot can honorna?” ceuk Yuli bari cengkat nangtung tuluy
dangdak-déngdék dihareupeun kaca meneurkeun tiungna.
Panon
kuring ngadadak buncelik “Baruk, enya kitu? Teu apal Win mah! Minggu kamari teu
meuli koran tuda!”
“
Sugan téh apal!” pokna bari ngalieuk sakeudeung ka kuring tuluy dangdak-déngdék
deui.
“
Yul isukan nginjeum motor nya! Dibéngsinan da!”
“
Heueuh jig geura cokot honorna! Buru ah geura ka cai kadituh, geura siap-siap
anggur mah, ku barudak geus didagoan!” ceuk Yuli bari nyuntrungkeun awak kuring
nu masih napel diuk dina kasur.
“
Kéla sakedeung! Rék solat magrib heula!” ceuk kuring bari cengkat tuluy néangan
HP dina kasur. Sms adi kuring dibales.
“Enjing ku Tétéh ditransfer!”
Aya
sms ogé ti indung kuring.
“Bapa tos transfer?”
Ku
kuring dibales pondok“Tos!”
Nu
ayeuna mah masih bisa dipindingan, masih bisa dihalangan seuneu nu rék
ngaléntab manaskeun imah kuring téh, teuing nu engké mah. Ah.. Mamah, Bapa…!
Pangumbaraan,
Desember 2011
No comments:
Post a Comment