Fitria Puji Lestari
Munggaran
nganjrek di tatar Pasundan, balik ti leuweung téh, Bapa kuring anu sélérna
Jawa, meni angkaribung ku dangdaunan, kayaning daun kirinyuh, daun jarong, daun
meces jsb. Pajarkeun téh, gampang boga pamajikan urang Sunda mah, daharna gé
cukup ku dipangalakeun dangdaunan. Kalakuan Bapa anu mawaan runtah ka imah téh,
teu antaparah deui jadi bahan seuseurian mitohana. Enya tuda jiga nu kurang
pagawéan waé, bet ngalaan dangdaunan runtah. Najan enya gé urang Sunda resep
kana dangdaunan tapi teu sakabéh dangdaunan bisa jadi kadaharan. Samodél daun
kirinyuh jeung daun jarong, kapan éta mah teu bisa didahar. Kitu ogé daun
meces, nu ngan saukur bisa jadi parab domba jeung dijadikeun paranti meuyeum
cau.
Masih
ngelemeng ogé dina sawangan, basa keur leutik, lamun nyoélkeun daun antanan
atawa nyalingit kana sambel téh Bapa kuring ogé sok rada ngambek ka Indung.
Pajarkeun téh, budak téh ulah diajarkeun ngadaharan runtah. Ceuk Bapa kuring
mah, garila ningali urang Sunda mah da daharna garawagan, jukut jeung dangdaunan
gé tangka didaharan atah-atah.
Bapa
garila ningali dahar urang Sunda, sarua wé indung kuring gé gila ningali
kadaharan urang Jawa. Mimiti dibawa ka Jawa, cenah indung kuring nepi ka meunang dua poé mah teu reureuh
gegebegan tur lelenyapan ku sabab ningali hileud nu kurumuy ku lebu, nyurungkuy
tina hawu. Horéng, éta téh hileud
mahoni anu keur dibubuy. Kuring ogé, najan aya getih ti Jawa tapi da lila hirup di tatar Sunda, nu
matak teu biasa ku kahirupan jeung budaya Jawa téh. Kuring ngabirigidig basa
apal, yén anu dipais make bungkus daun jati sarta dibumbuan ku parud kalapa téh
tétéla hileud tangkal jati. Sambel kambil
cenah ngaranna téh. Hih, untung wé can diasaan cekéng téh. Ceuk Mbah Kakung
–sebutan ka Aki di Jawa- harga hileud daun jati téh mahal. Ceuk haté téh, karep teuing ah rék mahal
atawa murah gé, da boro-boro hayang
ngadahar tuda, bet ngadéngé kecap hileudna gé, meni geus muringkak bulu punduk.
Pangsieun-sieunna tuda ku hileud téh.
Numutkeun
tiori, Budaya nu dihasilkeun ku manusa téh patali jeung kaayaan alamna. Di
lembur Bapa kuring, nya éta Kec. Wonosari Kab. Gunung Kidul leuweungna ukur
pinuh ku tangkal jati, loba batu, jeung tanehna rada ngahgar atuh budaya
kadaharanana ogé teu pati ngalobakeun tutuwuhan. Anapon di tatar Sunda, kapan kaayaan alamna éstuning
héjo lémbok; subur ku tutuwuhan sarta beunghar ku pepelakan, teu jadi hélok
saupama budaya kadaharanana ogé loba ngamangpaatkeun tina tutuwuhan.
Tina data anu aya mah, tutuwuhan anu dijadikeun
lalab ku urang Sunda téh aya kana 200 rupana. Rasana rupa-rupa, ti
mimiti nu rasana pait saperti pariya, takokak, leunca jeung daun gedang, nepi
ka nu rasana semu-semu amis, saperti daun katuk jeung daun ki amis.
Najan rasana
pait, kesed saperti daun pucuk buah jeung bauna teu ngeunah samodel jéngkol jeung peuteuy tapi da ari geus dicoélkeun
kana sambel bari sanguna haneut kénéh mah, ni’mat wé nu aya. kabeneran lalab
karesep kuring gé rasana pait. Kuring resep pisan kana leunca, sok ni’mat téh
lamun dahar bari nyetrok leunca dicoélkeun kana sambel tarasi.
Nu paling ni’mat mah leunca téh dikarédok.
Leuncana di réndos bareng jeung sambelna, anapon sambelna mah tetep sambel
tarasi, tong poho sambelna kudu maké bawang bodas, cikur jeung gula beureum
saeutik. Rasana moal ngabohong lah; campuran pait jeung lada, ditambahan ku
seungit cikur mangrupa campuran rasa anu cocok, ma enyos ceuk basa alayna
mah. Leuwih lengkepna deui, karédok téh dibaturan ku beuleum asin japuh nu
pungkil. Keur dibeuleum kénéh dina hawu gé, seungit asin nu melenghirna nepi ka
imah tatangga téh meni sok matak uruy. Leuh, dahar téh teu sirikna tara bisa eureun, hantem wé sangu
dina boboko téh dikedukan bari seuseuhah. Saratus persen ni’mat pokona mah.
Bapa
kuring mah, sok ningalikeun wé bari
bibirigidigan ari kuring jeung indung geus seuseuhah ngalémétan karédok leunca
dina coét téh. Sumawonna lamun indung geus nguah sangu kana coétna mah. Kalakuan
nu hiji ieu mah tara diturutan, da ku indung sok dicarékan, pajarkeun téh
pamali bisi meunangkeun salaki Aki-aki. Ah wallohu
alam éta mah ketang. Kuring mah sakadar nurutkeun panyarék indung wé. Tapi
kadang sok kapikiran ogé, naha enya kitu parawan anu kawin ka duda kolot téh
gara-gara baheulana sok resep nguah coét? Ari cinta mah teu masalah meureun nya
kawin ka duda kolot gé, kapan ceuk paribasa ge cinta mah tak pandang usia!
Kaayeunakeun,
ku sabab geus kurang leuwih 20 taun hirup kumbuh di tatar sunda Bapa ogé geus
mimiti rada resep kana lalab. Lamun kulub daun sampeu jeung lalab-lalab anu
diasakan mah Bapa gé sok milu ponyo ngadahar, tapi ari anu atah-atah mah tara.
Angger wé pamikiranna mah, nu didahar atah-atah saperti karédok leunca mah teu
kaharti ku akal cenah, da nu pantes dilalab atah-atah mah ukur kacang panjang
jeung engkol.
Ah, Bapa mah kitu waé da pamikiranna
téh, padahal dumasar panalungtikan panyakit-panyakit nu populér kiwari kayaning
darah tinggi, diabétés, kanker, atawa parkinson téh bisa disingkahan ku cara réa
ngadahar tutuwuhan bari jeung teu dipasak heula, ku sabab lalab téh kadaharan
anu ngandung serat. Lamun sering didahar, bakal nurunkeun kandungan koléstrol
dina getih, kapan réa teuing koléstrol téh
tumali jeung panyakit darah tinggi, jantung jrrd.
Pon kitu deui dina leunca,
sok sanajan karédok leunca téh kadaharan kampung nu dianggap teu berkelas, tapi
ngandung gizi anu gedé sarta bisa nyegah kana panyakit kanker. Ceuk élmu
biologi, dina leunca téh ngandung senyawa solasonine,
solasodine jeung solamergine, nya
éta senyawa anu bisa ngahambat tumuwuhna sél-sél kanker anu jahat, saperti
kanker payudara, léhér rahim, jeung lambung.
Tuh, tétéla geuning
kadaharan séhat téh teu kudu mahal. Kadaharan urang kampung samodél karédok leunca
gé teu burung gedé gizina. Samalah, can tangtu hayoh kadaharan anu ku urang
dianggap momoderenan téh bisa nyéhatkeun. Justru anu ngabalukarkeun panyakit-panyakit nu piksieuneun kayaning
kanker, diabétes jrrd téh gara-gara loba ngadaharan nu kararitu. Hih, sieun!
Asa kacida atuh nya, kudu nandonkeun kaséhatan jeung nyawa demi mélaan gagayaan
jeung momoderenan mah.
Sae...
ReplyDelete