Peuting
beuki ngolotan. Tapi manéhna masih anteng ngalangeu. Naleukeumkeun beungeut
kana méja nu biasana jadi paranti ngaréngsékeun pagawéanana. Sababaraha lambar
tina buukna, ririaban, ngarambueuk nutupan beungeutna. Nutupan pipina nu geus
semu karinyud. Nutupan buleud panonna nu kakeueum ku citangis kaliwung tina
peurah rasa gandrung. Teu ieuh laju disuaykeun. Manéhna anggur anteng
ngalanglang ka jauhna. Tumpukan kertas teu kungsi ditoél. Niat rék mariksa
hasil ulangan murid-muridna kalah bolay. Laptop dihareupeunana ukur dipencrong
salila-lila. Tina laptop, kapireng sora Betharia Sonata nu teu reureuh
ngagalindeng.
Dulu segenggam emas, kau pinang aku
Dulu bersumpah janji di depan saksi
Nu
puguh mah laptop téh ukur dipaké marengan manéhna ngumbar panineungan. Nyéh manéhna
imut. Anteb naker. Kagambar dina lolongkrang imutna. Aya wirahma lagu Betharia
Sonata jeung manglaksa kabagja nu kungsi ngaheumpikan dadana. Sagalana bruh-bréh,
narémbongan deui dina sawanganana.
“Urang
téh geuning pendak deui, Akang.” pok haténa
ngagerentes.
Sora Betharia Sonata masih ngagalindeng tina laptop nu ngajugrug
hareupeun beungeutna. Ngahaja di repeat laguna.
Dua puluh taun katukang, ieu lagu téh kacida dipigandrung ku para rumaja,
kaasup manéhna.
Baheula, éta lagu téh sok remen kadéngé
tina tape recorder ti hiji imah nu
sok kaliwatan ku manéhna saban isuk, pareng mun indit sakola. Ti imahna Kang
Dadan. Kang Dadan nu rajin, Kang Dadan lalaki anu resep pisan miara tutuwuhan.
Isuk-isuk téh pasti waé geus ngulampreng di buruan imahna. Daria pisan ngurus
kekembangan. Kembang téh teu sirikna di nungna-néngne; unggal isuk dicéboran, daun-daunna teu sirikna tangka
dielapan, jukut-jukut liarna dicabutan, éstuning apik pisan. Saban isuk, manéhna
sok panggih. saban isuk gé, teu weléh paalung-alung imut.
“Angkat Ning?” pok Kang Dadan, daréhdéh
naker.
Kekecapan
nu geus matuh, ukur dua kecap, can pernah robah. Kitu ogé peta manéhna dina
ngawaro éta kekecapan, kawas geus euweuh deui waé peta, sok tuluy réflék unggek
bari ngabelenyéh imut. Ukur kitu jeung
kitu peta manéhna saban isuk ogé.
Imut
téh tandaning amis budi. Daréhdéh téh tatakrama. Tapi lila-kalilaan mah imut téh
bet jadi robah ma’nana. Leuwih ti sakadar nyumponan tatakrama. Aya nu robah
dina gurating imut, boh ti manéhna boh ti Kang Dadan. Teuing lebah manana, manéhna
gé teu pati ngarti. Ngan nu manéhna apal, hawa panas sok nyiak kana pipi lamun
pareng kudu patepung imut jeung Kang Dadan.
Ngadadak, sagalana
jadi teu basajan deui. Isuk jadi wanci nu kacida pentingna; jarum jam nu nunjuk
kana angka tujuh, lagu Betharia Sonata, baju sakola, buruan imah, kekembangan, éstuning
sok didago-dago ku manéhna.
“Kang Dadan!” pok manéhna ngagerendeng. Semu rumahuh.
Saminggu
saeunggeus manéhna akad nikah, Kang Dadan datang ka kontrakanana, mangsa
salakina keur indit gawé. Cenah, meunang alamatna téh ti Elis sobatna. Ti Elis
ogé Kang Dadan meunang katerangan, yén
manéhna téh geus kawin lantaran dititah buru-buru kawin ku kulawargana. Adina rék
kawin, goréng kasebutna lamun lanceuk karunghal kawin ku adi.
“Abdi
teu tiasa Kang!” pok manéhna basa dititah pipirakan ku Kang Dadan. Luk manéhna
tungkul bari ngucel-ngucel tungtung tiungna. Manéhna apal, harita Kang Dadan
keur neuteup manéhna. Teuteup nu sasari; Teuteup nu sok mawa sukmana ka hiji tempat nu
pangtringtrimna. Kahayang manéhna mah, laju malik neuteup kawas sasari; nemonan
gurat-gurat asih nu natrat dina sorot panon lalaki nu dipikacintana. Tapi manéhna
sadar, kaayaanana geus sarwa robah. Dirina geus kakurung ku hukum. Sagalana
geus pinuh ku pamahing.
Kang
Yudi, lalaki nu teu dipiharep aya dina kahirupanana téh kiwari geus jadi
salakina. Rék bogoh, rék geuleuh, Kang Yudi téh salakina. Salaki anu teu kendat
mikaasih manéhna, sok sanajan manéhna mah teu pernah malik asih ka Kang Yudi.
“Kang
Yudi… Kang Yudi!” sajeroning jempling batinna hentem ngagerendengkeun ngaran lalaki nu can pernah
bisa ngeusian lolongkrang haténa.
“Akang
terang ti Elis, saurna Nining kénging wartos pami Akang tos gaduh nu sanés, Nining
percanten?”
Teu
diwalon. Manéhna tetep ngeluk tungkul. Aya nu ngeclak tina juru panonna. Lalaunan
disusut ku tungtung tiung. Satuluyna,
jempling kumawasa deui. Taya
kecap nu kebat, boh ti manéhna, boh ti Kang Dadan. Beku. Ngabatu. Pada-pada
nyurahan campuhna eusining hate séwang-séwangan.
Saenggeus
sawatara lila dirungrum ku simpé, manéhna cumarita “Naha serat abdi teu diwaler
atuh Kang? “
Lila
naker ngawalonna téh. Kang Dadan rumahuh. “Muhun Ning, Akang nu lepat. Waktos
Akang angkat ngaiyangkeun kembang ka Jakarta, Akang teu sempet ngintun serat ka
Nining. Serat Nining téh katampi ku Ema, nembé kaaos ku Akang dinten kamari
basa wangsul ti Jakarta.”
Tina
jandéla, teuteupna teu leupas ngawaskeun tonggong Kang Dadan nu beuki lila beuki
ngajauhan, tuluy leungit. Ninggalkeun manéhna. Ninggalkeun harepan-harepan nu
nyampay dina dadana nu gudawang. Nu ngeclak tina juru panonna beuki teu
kaampeuh. Dirina tetep pengkuh dina pamadeganana. Ceuk pamikirna, bakal loba
hate nu nyeri saupama manéhna nurutkeun kahayang Kang Dadan. Hate Kang Yudi,
salakina. Indung Bapana. Mitohana, ogé dulur-dulurna. Manéhna yakin, lalaunanan
sagalana bakal laas ku nyérélékna mangsa, bakal sirna tan laratan.
Lagu
Betharia Sonata masih ngagalindeng.
Teuing geus sabaraha balikan. Teu ieuh jadi matak bosen.
“Geuning
teu sadaya perkara tiasa robih ku tambihna angka dina saban taun nya Kang? Abdi
lepat Kang! Lepat pisan!” haténa ngagerendeng.
Kajadian poé minggu kamari ngelemeng deui dina implenganana.
Teu kasawang saeutik-eutik acan, manéhna ujug-ujug bisa paamprok deui jeung lalaki
nu geus lawas disidem dina rungkun hate nu pangnyingkurna. Mimitina mah, gara-gara
panggih jeung Elis dina reuni. Ku Elis bet kalah dititah tepung jeung Kang
Dadan. Pajarkeun téh: ayeuna mah Kang Dadan geus jadi pengusaha kembang nu suksés.
Karunya Kang Dadan, ungal panggih sok sering nanayakeun laratan manéhanana.
Dikitukeun ku Elis, manéhna léah. Luyu jeung waktu nu dipasinikeun, antukna manéhna
amprok jeung Kang Dadan.
Dua puluh taun téh lain waktu nu
sakeudeung. Kiwari, manéhna sadar. Teu sakabéh perkara bisa robah ku bagantina
mangsa. Tétéla, sagurat imut masih jiga nu baheula. Teu laas dirurud ku mangsa
kawas ceuk pamikirna baheula. Bédana meureun, imut téh ayeuna mah ngagurat dina
beungeut nu karinyud. Bédana, imut téh aya dina kaayaan nu sarwa pinuh
pamahing. Imut nu baheula kungsi mere
wirahma dina beureum hideung kahirupanana, kiwari ngajengléng jadi kabagja
nu kalah nguwak-ngawik waruga reujeung
batinna.
Hawar-hawar ti tengah imah kadéngé
sora salakina nu surak keur lalajo maén bal. Bet aya nu nyelek dina tikorona.
Hate leutikna teu bisa ngabohong, yén nepi ka kiwari manéhna masih can bisa
narima kanyataan kudu hirup babarengan jeung lalaki salian ti Kang Dadan. Kalan-kalan
sok kapikir ogé ku manéhna. Salila ieu, manéhna téh geus loba teuing
ngorbankeun parasaan keur jalma-jalma sabudeureunana. Sedeng jalma-jalma
sabudeureunana mah bieung teuing paduli kana haténa. Ras wé kaimpleng ku manéhna:
Aing geus teu hayang paduli deui ka hate batur, waktuna ngurus kana
kabagjaanana sorangan. rék nurut kana kahayang Kang Dadan baheula. Kabayang ku
manéhna, harepan-harepan nu kungsi direngi-rengi ku duaan, bakal ngajengléng
jadi kanyataan. Hirup téh bakal bagja. Cinta téh bakal nyata.
Nu keur anteng lalajo maén bal
disampeurkeun. Sabada ngasorkeun cikopi derekdek manéhna nyarita. Malapah
gedang nyaritana téh. Ka ditu-ka dieu heula. Ngomongkeun barudak, rumah
tanggana, jsb. Anu tungtungna mah, celetuk wé ngedalkeun hayang ménta cerai.
Puguh wé salakina nyangangang. Salakina kereng manéhna gé teu éléh gereng.
Harita, bari diselangan ku inghak sagalana diteumbrakeun: kapeurih anu
mangtaun-taun disidem, harepan jeung katresna nu masih nganteng ka Kang Dadan.
Kabéh dibalakakeun. Sagalana éstuning dibéjérbéaskeun, euweuh nu disumput
salindungkeun deui.
Salakina
ngabigeu, Si Cikal jeung budak panengah barijil ti kamarna, ujug-ujug geus
rajeg di hareupeunana. Sarua ngabarigeu. Teu lila Si Bungsu nu kasaréan di
tengah imah gé ngulisik, tuluy runghak-renghik nyambat indungna. Ukur dirérét
ku juru panonna.
“Abdi
mah hoyong sareng Kang Dadan, Kang!”pokna. Laju ngoloyong, ngaléos asup ka jero
kamar deui. Teu maliré jalma-jalma anu hélokkeun ku paripolahna. Si Bungsu
mimiti ceurik. Teu dipaliré, manéhna anggur anteng nelepon Kang Dadan. Harepan
mangkak deui dina dadana, tétéla Kang Dadan gé rék daék pipirakan jeung
pamajikanana demi ngajengléngkeun harepan mangsa lawas.
Gebeg, manéhna ngagebeg. Panto kamar aya nu
muka, sirah Si Cikal ngelol didinya.
“Mah tos bérés
mariksa ulangan téh? Bade dibantosan? Tétéh tos bérés da ngerjakeun PR-na.” pok
budakna bari nyampeurkeun.
“Eu, enya sukur ari tos bérés mah
atuh, puguh tadi téh Mamah kalah kaboboan, jadi wéh teu acan dipidamel
sakedik-kedik acan. Ari Si Dédé tos bobo?”
“Enya tuh kaboboan di tengah bumi
sareng Bapa.”
“Ké atuh, urang pindahkeun heula!”
pokna bari cengkat. Nyampeurkeun anak jeung salakina.
“Mah, ieu laguna gentos nya! Meni
jadul!” ti kamar, budakna semu ngagorowok.
“Enya!” walonna pondok.
Teu lila, hawar-hawar ti kamarna kadéngé
lagu nu keur dipikaresep ku budakna nu keur nincak rumaja. Laguna Mariah Carey,
My All.
Cause
I can’t go on
Living
in the memory of our song
I’d
give my all for your love tonight
Aya
nu nyérédét kana haténa. Bet nyebit matak peurih.
“Kang bade dipangadamelkeun deui
kopi?”
“moal!” walon salakina bari teu
leupas neuteup TV.
“Mah, aya telepon ti Pa Dadan!” Si
Cikal ngagorowok deui ti kamar.
“Wios wé teu kedah diangkat, Mamahna
tunduh!” pokna bari mangku Si Bungsu ka kamarna. Laju ngaronghéap. Satuluyna,
biwirna kunyam-kunyem ngucap istighfar.
Ledeng,
Juni 2013
No comments:
Post a Comment