Manéhna mah meureun moal nyangka.
Mangtaun-taun saenggeus haté teu bisa
kaiuhan deui ku teuteupna nu liuh, kuring masih kénéh remen kikieuan: néangan laratan
kalangkang imut di tempat munggaran kuring wanoh jeung manéhna.
Atawa boa manéhna gé apal kana paripolah kuring
salila ieu? Sok nyérangkeun kuring nu sok ngadon ngalangeu di tempat ieu ti
kajauhan; Gogodeg tuluy ngabelenyéh
némbongkeun imut nu kawas sasarina. Imut anu sok atra dina paromanna lamun kuring némbongkeun
paripolah nu bubudakkeun.
Ah, lamun mah manéhna apal yén paripolah kuring beuki dieu téh kalah beuki
jiga budak anu teu boga akal pipikiran. Saperti basa harita, basa dina HP
kasampak aya panggilan tak terjawab tina nomer manéhna. Ratug jajantung téh ngadadak
campuh patutunggulan teu puguh wirahma. Ukur ngamiskol. Tapi dina pikiran
kuring mah ranteng dihartikeun jadi
manglapis-lapis ma’na. Aya bagja nu sumalesep kana lolongkrang rasa.
Nyiptakeun saulas imut dina pipi nu ngadadak eceuy, ngembang wera. Warnaning
tresna.
Saeneng-eneng kuring neuteup layar HP. Rék balik
nga-sms eweuh kawani. Diantep kalah panasaran. Kuring samar polah, HP
dialungkeun kana kasur. Teu lila, HP dicokot deui. Jempol kuring tuluy
luluncatan dina keypad, ngetik sms
keur manéhna. Meunang ngetik téh teu tuluy dikirimkeun. Sababaraha balikan mah,
dibaca jeung diédit. Lieur ngéditna gé, hésé néangan kekecapan nu mantes jeung
merenah. Antukna mah, bakating ku bingung dihapus kabéh, tuluy dialungkeun deui
kana kasur.
Teuing geus sabaraha balikan ngetik jeung
ngahapus sms téh. Da nu puguh mah ngerjakeun tugas téh teu anggeus-anggeus.
Laptop nu ngajugrug dihareupeun ukur dipencrong, ngerjakeun makalah saeneng-eneng
ukur meunang dua paragrap. Sumawonna kadituna
mah, kalah jadi beuki teu
nararapsu nyieun makalah téh. Aya sms ti manéhna. Ukur sakalimah sms-na téh
“Duh Ci punten, kapencét ku Neng Nina!”
Kuring seuri maur nyeungseurikeun sakabéh
kabodoan kuring. Jigana, paripolah kitu
téh ngan ukur bisa dipilampah ku wanoja
tukang ngalamun jiga kuring. Geura ayeuna gé, kuring geus der deui waé:
bolak-balik Bandung-Sumedang ninggalkeun kuliah jeung urusan-urusan lianna,
ngan saukur pikeun nangtung ngalangeu dihareupeun gerbang sakola. Kapan nu kitu
téh pagawéan bodo nu euweuh gunana lain?
Kuring teu bisa ngabohong ka diri sorangan yén
mangtaun-taun saenggeus manéhna ngucap ijab kabul dihareupeun bapana Bu Anisa, sagala
rupa nu patali jeung manéhna masih kénéh
sok ngalangkangan. Némbongan dina unggal halaman-halaman novel nu ku kuring
baca. Asa téh sok ujug-ujug ngajelegedeg diuk, ngajirim di tengah-tengah
babaturan-babaturan kuring nu keur karuliah.
Sanajan apal manéhna
téh saha, nyadar posisi kuring dihareupeun manéhna téh kumaha, tapi kuring teu bisa
ngeureunkeun kabiasaan kuring nu sok ngajengléngkeun manéhna jadi mangpirang adegan
dina alam lamunan kuring. Adegan manéhna jeung kuring. Atuda gening dina lamunan mah sagala gé bisa
kalaksana. Aya adegan kuring nu keur paduduaan. Adegan upacara panganténan.
Adegan boga budak. Adegan…ah, pokona mah araréndah téh.
Kuring ngaléngkah muru tukang baso hareupeun
sakola nu pinuh ku barudak sakola nu keur jarajan.
“ Basona hiji Mang!” ceuk kuring bari gek diuk
sabangku jeung nu keur balakécrakan ngabaso.
Baso didieu téh, ti jaman kuring sakola sok
pinuh wé ku barudak sakola, malah sakapeung mah guru gé sok milu kadarieu.
Ditengah-tengah barudak sakola jeung sababaraha urang guru nu keur ngabaraso, kuring
sering ngabayangkeun manéhna diuk di
tengah-tengah guru nu séjénna, ngocrot-ngocrotkeun botol saos jeung sambel kana
mangkok basona. Tuluy kuring rék nyampeurkeun manéhna, ngalungkeun imut bari
ngucapkeun patalékan-patalékan nu teu penting: kumaha damang Pa? Néng Nina téh tos
ageung panginten nya ayeuna mah? Tos opat taun pami teu lepat mah nya? Ah, caliweura.
Bari ngaduk-ngaduk baso, kuring neuteup
bangunan sakola tikajauhan. Sakola téh can robah, cet-na masih biru langit, kaca-kaca
ngajalajar di unggal kelas, pulas kusenna warna hideung. Kuring yakin bangku di
jero kelasna gé masih maké bangku nu baheula, malah meureun bangku anu aya
coretan spidol S&D gé masih kénéh aya dijajaran bangku nu pangtukangna. S&D
alias Suci jeung Dani Heriawan. Dikotrétkeun basa manéhna keur nerangkeun
kumaha cara ngitung Harga Pokok Penjualan. Kuring resep pelajaran Akuntansi,
pernahna mah kuring téh resep ka sora nu ngajarkeunna. Sorana rangu, saban
kecap nu ngamalir tina biwirna sok teu weléh dibarung ku paroman anu bear
marahmay.
Lamun mah kongang idin ka guru-guru, hayang pisan
téh asup ka kelas. Hayang diuk dina bangku
pangtukangna, rék mulangkeun panineungan, rék néang salempay kawaas anu nyampay di kelas. Moal rék
luntur tina ingetan kuring, kumaha manéhna ngupahan jeung nyumangetan kuring
basa kuring nungkupkeun sirah kana bangku; mengkék inghak ceurik. Harita,
guru-guru keur rarapat, wanci pecat sawed barudak geus dibalikkeun. Teuing
kumaha caritana, manéhna bet teu milu rapat. Jigana teu kahaja ngaliwat ka
kelas laju manggihan budak anu masih kénéh can balik.
“Suci nya? Kunaon? Naha can uih?” patalekan
demi patalekan murudul tina biwirna.
Sorot panonna nu linduk geus ngayakinkeun
kuring sangkan nyaritakeun sagalana. Kalawan daria manéhna ngadéngékeun carita
kuring ngeunaan Bapa kuring nu sok
sahaok dua gaplok. Carita ngeunaan
lanceuk téré kuring nu basa cungurna bau pahang ampir rék nyokot
kahormatan kuring. Ka manéhna kuring ngabudalkeun rasa ambek ka takdir sabab
geus dilahirkeun ti dua jalma nu resep hog-hag, pahereng-hereng ngabsénan sato
kebon binatang.
Satuluyna kekecapanana nu matak ningtrimkeun rasa
ngamalir kana sela-sela haté nu keur liwung; dirungrum salaksa kapeurih jeung
kapegung. Kuring tingtrim kaiuhan teuteupna nu liuh. Tisaprak harita kuring
ngajadikeun manéhna panyarandéan hate, geusan panyuuhan manglaksa lara. Keur
kuring mah manéhna téh leuwih ti saukur
guru Akuntansi anu ngajarkeun perkara debit jeung kredit. Keur kuring, Pa Dani
téh lir ibarat talaga nu caina ngagenyas hérang, matak betah diuk disisina,
nganclomkeun dampal suku kana caina nu nyecep tiis bari nyérangkeun caina nu ririakan
dioyag-oyag ku angin leutik nu ngahiliwir.
Pa, ayeuna mah sadayana tos bérés! Pun raka anu
sok julid sareng cunihin ka Suci téh duka kamana, taya pisan laratanana, tos
lami tara uih deui ka rorompok, saurna mah nuju janten buronan pulisi da kapendak
janten pengédar. Sataun kapengker pun Bapa
ngantunkeun dipayunen kartu-kartuna, dialanteurkeun wanci carancang
tihang ku réréncanganana nu ngaranggo anting dina lambey sareng cepilna. Suci mah meni atoh téh, meni hoyong mupuas. Saleresna
mah pami ka Sumedang gé, sok horéam uih ngalongok Ema di rorompok téh. Resep
kénéh ngalangeu di sakola tibatan kedah ka rorompok mah. Tapi kapan saur Bapa
kapungkur, buruk-buruk papan jati. Saur Bapa nu haténa lir talaga nu caina
ngagenyas hérang: ngahampura leuwih hadé tibatan kudu dendam jeung nyidem
kapegung.
Leuh, lamun mah masih deukeut jiga baheula.
Meureun kuring téh rék nyarita sagala, yén ayeuna kuring téh meunang beasiswa
di jurusan Pendidikan Akuntansi di PTN tempat manéhna baheula kuliah. Yén
kuring boga cita-cita hayang jiga manéhna, guru Akuntansi anu pikaresepeun.
Neuteup anteub ka palebah kelas basa kuring
nincak kelas tilu, geter-geter kapeurih karasa beuki nambahan. Ngajeletit tur
nyanyautan. Kuring moal poho, harita KM téh mawa surat ondangan anu ditujukeun
ka barudak sakelas. Harita kelas éar, ngaeuleuh-euleuh sabab teu nyangka Pa
Dani bakal panganténan jeung Bu Annisa. Guru Geografi nu sagala aksés atrana
kageulis jeung camperenikna sok ditutupan ku jilbab jeung sikepna nu lunguh
timpuh.
Pantes kituna mah. Bu Annisa mah wanoja anu
soléhah; sikepna nu andalemi, tingkah paripolah jeung tutur ucapna nu sopan tur
pikaresepeun, matak kayungyun. Éstu nurub cupu jeung Pa Dani nu haténa wening
bersih lir kertas bodas nu can kungsi kacorétan ku beureum hideungna kokotor
kahirupan. Kuduna kuring bungah ningali jalma nu sok nulungan kuring pinanggih
bagja. Tapi naha, bet aya nu ngajeletit peureus dina dada. Harita kuring
nyadar, yén aya rasa nu leuwih ti rasa ajrih jeung hormat ka guru. Leuwih ti
sakadar resep ka guru favorit. Kuring hayang ngajalanan amis peuheurna
kahirupan jeung Pa Dani Heriawan babarengan salilana. Kuring hayang jadi nu
halal keur manéhna; halal nyuuh dina dadana, halal balayar dina lautan
kanyaahna. Hayang diusap ku kadeudeuh tina ramo-ramo tresnana, diaping diayun ku giungna kagandrung nu moal
weléh ngamalir tina talaga asihna. Teu éling rasa téh, bet teu ngukur ka kujur;
ngadon eunteup ka hiji haté nu hamo bisa kasorang.
“Neng, basona teu diemam?” pok tukang baso
ngagareuwahkeun lamunan kuring.
“Eh muhun Bu, eu… sabaraha sadayana?” Cekéng
téh bari luak-lieuk tur sura-seuri, samar polah. Kakara sadar tatadi baso téh
ukur diaduk-aduk, meni geus tiis, emihna geus beukah.
Tukang baso ngabelenyéh imut. “Tujuh rébu
Neng!”
Créng ku kuring dibayar. satuluyna kuring
leumpang saparan-paran nuturkeun indung suku. sapapanjang leumpang téh pikiran
mah hantem kumacacang. Naha jalma anu geus tigebrus kana jungkrang impian moal
bisa hanjat deui kana kanyataan? Bakal satuluyna katalikung? Terus, keur naon deuih
salila ieu kuring kikieuan? Ngingu kapeurih dina sasemplék haté nu can pernah tuus tatuna. Beuki dipikiran, patalékan téh
kalah beuki teu kajawab. Liwung, lanjung. Katalimbeng. Kuring katambias
diantara kawaas lawas jeung harepan-harepan nu kosong. Lawas naker kuring
ngeueum kakeueung nu teu reureuh ngembeng. Teuing rék nepi ka iraha, teuing
dimana geusan pamustunganana, lebah dieuna mah kuring gé teu ngarti. Teu
ngarti.
Kosan, September 2012
No comments:
Post a Comment