Sadar kuring gé, teu salah manéhna mah. Teu pantes mun kuring ceuceub, ijid jeung rujit ka manéhna té Rék kukumaha ogé da puguh éta téh adi kuring, kuring jeung manéhna téh sagetih sanajan rupa jeung dedegan béda ogé, da najan sabapa gé lahir mah ti indung nu béda. Heueuh éta meureun nu matak kuring ngéwa ka manéhna téh, pédah beungeutna nyurup jeung beungeut awéwé pikasebeleun, randa ateul, tukang ngarusak rumah tangga batur. Da lamun ningali beungeut adi kuring téh sok nyel waé sebel, sok aral, hayang ngabalédog beungeutna lamun teu nahan napsu mah. Inget indungna nu geus nyiksa hate indung kuring, nepi ka teu sirikna gering nangtung ngalanglayung, tunggara teu manggih tungtung. Teuing kunaon deuih Bapa kuring téh bet kabéngbat ku awéwé kitu patut, nepi ka téga ngageurihan hate indung kuring anu teu weléh satia, satuhu, béla jeung nyaah ka manéhna. Indung kuring diwayuh susulumputan ku Bapa, teungteuingeu Bapa kuring téh, téga nambélarkeun anak jeung pamajikan demi awéwé lian.
Sakapeung sok teu ngarti ka pipikiran indung kuring, bageur teuing indung kuring téh, ah teuing bageur, teuing bodo aning, da bodo jeung bageur téh teu jauh bédana. Sok mangkeuheulkeun kuring mah ka sikepna téh, pasrah pisan, babari ngahampura. Éta kamari basa maruna gering, indung kuring nu ngawulaan nepi ka maotna, lain ngalongok deui, ‘ngawulaan’ ieu mah. Ayeuna geus paéh sugan téh rék anggeus, kalah rék ngurus budakna, karunya pajarkeun téh, euweuh nu ngurus, da Ninina geus kolot. Ah lieur, ongkoh nyeri haté, malah nepi ka teu sirikna garing pan éta cipanon téh, ungal peuting teu weléh ceurik waé, nepi ka kuru awak ogé. Heueuh da kuring gé ngarasakeun tuda kana kanyerina mah. Matak teu ngarti kuring mah ku kaputusan manéhna ayeuna teh, bet kalah rék ngurus budak maruna.
“ Geura bérésan kamar téh Yah, ésérkeun lomarina ka belah kulon méh asup lomari dua, keur wadah baju si Irma.” Ceuk Indung kuring muka paguneman basa keur ngariung mumuluk.
Sinduk nu geus dicekeul keur nyiuk sayur, diragrageun deui, rey hawa panas ngahéab, nyéak saawak-awak, ngumpul, nyedek dina sirah “ Saha nu daék sakamar jeung manéhna? Embung Riyah mah, teu hayang teuing, baid aing mah!”
“ Nya enggeus rék jeung saha atuh Yah, piraku rék jeung si Aa da itu mah lalaki, enggeus atuh tong katutuluyan ngéwa téh, barina gé budakna mah teu salah teu dosa, ulah jadi paneumbleuhan,” walon indung kuring.
“ Sarua wé da anakna lah, pokona Riyah mah embung sakamar jeung budak éta!”
“ Nya atuh rék dimana kamarna?”
“Karep teuing, teu ngurus, pan aya atuh tah goah, tara dipaké ieuh lain ayeuna mah, lain sina didinya wé atuh, tama henteu di kamar mandi teuing saréna, da pantesna gé budak éta mah saré di WC!”
“Riyah, sing bener ngomong téh, na teu boga rasrasan teuing, nitah jalema saré di WC!” Indung kuring ngambek, Bapa kuring mah ngajengjen, teu lemék, bingungeun badéna teh, da meureun saeutikna mah ngamafhum kana kakeuheul kuring ka manéhna jeung ka awéwé kaduana téh.
“ Ah teu hayang apal Riyah mah, pokona kamar Riyah tong dipaké ku budak éta, sanajan Riyah keur euweuh ogé,” ceuk kuring bari cengkat tina méja makan, teu jadi mumulukna gé, sok leungit pilapareun ari geus ngomongkeun nu pakait jeung randa ateul téh.
Geus sabulan leuwih kajadian éta téh, teuing kumaha jadina, kusabab isukna saenggeus kuring paséa jeung indung kuring gara-gara kamar téh, tuluy indit ka Jakarta, da kudu kuliah jam tujuh. Tara ditanyakeun deuih lamun pareng nelepon indung kuring gé, sok teu purun ngabahas nu kitu téh, horéam nyiar-nyiar pinapsueun.
Isukan liburan semester, rencana téh rék balik ka lembur, geus lila kuring téh teu balik, sibuk ku urusan kuliah jeung organisasi. Geus sono kanu jadi indung, mudah-mudahan indung kuring téh teu mikeun kamar kuring ka budak éta, komo lamun indung kuring sadar, teu jadi ngurus budak éta, emh..tada teuing ngemplongna meureun ieu haté.
***
Barang jol datang ka imah, kuring tuluy nangkeup indung kuring, ngabudalkeun rasa kasono. Rasa capé bati diuk mangjam-jam dina mobil ujug-ujug leungit.
“ Duh Yah meni teu béja-béja rék ka lembur téh, heug wé mamah teu sasadiaan, can masak-masak acan,”
“ Keun waé atuh mah ku Riyah masak mah, puguh ngahaja teu ngasms heula gé méh mamah teu riweuh,” walon kuring.
Indung kuring ukur seuri mesem, tuluy ngusapan sirah kuring bangun ku nyaah.
“Ah mah Riyah ka warung heula atuh nya, urang masak!”
“ Ku Irma wé atuh Téh ka Warungna, bilih capé kénéh,” adi kuring ujug-ujug geus aya dihareupeun, nyel waé kuring jadi sebel, kabungah panggih jeung kolot téh kalah robah jadi kaambeuk.
“ Keun waé, entong!´ceuk kuring pondok, ngajawabna semu judes bari tuluy ngaléos ka warung. Ah.. si mamah jadi ogé ngurus budak éta, enyaan anéh Indung kuring mah.
***
Geus dua poé kuring di imah, salila éta kuring masih kénéh judes ka adi kuring, mun manéhna nanya gé tara di jawab. Bageur sabenerna mah budak téh, kakara kelas tilu SD tapi geus hideng, daék barang gawé, hampang birit, buruan gé meni lalening, da sok disapuan ku manéhna ungal poé saméméh indit ka sakola, tapi anger wé kuring mah masih geuleuh, masih teu sudi kudu sakamar jeung manéhna. Adi kuring saré di goah, tapi goah ogé bararesih tur rapih deuih ayeuna mah, teu jiga urut goah kamar téh. Pédah sok diurus jeung geus di ropéa ku adi kuring meureun.
Geus soré, tapi budak téh can balik kénéh ti sakolana, sieuneun meureun, pédah basa peuting ku kuring geus dicarékan gara-gara ngadahar coklat kuring nu disimpen dina kulkas. Kabayang kénéh beungeutna basa dicarékan téh, meni pikarunyaeun, beungeut nu rumasa salah, dina panonna katingali geus ngeyembeng cimata.
“Da manawi téh, sanés nu tétéh!” pokna bari teu sirikna ti tungkul-tungkul waé, basa ku kuring dicarékan téh.
“Matakna tatanya heula atuh, sok sangeunahna!” témbal kuring tipoporongos.
“Muhun téh, punten,”
“Hayang jajan mah ménta ka Bapa manéh!” ceuk kuring bari ngaléos, ninggalkeun manéhna nu masih kénéh tungkul bari ngucel-ngucel tungtung bajuna.
Isukna basa sasalaman rék indit sakola, budak téh ménta hampura deui, cenah hayang ngagentian tapi sieun meuntasna, da coklat kitu mah ukur aya di mini market nu aya di peuntaseun sakolana, ku kuring teu dipaliré. Dipikir-pikir mah asa telenges kuring téh, aéh.. naha jadi asa hanjakal kieu? Kuring nutupan sirah kuring ku bantal, hayang mopohokeun kajadian peuting, tapi beungeutna nu rumasa salah, sorana nu semu dareuda, jeung matana nu ngeyembeng cimata beuki katempo dina kongkolak mata, teu beunang disisieuh tina pikiran, kuring asa beuki salah, asa jadi jalema pangtelengesna nu teu boga haté.
“ Riyah…!!” Indung kuring ngagorowok, satuluyna panto kamar digegedor, kuring reuwas tuluy mukakeun panto.
Breh, kasampak indung kuring rawah-riwih bari hariweusweus cumarita, cenah si Irma kacilakaan katabrak mobil basa keur meuntas. Asa di béntar gelap tengah poé, kerewek kana konci motor, tuluy muru ka rumah sakit, sajajalan indung kuring nginghak ceurik, di sela-sela ceurikna teu weléh nyebut ngaran Irma, pajarkeun téh geus kagok nyaah ka si Irma, geus asa budak sorangan. Ngajalankeun motor asa teu puguh, ngabelesat kecepatan tinggi, rasa kaduhung beuki karasa nurihan ati, dina dada karasa eungap, aya nu haneut mapay pipi, ngalémbéréh tina juru panon.
***
Budak téh ngalempréh, sirahna di buntel ku perban, badéna téh tadina mah baloboran getih, teu karasa, cimata ujug-ujug geus laluncatan tina juru panon, murubut teu kaampeuh, budak téh digabrug, digalentoran. kahayang mah cumarita ménta hampura, tapi teu kebat, piomongeun téh ukur nyangsang dina hate, nyelek dina dada, kalah tuluy wé ngahinghing.
“Téteh, coklat téh teu kénging, da teu tiasa meuntas ka mini marketna,” ceuk adi kuring humaréwos.
Ceurik kuring beuki tarik, kanyaah nu jadi adi nembus kana rasa, teu pira coklat atuh, meni nepi ka luluasan meuntas sorangan. Boga adi téh, bela pisan ka nu jadi lanceuk, padahal kalakuan kuring ka manehna mah, emh..jauh pisan, boro-boro boga rasa nu sarua, anggur mah patukang tonggong pisan.
Rasa ceuceub nyingray peuray, kuring léah ku haténa nu wening bersih, kuring nyaah, deudeuh ka menéhna, ka adi kuring nu haténa lir kaén bodas nu teu kungsi kakécrétan beureum hideungna kokotor, dina haténa ukur aya welas asih ka nu jadi dulur.
Pangumbaraan, Oktober 2011
No comments:
Post a Comment