Kalakay Nu Maruragan (Tribun Jabar) - Fitria Puji Lestari

Home Top Ad

Responsive Ads Here

Saturday, October 26, 2013

Kalakay Nu Maruragan (Tribun Jabar)



            Taman téh tiiseun ari keur peré mah, teu cara sasarina nu sok pinuh ku mahasiswa nu ngadon dariuk; ngarobrol, maraca buku,  atawa saukur ngarariung saleuseurian sempal guyon gogonjakan. Kalakay daun caringin jeung mahoni meni ngahunyud mayak dina jukut taman nu héjo, sawaréh minuhan bangku paranti diuk. Kawantu peuting tadi téh hujan mani ngagebrét dibarengan ku gelebugna angin jeung guludug nu patingjelegér. Poé sabtu jeung minggu mah tara aya nu sasapu deuih di taman téh, milu peré  petugas kebersihan ogé.
            Rada remen ayeuna mah diuk di taman kampus téh, sok ngahajakeun peré kuliah gé sok ka kampus. Taman kampus nu dijugjug téh, sok ngadon diuk  ngalangeu. Aya kalana bulaham-béléhém sorangan, tapi remen ogé kalah rembay cimata. Jiga nu kurang saeundan, enya  teu waras lamun dipikir-pikir mah. Sugan téh baheula mah ukur carita atawa ukur aya dina lagu, istilah ‘cinta gila’ téh, teu nyaho mah geuning ayeuna kaalaman. Enya nu kieu meureun ari cinta téh, nu nyiksa haté, nu matak rudet pipikiran, nu matak teu tibra saré jeung teu mirasa dahar.
            Rét ka bangku belah katuhu. Nyéh kuring imut ngagelenyu, rindatna laju kokolébatan deui dina sawangan. Bangku nu pinuh ku kalakay caringin téh nyimpen carita keur kuring mah. Hamo bisa  poho, minggu kamari dina bangku éta kuring diuk paduduaan jeung manéhna. Diuk ngaréndéng jeung Adit, lalaki nu salila ieu teu weléh ngalangkang dina hirup kuring. Cinta jaman SMA nu natrat nepi ka kiwari. Carita lawas anu hamo bisa laas. Manéhna mah tangtu mo surti yén rasa tresna nu baheula, masih  langgeng nyampay dina haté nu can tuus raheutna.
Bet jauh ti panyangka, padahal teu ngimpi-ngimpi acan, bisa ngobrol pahareup-hareup jeung bisa maling-maling ngarérét imut manéhna téh. Dina lamunan gé teu kabayang tadina mah. Asa pamohalan bisa narima sms ‘Asalamualaikum’ deui ogé, atuh boro-boro ngarepkeun sms, puguh asa geus teu boga harepan manéhna bisa inget kénéh ka kuring gé.
Tadina ogé kuring mah geus boga  kaputusan rék nyimpen rasa ieu keur sorangan. Moal ngarepkeun manéhna boga rasa nu sarua. Sadar pisan kuring gé, cinta mah teu bisa dipaksa. Cinta mah masalah nu patali jeung haté teu bisa dihayang-hayang, teu bisa diembung-embung. Kuring moal maksakeun manéhna kudu boga rasa nu sarua, ogé moal maksakeun  maéhan kembang asih nu geus kagok tumuwuh mangkak dina jero dada . Geus buleud tékad téh. Rék nuturkeun rasa. Moal maksakeun kudu poho ka manéhna, da geus puguh hésé pisan ngahapus  manéhna tina pikiran kuring mah.   
Muhamad Aditiya ngaran panjangna mah, babaturan sakelas kuring jaman SMA.  Ukur babaturan tadina mah, teu mikir-mikir acan kudu boga rasa  saperti ayeuna. Manéhna nu ngamimitian ujug-ujug balaka cinta ka kuring, serius cenah. Teuing kunaon deuih kuring gé bet percaya. Ku kuring gé tuluy wé ditarima, rasa ka manéhna gé nuturkeun jadi robah deuih, leuwih ti saukur rasa nyaah ka nu jadi babaturan biasa.
Teuing teu ngarti kuring ogé. Rasa kieu téh datangna ujug-ujug, teu méré nyaho, euweuh isarah saméméhna.  Nyulusup kana sela-sela haté, sumarambah kana bayah. Nepi ka kuring teu sadar aya nu béda dina kahirupan. Aya bungah, éra, reugreug, awor nyiptakeun pulas kayas dina jero dada. Ka sakola jadi sumanget, balik ka imah sok tuluy bulaham-béléhém sorangan. Hirup téh karasa éndah, nyulam kiceup demi kiceup ku asih nu ngagalura. Poé nu tuluy baganti teu weléh dipapaés ku imut. Ku imut nu pangamisna, imut nu giung ku buah gandrung.
Ngan gening kaayaan kitu téh teu lana, da dua minggu ti harita Adit nyebutkeun yén basa ngomong kitu téh  ukur heureuy. Kabéh sms nu eusina sajak cinta téh ukur heureuy. Piraku cenah teu bisa ngabédakeun heureuy jeung serius. Asa remek saharita jajantung téh, rasa ambek, keuheul, nyaah, jeung éra mutuh pagalo. Nyelek dina dada. Pait.
Adit ménta hampura. Kuring bingung. Lain kuring teu bisa ngahampura, tapi kumaha atuh, da marojéngjana haté téh geuning teu bisa léah ku kecap hampura. Asa ku babari, teu mikirkeun manéhna mah, yén katresna kuring ka manéhna téh geus kagok tumuwuh di satungkebing lolongkrang haté. Bingung kudu dikumahakeun, da geningan hésé rék dipaéhan ogé.
  Pleng wé tiharita mah kuring tara patanya. Sakalieun kudu paamprok gé kuring sok buru-buru miceun beungeut. Adit nganggap kuring ceuceub ka manéhna. Enya bener, kuring téh ceuceub. Ah lain ketang, pernahna mah kuring téh keur diajar mikaceuceub. Kusabab geus sakuduna kuring ngéwa. Geus weléh kuring ngipuk kaceuceub dina sela-sela haté. Hayang ngaganti rasa tresna ku kaijid. Tapi weléh teu bisa. Kuring teu bisa ngejatkeun duriat. Katresna masih nyaliara dina dada. Najan enya, moal dipungpang ku kuring gé, rasa kieu téh nyiksa.
Ti Neng Nisa cenah meunang nomer HP kuring téh. Ukur nelepon nanyakeun kaayaan kuring tadina mah. Ngobrol ngalér-ngidul wéh dina telepon téh. Henteu  nyabit-nyabit masalah tilu taun katukang. Ngahaja ku kuring sok dipéngkolkeun jejer obrolanana lamun geus rék ngomongkeun perkara éta téh. Nepi ka poé senén kamari, Adit nelepon geus aya di daerah kampus kuring cenah, hayang panggih. Leuh, ku gegebeganana ieu haté. Di kosan jadi riweuh teu puguh. Bungah tapi ogé bingung.
 Isuk kénéh harita téh, kakara jam genep ngan manéhna rusuh cenah, jadi ngajak panggih harita kénéh. Atuh puguh wé beuki bingung, pak-pik-pek teu puguh cabak. Lieur néangan baju nu mantes, jaba can dangdan. Tadina mah hayang dangdan sina alus ari panggih jeung Adit téh, hayang katingali geulis di hareupeun Adit. Tapi da boro-boro dangdan atuh, maké baju gé puguh kalah sarapna da meni ngabebereg. Geus nungguan dihareupeun tukang foto copy cenah, sasatna tipaparétot lempang gé, satengah lumpat kuring muru kadinya
Adit ngajak muru ka taman kampus. Leuh Gusti, ku lelenyapanana ieu hate. Mani asa teu napak leumpang ngaréndéng jeung Adit téh. Jantung ratug tutunggulan teu puguh wirahma. Gegebegan tur teu reureuh lelenyapan. Kuring geus teu bisa ngarampa kaayaan haté kuring harita, asa geus kebek teuing ku kabungah. Bungah anu pacampur jeung geumpeur.
Gelenyu kuring imut deui, bangku nu pinuh ku kalakay téh anteng diteuteup. Asa karasa kénéh haté nu seseblakan jeung nyéakna hawa panas nu ngabeureumkeun pipi basa diuk paduduaan  ngobrol jeung manéhna.
“ Rahma mah alit waé nya, teu pangling-pangling!” pokna.
Ku kuring ukur diwaro ku imut.
Sakapeung mah ukur sora manuk nu récét keur arulin, patingaracleng dina dahan kai. Can ramé taman téh da isuk kénéh. Jadi kalah bingung néangan piomongeun kuring téh, kalah paadu betem saeneng-eneng.
“Kamari ka Sumedang hujan?” ceuk kuring manggihan piomongeun.
“ Ukur murupuy, ari ka Bandung ageung kitu?”
“ Ageung ungal dinten ogé ka Bandung mah!”
Bep deui caricing, enyaan asa teu penting, hujan waé diomongkeun, asa teu kudu sabenerna mah.
“Rahma  hapunten Adit nya!” pokna meupeuskeun kasimpé, laju rumahuh “ Adit lepat!”
“Muhun, nu atos mah wios Dit!” walon kuring.
“Rahma…”
“ Rahma mah teu kunanaon da!” Témpas kuring, laju tungkul ngucel-ngucel tungtung tiung. Bet karasa peurih dina dada, kuring ngabohong deui. Ah, lamun mah biwir bisa balaka. Bisa wakca neumbrakeun rasa nu geus lila ukur dikemba. Meureun salila ieu kuring moal kasiksa.
 Saenggeus rada lila ngobrol ngalér ngidul- bari jeung loba pabetem-betem- Adit téh tuluy wé pamitan, enya rusuh cenah. Tuluy wé kuring gé ka kelas da aya kuliah.
Di kelas nu diburu téh Nineu sobat dalit kuring, tuluy ngabudalkeun rasa nu kebek ku kabungah ka Nineu.
“ Adeuy… Jadi pasti da!” ceuk  Nineu sumanget nanggap kuring cumarita.
“ Moal ngarepkeun tikapungkur gé Rahma mah, inggis peungas harepan ah!” ceuk kuring bari nyiwit goréngan nu keur didahar ku Nineu.
“ Ah Rahma mah kitu waé da, saha nu terang atuh. Boa mah salami ieu téh Adit ogé gaduh rasa nu sami, ekhm..ekhm!”
“Ih naon atuh Nineu mah, tos ah tong dibahas deui!” walon kuring ngembang wéra.
“ Ih itu geura, pipina meni beureum! Adeuh..adeuh!” Nineu beuki pogot ngaheureuyan.
“Éh Pa Rudiana tos kadieu tuh Neu,  sstt ah jempé!” ceuk kuring bari ngaluarkeun pulpén jeung buku catetan, asa dibéré jalan ngeureunkeun Nineu nu maceuh ngaheureuyan.
Kuliah tilu SKS téh asa sakeudeung, enya da kuring mah najan enya gé ngajugrug diuk di kelas, pikiran mah masih manteng ka Adit. Asa masih kénéh diuk di taman. Teu dipaliré dosén nu ngomong dihareupeun kelas mah. Tuluy inget ka omongan Nineu, enya nya boa mah salila ieu gé Adit boga rasa ka kuring. Antukna salila tilu SKS téh kuring mah sibuk ngawawaas cinta nu éndah jeung Adit.
Bérés kuliah kuring tuluy muru ka taman kampus deui. Ngadon ngarengi-rengi harepan. Harepan diparengkeun pasimpay patepung tresna. Saban peuting nu kapicileuk téh ukur Adit. Unggal nampa SMS ti Adit sok teu sirikna ajrag-ajragan. Padahal SMS téh biasa, ukur nanyakeun ‘kumaha damang’, malah sering ogé ukur nanyakeun nomor babaturan SMA baheula. Tapi keur kuring mah SMS kitu téh manglapis-lapis maknana. Cirining asih Adit ka kuring éta téh. Emh, mani asa jadi pangJuliétna  anu dipicinta ku Roméo ukur kitu gé. Bungaaah téh.
Nepi ka hiji poé, saperti biasa kuring muka facebook manéhna. Tétéla aya wanoja nu nulis dina dindingna l love you!’ cenah, dihandapna Adit méré jempol. Kuring ngabigeug, asa ragrag jajantung. Piceurikeun nyelek dina tikoro. Karasa eungap dina dada. Ngadadak leuleus saawak-awak lir dipupul bayu. Facebook wanoja éta ku kuring dibuka, tuluy maca profilna, Nuri ngaranna téh, masih sakola di salasahiji SMA di Cimalaka. Tatu téh asa diawuran ku uyah, basa ningali aya foto Adit keur ngaréndéng jeung wanoja éta. Peurih. Duh Adit, na atuh ari kuring bet ku bodo maké jeung nyimpen harepan ka anjeun. Anjeun mah moal pernah boga rasa nu sarua jeung kuring.
Enya teu ngabibisani kuring gé, geulis Nuri téh. Kulitna nu omyang konéng, awakna nu jangkung lenjang dipasieup ku imutna nu manis.  Ã‰stu nurub cupu jeung Adit anu kasép tur gandang. Sedeng ari kuring, leuh… naon atuh anu kudu dipikaresep ku Adit ti diri kuring. Lebah dieu kuring gé sadar. Kuring jeung Adit mah lir cécéndét mandé kiara. Kuring cécéndét, ari Adit kiara.  ngan naha atuh ieu rasa meni teu daék ngarti .
Panon kuring teu leupas neuteup bangku nu pinuh ku kalakay, lagu ti band D’cinamons nu remen diputer tisaprak diteungteuingan ku Adit, masih ngagalindeng tina head seat nu napel dina ceuli kuring.
Andaikan ku dapat mengungkapkan perasaanku
Hingga membuat kau percaya…
hiliwir angin nebak dadaunan nu geus karonéng, pluk aya kalakay mahoni nu murag dihareupeun kuring. Kalakay téh dicokot tuluy diteuteup, aya kalangkang Adit nu keur imut. Aya nu ngeclak kana kalangkang imut Adit. Leungeun kuring laju pakeupis nyusutan cimata nu beuki angot nyurulung, patingsurungkuy tina sela-sela panon, teu kaampeuh.
Angin beuki tarik ngagelebug ngoyageun tatangkalan. Daun nu karonéng murubut maruragan, bareng jeung muragna buah harepan cinta kuring, nu kamari kungsi tingparentul dina tangkal katresna nu héjo lémbok. Adit  moal pernah boga rasa nu sarua jeung kuring tapi katresna mah masih jiga nu baheula, dipupusti dina rasa kuring sorangan, ukur keur sorangan.


No comments:

Post a Comment